31 Maret 2011

Hitut

BAB I: PENDAHULUAN

Saumur hirup kuring can manggihan aya jelema mènta hampura kana calana sorangan. Sok wè pikir, sabaraha kali urang kabèh hitut makè calana, boh di warteg, di mobil atawa luhureun kasur; pèdah we teu bèja-bèja. Lamun di bèja-bèja gè cenah moal abus tivi, moal ujug-ujug beunghar. Logis ogè sih, tapi rada sinis.
Bèda deui jeung si Abud, sobat kuring baheula di SD. Keur diajar ogè manèhna mah sok bèbèja lamun hitut tèh ka guruna. Sok ngacung. Barudak di kelasna sok langsung nyurakan. Guru Pepekaen ngambek bari ngagebrag mèja lantaran ngarasa ngajarna kaganggu. Jep barudak jempè kawas gaang katincak.
“Naha manèh sok hitut di kelas?” guruna nanya bari kekerot.
“Ah, Pak, barudak gè sok hitut. Pèdah wè tara ngacung, tara bèbèja. Lumrah wè atuh hitut mah, Pak, da teu ngarusak lapisan ozon, teu nambah pemanasan global. Lamun…”
“Tapi ngarusak stabilitas sosial!” guruna motong omongan bari ngagebrag mèja deui. Si Mae nu diuk hareupeun si Abud ceurik bakating ku reuwas. Si Somad kiih sauetik bakating ku soak.
“Ah, Pak Guru gè ngarusak sakitar, èta wè sok ngaroko nuju ngajar.” Si Abud nèmbal sangeunahna, lèbèr wawanèn, wanian pisan èta jalu. Puguh wè guruna kasinggung, asa disapirakeun ku budak satepak. Antukna mah si Abud disetrap nangtung ku hiji suku di hareup kelas, nepi ka jam balik. Ti harita, si Abud di landian “si Raja Hitut” ku barudak di kelas. Manèhna mah sok nyengir ngadèngèna. Katelah kitu tèh lain pèdah hitut hungkul, pangpangna mah bèbèja waè saban rèngsè hitut. Saliwat mah asa agul ku hitut. Tapi sok sanajan ayeuna geus gedè, si Abud masih kènèh dipoyok “si Raja Hitut” ku kabèh babaturanna di lembur.

BAB II: PEMBAHASAN

Bèda ayeuna mah geus gedè, caritana geus jadi mahasiswa, si Abud sok rada baeud lamun dipoyok si Raja Hitut. Tapi ari polos sok bèbèja hitut mah masih kènèh nepi ayeuna ogè. Ceuk indungna mah, lamun pareng dipoyok kitu, di imah si Abud sok teu nafsu dahar. Tapi sok mènta duit gedè. Si Abud sok baeud lila, keuheul cenah ka barudak sok moyok waè.
Tapi kuring sok langsung ngupahan lamun pareng si Abud dipoyok barudak. Kuring sok nyarita yèn kuring gè sok dipoyok “si jomblo” ku barudak. Tapi kuring mah tara ngambek, sok sabar, sok ngahibur diri. Kuring mah jomblo gè jomblo profetik. Kuring mah hideung gè hideung nasionalismeu, hideung transendental. Ngadèngè kitu tèh si Abud sok bungah. Ngarasa aya batur meureun.
“Hitut kuring mah ngèngkrèng. Tapi tibaheula ogè tara bau.” Ceuk si Abud hiji poè. Kuring jadi inget ka omongan almarhum aki, yèn hitut stèrèo mah sok tara bau, bèda jeung hitut laon, biasana sok hangit, sok bau tungir zebra.
Loba ogè babaturan hitutna laon, tapi tara ngaku, kalahka hèhèotan nyumputkeun hitut dinu caang. Ku buraongnamah sok teu daèk tanggung jawab lamun ditanya saha nu hitut. Kalahka silih tuduh. Kuring pernah manggihan aya jelema garelut lantaran aya nu hitut keur darahar liwet. Pas ditanya saha nu hitut, hiji pamuda ngacung. Sabenerna mah masalah geus bèrès, ngan èta pamuda kalahka nyarita pangalamanna nempo jelema hitut dina cangkir. Puguh wè nu darahar kabèh eureun. Pasèa wè jadina. Padahal da sangu teu ujug-ujug ngilu bau.
Sok anèh nya jelema mah, cuman lantaran hitut, bisa garelut. Padahal hitut mah lain tindak pidana, moal abus naraka deuih. Beda deui lamun hitutna pajabat nu keur koropsi, pasti abus naraka, lantaran loba nyangsarakeun rahayat ku koropsina. Aneh ogè mun nempo aya masyarakat èra ngadèngè hitut di tempat umum. Padahal nu kudu dipikaèra mah kalakuan maranèhna nu jorok miceun sampah sambarangan.
Kuring gè lamun pareng dipasamoan sok tara daèk nahan hitut. Kapok. Pernah kuring hiji waktu lila nahan hitut pas upacara bendèra, nepika ngucur cai tinu irung. Untung lain geutih ogè; untung tinu ceuli teu kaluar haseup ogè. Ah, ayeuna mah beledag-beledag wè. Tapi kuring mah teu kawas si Abud nu teu welèh bèbèja tur hitutna ngajelengèng. Hitut kuring mah wijaksana; disebut bau teuing heunteu, disebut teu bau heunteu; hitut stèrèo heunteu, hitut èpès mèèr heunteu. Pokonamah meujeuhna keur dikonsumsi publik mah. Hiliwirna teu subversif!
Tapi kuring keur SMA pernah sabulan mumul ka masigit lantaran èra ku katua DKM. Soalna kuring kalepasan hitut nyegruk keur solat. Tapi kuring nuluykeun solat nepika rèngsèna. Ustad Mahmud nu nyaksian kajadian èta nyarèkan kuring ku fiqih. Naha nya kudu wudu deui lamun hitut pareng solat? Naha ogè bet beungeut nu dikumbah, padahal bujur nu nyieun ulah. Jadi naon hubunganna bujur jeung beungeut? Naha, dulur, hitut bisa ngabatalkeun wudu? Jiga paantel kulit jeung awèwè waè. Jigana aya hubungannana awèwè jeung hitut.
Kuring baheula pernah ngalaman hitut hareupeun awèwè. Èra pisan karasana. Tapi kuring baheula can ngarti naha bet èra, padahal èta awèwè lain kabogoh. Tapi lamun jujur mah kuring embung hitut hareupeun awèwè mah. Kuring leuwih milih ngabodor teu dikeprokan tibatan kapanggih hitut ku awèwè mah.

BAB III: HIRUP NGARASA TIISEUN

Ayeuna mah urang nyarita nu lian, mudah-mudahan teu balik deui ka carita nu aya pakuat-pakaitna jeung hitut. Geus sabulan leuwih si Abud jeung Neng Mia bobogohan. Antukna mah ayeuna kuring jadi leumpang sorangan balik kuliah tèh. Si Abud beuki lèngkèt pisan ka Neng Mia. Jiganamah “tiada hari tanpa Mia”, atawa “hidup tanpa Mia bagai kopi hitam terinjak Sodikin.”
Tapi kuring teu tiiseun teuing, da masih aya radio warisan almarhum aki kuring. Tibeurang nepi ka peuting radio digeder. Lamun kabeneran bèak batu batrèna, kuring sok nginjeum batu batrè jam dinding di masigit. Lamun geus bèak pisan, cenah batrè kudu di poè atawa di pèkprèk makè batu bata. Bèjanamah sok tokcèr. Tapi èta ogè ngan kapakè sakeudeung. Antuknamah di poè deui handapeun gantar.
Tapi kuring strès nempo batu batrè nu di poè dipodolan hayam. Tapi giliran dicoba, radio hurung ngagateng sapoè-sapeuting. Kuring jadi bisa ngadèngè wayang golèk nepika subuh. Baè bau tai kotok saeutik mah, asal tong tai kotok wè nu bau batrè. Tapi èmang kudu aya penelitian ti ilmuwan di Indonesia kunaon sababna tai kotok bisa ningkatkeun ènèrgi batu batrè. Ari nanya tai kotok dileubuan mah geus ka jawab ku Aki Asmi ogè, teu perlu diteliti deui, lin?
Tisaprak hulang-huleng sorangan, kuring jadi ngarasa bosen hirup, asa teu boga batur. Rèk bunuh diri, teu wani. Rèk nèangan kabogoh, hambur biaya. Soalna kuring mah geus yakin, duit bakal bèak tapi awèwè tetep nampik. Maenya kudu bogoh ka indung mah jiga Sangkuriang atawa Oedypus? Saumur hirup kuring masih lèlèngohan. Ras jadi inget boga langlayangan dina para. Teu mikir panjang deui, kuring ngejat mawa kenur jeung langlayangan. Kuring lumpat ka kulon, rèk ngapungkeun langlayangan. Meungpeung angin gedè. Karèk gè dua mèter langlayangan ngapung, kurunyung tèh Ki Apud. Solongkrong ngajak sasalaman. Tapi teu kungsi lila murang-maring ka kuring, pajar tèh tong langlayangan, sing èra ku umur.
Langlayangan dipaksa titah diturunkeun. Langlayangan disoek-soèk, ditincak-tincak. Geus kitu mah ki Apud lumpat ka imahna. Di palupuh imahna nungguan nini Apud bari ajrag-ajragan ngeprokan Ki Apud. Sabelas-duabelas eta nini jeung aki teh. Bedegong. Kungsi oge baheula kuring dikerem di imahna, bari si nini maksa kudu ngajawab naon bedana palid ku “p” jeung valid ku “v”. Kuring harita teu bisa ngajawab.
Ayeuna giliran si aki nu harèèng, teu puguh-puguh kalahka ngarujadkeun langlayangan kuring. Kuring beuki strèss. Kuring ngarasa sirah hareurin ku masalah. Can gè bèrès strès, kuring narima gosip ti Nini Memeh yèn si Abud jeung Nèng Mia putus. Geubeug tèh kuring olohok. Can ogè dua bulan geus putus deui. Kuring gura-giru muru si Abud.

BAB IV: PEGAT DURIAT

“Bud, bèjana manèh pegat jeung Neng Mia?” kuring nanya bari ungsrak-ingsreuk. Si Abud ngabalieur.
“Bud, naha bet putus sagala?” kuring terus ngadesek.
“No comment.” Ceuk si Abud teugeug bari buru-buru ngingkig. Beu, jiga sèlèbriti waè si èta ngomong kitu ka kuring. Ngarasa di udag-udag waè ku kuring, si Abud mawa merecon urut lebaran.
“Manèh hayang paèh diancurkeun?” si Abud ngancam bari ngacungkeun merecon jeung korek api, “geus balik tong ngaganggu kuring! Kuring hayang sorangan!” si Abud katempona strès pisan. Batan mercon disundut, kuring balik ngèlèhan. Tapi kuring panasaran kunaon si Abud jeung Neng Mia putus. Jiga wartawan, kuring terus muru informasi. Sugan wè si Onah, adi Neng Mia, bisa mèrè info.
“Why, Onah? Naha lanceuk Onah putus jeung si Abud?”
“Muhun, Kang, saurnamah tètèh tos teu bogoheun deui.” ceuk Onah. Ceuk carita Onah mah, tilu poè katukang si Abud nganteur Onah jeung Neng Mia ka ulang tahun babaturan Neng Mia. Karèk ogè babaturanna manyun rèk niup lilin, si Abud hitut tarik pisan. Puguh wè barudak ngaburiak. Bejana mah hayam diburuan oge ngilu barirat. Acara jadi paburantak. Neng Mia èraeun ku barudak sakelasna sok dipoyok boga kabogoh tukang hitut. Neng Mia jadi èra bareng jeung si Abud. Teu kungsi heuleut saminggu, Neng Mia mutuskeun si Abud. Kuring sedih ngadèngè caritana. Watir si Abud, lantaran hitut jadi putus jeung Neng Mia. Batur mah putus tèh lantaran teu disatujuan ku kolotna, atawa selingkuh, ieu mah putus lantaran hitut. Geuning ayeuna mah horeng hitut gè geus jadi sumber disintegrasi.

BAB V: DÈPRÈSI

Si Abud sobat kuring. Jadi kuring moal nganteup manèhna sedih sorangan. Kuring tibarèto sagulung-sagalang jeung manehna. Tikamari kuring teu nempo si Abud ngaliwat kuliah. Bisana mah sok nyampeur. Kuring datang ka imahna, indungna ceurik. Bèjana mah si Abud geus teu daèk dahar, teu daèk mandi jeung teu daèk adan di masigit deui. Pagaweanna ngègèlan suku korsi. Pagawèanna tèh murang-maring di kamar. Malahan indungna gè geus teu bisa asup ka kamar si Abud, sok dikonci. Katempo ku kuring dina panto kamarna aya tulisan: YANG TIDAK BERKEPENTINGAN DILARANG MASUK. Tapi kuring boga kapentingan ka manèhna. Kuring ngawani-wani keketrok panto. Lila teu dibuka. Ngadèngè sora kuring, panto dibuka. Kuring sedih nempona. Beungeutna culeuheu. Buuk galing pajeujeut. Gering kabengbat ku awèwè.
Bus kuring ka kamarna. Kamar lir ibarat gudang barang, acakadut teu kaurus. Dina tembok deukeut jandela, aya tulisan make spidol: HATIKU YANG BEKU. Dina kantongna ogè aya tulisan: DIRIKU YANG LÈNGOH. Kuring terus ngupahan jeung mapagahan manehna, sangkan bisa dahar jeung mandi deui. Sangkan daèk kuliah jeung adan di masigit deui. Sangkan bisa nalian anak hayam tatangga deui.
Kuring ngarasa hatè si Abud buyatak pisan diputuskeun ku Neng Mia, geus level digembrong laleur. Geus hanyir. Si Abud dèprèsi. Pagaweanna nanggeuy gado. Manèhna pernah ngomong boga niat rèk bunuh diri. Tapi ku kuring dipapatahan bèbèakan malahan makè reperen filsafat jeung tasawuf plus hadist jeung buku La Tahzan. Teu kagok kuring mere buku-buku fiksi tamba stress ka si Abud, ti mimiti buku Edgar Allan Poe, Agatha Cristie, Ellerly Queen nepika buku Fredy S. Teu poho kuring ngabelaan nyiar buku kumpulan carita Jose Saramago, Nadine Gordimer, Gabriel Garcia Marquez, Hemingway, Tagore nepika Puisi Gibran. Tapi wayahna, Bud, kuring ngan saukur mere judul keneh.
Terus manèhna cenah boga niat rèk abus gèng motor waè mèh kabangbrangkeun. Tapi ku kuring dicaram. Alesan kuring mah, kahiji si Abud teu boga motor, kadua si Abud teu bisaeun naèk motor, katilu sawah haji Komar digaley munding geuring. Kuring mah leuwih satuju si Abud ngilu gèng DAMRI, soalna jauh-deukeut ongkosna murah.
“Lamun hirup peurih kieu waè mah, kuring mending milih jadi suung waè…” ceuk si Abud rada pesimis. Tapi kuring terus ngupahan si Abud. Kuring ngajak manèhna ulin ka dago, ulin ka unpad Jatinangor poè minggu isuk-isuk. Mèh teu èra teuing ulin teu jajan mah, kuring duaan ngahaja udunan meuli kolor. Kuring ngajak manèhna maènbal jeung barudak. Teu lila tidinya, si Abud geus teu katempo sedih deui. Manèhna geus bisa seuri. Manèhna geus daèk dahar jeung mandi deui, geus daèk kuliah jeung adan deui. Kuring atoh nempona. Sakapeung manèhna sok masih murang-maring kènèh. Eta gè lamun nempo jèngkol, cenah sok inget ka Neng Mia. Si Abud ngomong masih bogoh kènèh ka Neng Mia. Manèhna rèk terus ngudag Neng Mia sangkan daèk deui narima cintana.

BAB VI: HIDUP MIA! HIDUP PERSIB!

“Kuring mah cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang bèas! Puah!” si Abud meni sumanget ku rasa bogohna. Ku sumanget-sumangetna, si Abud nulisan tembok kelas ku spidol beureum: HIDUP MIA! HIDUP PERSIB! Malahan opat poe deui boga niat rèk megat Neng Mia di sakolana, rèk nyatakeun deui. Si Abud ngabèlaan meuli bonèka Doraemon keur engkè mèrè ka Neng Mia. Sakalian wè atuh jeung baling-baling bambuna, terus teundeun dina sirah pak lurah. Tapi kuring bungah si Abud teu laèr sumanget deui. Optimis.
Singgetna, si Abud megat, Neng Mia lumpat. Duanana pada-pada keukeuh. Si Abud keukeuh bogoh, Neng Mia keukeuh embung. Tapi kuring bungah nempo babaturan teu èlèhan jiga si Abud. Manèhna terus ngudag hatè Neng Mia. Tapi saprak aya kajadian kasar ti Neng Mia ka si Abud, kuring jadi narik dukungan. Malahan kungsi kajadian, Neng Mia rudet ngarasa dipegat jeung diudag waè ku si Abud, manehna gogorowokan mènta tulung. Antukna mah si Abud dikoroyok tukang ojèg. Untung kuring jeung babaturan masih bisa kènèh nulungan. Geus tèga pisan Neng Mia ka babaturan kuring. Lain èta hungkul kajadian peurih tèh. Si Abud kungsi diciduhan ku Neng Mia bakating ijid pisan. Kuring jadi cua ka Neng Mia. Hayangna mah ngulub sirah Neng Mia. Tapi anèhna tèh si Abud tara malik ngambek ka Neng Mia. Manèhna mah sok malah seuri. Jigana lantaran bogoh nu gedè pisan ka Neng Mia. Lamun kuring mah leuwih milih marmot tatangga katerap bronhitis batan diciduhan ku awèwè mah, batan dihina terus ku awèwè mah.
Geus teu kuat nempo babaturan dihina waè ku awèwè, kuring ngawani-wani nyarèkan si Abud sangkan eureun ngudag Neng Mia. Nasib geus jadi bubur, Bud. Ayeuna mah pohokeun wè awèwè haramjadol kitu mah. DUNIA TIDAK SELEBAR CELANA DALAM. Tapi si Abud keukeuh lieur ku Neng Mia. Manèhna janji rèk terus ngetrok hatè Neng Mia sangkan daèk narima deui. Kuring gogodeg bakating ku hèran. Gening aya ogè jelema kawas kieu, Gusti…

BAB VII: MANGKAT KA JAKARTA

Geus dua peuting ieu kuring terus mikiran lalampahan si Abud. Tapi pikiran kuring pajeulit jeung omongan lanceuk kuring peuting kamari nu nitah kuring cuti heula kuliah. Kuring dititah gawè di Jakarta, jadi buruh ngetik di kantor babaturan lanceuk. Sabenerna mah kuring embung ninggalkeun lembur, tapi cenah gajina gedè. Èta oge cenah ngaganti pagawèan Cep Boby nu keur geuring katabrak setum. Ceuk beja mah Cep Boby sukuna potong jeung sirahna rengat. Jigana pililaeun geuringna. Kabeneran kuring boga kabisa ngetik. Baè ngetik ku dua curuk gè, asal gancang jeung rancagè cenah. Dua poè geus bèrès ngurus sagala rupa, kuring isukna mangkat ka Jakarta. Si Abud bangun nalangsa nempo kuring mangkat. Tapi kuring sakeudeung ngahibur manehna. Kuring janji rek mawa duit loba ti Jakarta. Si Abud nyuuh ka Kuring ulah ninggalkeun manehna.
“Kuring euweuh batur ngobrol. Kuring euweuh batur curhat. Indung kuring mah teu ngartieun diajak ngobrol sual hiburan kontemporer mah.” Pokna semu ngaheulas.
“Bud, kuring mah sakeudeung. Kuring rèk ngudag duit heula. Geus loba duit mah urang duaan jaga bakal bagja. Salila kuring euweuh mah, ngobrol wè jeung calana.” Cekèng tèh ngaheureuyan.
Lima jam kuring nepi ogè ka Jakarta. Kakara ayeuna kuring incah jauh ti lembur. Hareudang geuning Jakarta tèh, teu kawas di lembur nu tiis ceuli hèrang panon kènèh. Kuring kudu bisa jaga diri cicing di lembur batur. Tong culangeung, tapi tong èlèhan. Sanajan di lembur batur, henteu ganti pileumpangan. Ieu mah itung-itung pangalaman wè, tong jiga Ki Duyeh, ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk masih cicing dilembur, dagang surabi saumur-umur. Euweuh pangalaman anyar. Poè isukna kuring geus kudu langsung gawè. Teu pira ngetik laporan sapuluh halaman unggal poè, ditambah ngajumlah-jamlèh duit, kuring diburuhan saratus rèbu. Saminggu wè kali saratus rèbu, lumayan bedus. Lanceuk kuring omat-omatan nitah kuring nabung. Sabalikna kuring ogè omat-omatan ka lanceuk kuring supaya tong mènta duit. Kuring keur hayang pelit.
Teu karasa geus sabulan leuwih kuring gawè di Jakarta. Duit beuki numpuk waè. Bayangkeun wè si Bos mèrè duit saratus rèbu unggal poè. Untung wè dahar sapopoè mah aya jatah ti kantor. Kuring geus hayang buru-buru ka lembur. Kuring rèk ngeureuyeuh nabung keur nuluykeun kuliah deui. Kuring inget tibarèto hayang meuli hapè. Geus teu kuat hayang meuli hapè Nokya. Kuring hayang nelpon si Abud di lembur tapi pasti manèhna can bogaeun, soalna hapè mah nyieunna lain tina taneuh sumur. Kapikiran ogè rèk meuli skripsi. Ah, haram kètang. Kuring mah leuwih milih indit ngarit poè jum’at batan kudu meuli skripsi mah.
Sok jadi inget ngomong skripsi tèh. Tibaheula kuring jeung si Abud guligah mikiran skripsi. Kuring duaan ngadon kukurilingan neang judul nu alus. Kuring pernah boga judul hade: RADIKALISME AGAMA DALAM PERSPEKTIF TRIO MACAN. Tapi heuleut sabulan diganti deui jadi: BERAS IMPOR DALAM PANDANGAN SAYA SEKELUARGA, atawa leuwih heded lamun dibalik: SAYA SEKELUARGA DALAM PANDANGAN BERAS IMPOR. Kuring bingung milih judul. Si Abud mah cenah geus manggihan judul keur skripsina: HUTANG PROFETIK; SEBUAH INTEGRASI-INTERKONEKSI MARXISME DAN WASIAT KAKEK SAYA.
Ah, kuring mah can bisa nyieun skripsi lamun can aya lèptop. Tapi, lamun duit tabungan aya leuwihna kènèh, kuring ogè hayang meuli lèptop. Eta gening komputer nu jiga jojodog. Kuring jadi inget, baheula keur di SMA boga babaturan sakelas pindahan ti Jogja. Manèhna kamana-mana mamawa lèptop. Kungsi ulin ka imah kuring mawa lèptop. Manehna kasohor tukang molor, wajar we da tukang melong komputer. Kuring riweuh nyangu, manèhna mah lalajo video dina lèptop. Meni nyantèi pisan. Kungsi ogè lèptopna tinggaleun di dapur, ku nini kuring kalahkan dipakè talenan, di pakè nyiksik bawang. Sugan wè lamun pareng meunang rijki gedè, jaga kuring bisa meuli lèptop.

BAB VIII: BALIK KA LEMBUR

Geus hampir dua bulan kuring gawè, Cep Boby bejana geus cageur. Isukna kuring geus bisa balik deui ka lembur. Di tengah jalan, kuring balanja heula keur bawaeun ka lembur. Kuring meuli baju keur indung. Teu poho dahareun keur bebenyit. Kuring ogè inget ka si Abud. Kuring meuli roko sakaradus. Teu poho meuli kopi hideung. Soalna si Abud mah embung ngaroko lamun euweuh kopi. Bèda jeung kuring, kuring mah embung ngaroko lamun euweuh seuneu. Kuring ogè meuli baju koko jeung calana sontog keur si Abud. Keur bapa kuring mah meuli sarung, kopèah jeung kaca panon hideung, mèh katempona gaul jeung ginding. Keur indung meuli kurudung jeung mukena. Kuring oge meuli baju loreng tantara keur Ki Asmi, kokolot nu geus dianggap dulur. Sakalian meuli baju Spiderman keur incuna, si Abraham Entay. Ngahaja meulina dua stel, bisa parebut jeung Ki Asmi.
Kuring bungah bisa balanja keur kolot jeung dulur. Tapi kuring embung kokomoan balanja, soalna lalampahan masih panjang, dulur leutik masih riab. Can tangtu kahareup masih bisa ngala duit deui. Tapi kuring kahareupna boga kahayang ngebebenah imah jadi tilu umpak, panghandapna mah baè kolong keur hayam sarè. Sakuriling imah rèk dipinuhan ku wèsè umum mèh mangfaat ka urang lembur. Intina mah ngaminimalisir oknum masyarakat nu sok ngadon setor eusi beuteung di pipir imah. Lamun usum pemilu mah, wèsè bisa dijadikeun kamar suara.
Jam 12 beurang kuring nepi lembur. Di imah jempling. Sakeudeung sasarèan dina korsi tengah imah. Ari heug antukna mah ngan ukur molotot teu bisa sarè. Barudak badeur tingkalacat luhureun korsi ngaganggu kuring. Piraku kudu dibèrè racun beurit mah mèh lalindeuk. Geus asup adan asar kuring mandi. Tadina mah hayang panggih heula jeung kolot rèk prosèsi mere olèh-olèh, tapi jigana can baralik ti sawah. Kuring dandan ginding maksud rèk nepungan si Abud. Geus sono. Oleh-oleh keur manehna geus rapi di kantong kèrèsèkan. Saeutik disemprot parfum anyar. Jigana si Abud atoh pisan narimana.
Imah si Abud sarua jempling. Kuring keketrok bari hèhèotan. Ngahaja makè kaca panon hideung mèh si Abud pangling. Teu kungsi lila, panto muka. Nyampak indung si Abud ngabanghinghik ceurik. Hatè kuring ngadadak teu genah karasana…

BAB IX: PENUTUP

Langit lènglang. Kuring nangtung lila di jalan. Ngadègdèg nahan eungap. Ngarasa teu bisa nanaon. Pikiran geus barirat ka mana mendi. Hatè asa dibintih kasedih. Hatè asa ditindih kapeurih. Kuring nempo langit ujug-ujug baseuh. Kuring nempo panon poè kokolèbatan. Kuring nempo lalaki leumpang di jalan gedè teu makè calana. Sirahna dibuntel ku calana sorangan. Awakna kuleuheu teu kaurus. Sandal capit digantungkeun dina beuheung makè tali rapia. Kadèngè manèhna ngahariring. Teu kungsi lila manèhna ngarandeg, ngagantungkeun calana dina pager. Kuring ngadèngè manèhna mènta hampura ka calana sorangan. Ti belah kulon barudak leutik nyurakan bari nakolan kalèng. Manèhna seuri. Manehna ceurik. Manèhna ngamuk. Manèhna ngagorowok nyebut ngaran awèwè. Kuring teu kuat nahan cimata. Teu karasa cimata haneut seukeut dina pipi…

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...