03 Oktober 2010

Ngaruat di Ciburuy

Mun tas aya nu cilaka di Situ Ciburuy kudu ngaruat bari nanggap ketuk tilu. Ngan ku sabab kasenian ketuk tilu kiwari geus langka, atuh ngaruat teh cukup nyetel kasetna we wungkul.
Sigana pikeun urang Sunda mah pada apal kana lagu “Bubuy Bulan” anu rumpakana : Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang, panon poe, panon poe disasate, unggal bulan, unggal bulan abdi teang, unggal poe, unggal poe oge hade. Situ Ciburuy laukna hese dipancing.. jeung saterusna.
Kalimah nu panungtung nyabit-nyabit soal Situ Ciburuy, hiji situ nu perenahna di daerah Ciburuy, Kacamatan Padalarang, Kabupaten Bandung, nu cenah laukna hese dipancing atawa diuseup. Nu ngarang eta lagu kawasna samemeh nyanggi kungsi tetelepek ka kokolot nu apal kana Situ Ciburuy, da memang lauk nu aya di Situ Ciburuy hese dipancingna. Kitu teh pikeun jalma nu teu apal kana itungan wanci jeung kana karesep karuhun nu ngageugeuh eta tempat. Kabuktian waktu Pamarentah Kabupaten Bandung ngayakeun konkur nguseup, loba nu ngabulasin, padahal eta situ samemehna dipelak rewuan kintal.
Pikeun nu sok sering ka Jakarta kalawan rutena ngaliwatan Cianjur, atawa nu sok nyaba ka Cianjur jeung Sukabumi pasti sering ningali Situ Ciburuy, anu lokasina sisi jalan raya Padalarang, mun ti gerbang tol Padaleunyi aya kana 4 km-na. Kiwari di hareupeun tempat karcis dipake mangkal beus Damri jurusan Ciburuy-Alun-alun Bandung.
Nurutkeun katerangan patugas nu ngokolakeun kawasan wisata Situ Ciburuy, legana situ aya kana 50 hektarna, cenah nepi ka taun 1970-an legana teh aya kana 80 hektarna, ngan ku sabab caina beuki orot, tur lahan nu geus jadi daratan dipake tatanen ku masarakat, situ jadi ngaheureutan.
Nepi ka taun 1970-an Situ Ciburuy masih keneh sok diruat ku kasenian “Ketuk tilu” salasahiji kasenian rayat nu ngaranna nyoko kana waditra pamirigna anu poko, nyaeta ketuk atawa penclon tilu siki, diwuwuh ku kendang, kulanter, rebab, kecrek, kempul jeung goong. Eta kasenian mintonkeun ronggeng, pikeun ngahibur nu lalajo, pangpangna pamogoran.
Cenah mah teu meunang diganti ku kasenian naon bae,saperti ku wayang golek, degung, komo ku dangdut mah. Mun teu dilakonan kahayang karuhunna, sok aya balukarna pangpangna ka masarakat nu aya di sabudeureun situ, atawa ka tatamu nu ngadongdon ka eta tempat. Loba kabejakeun nu keur lalayaran ngadadak parahuna tikelebuh, atawa nu ngojay tikerelep, bari jeung teu muncunghul deui.
Lamun aya kajadian jalma anu titeuleum, sering nepika palastrana, malah mah bugangna oge leungit siga dilegleg ku jurig cai. Eta jalma nu titeuleum bakal kapanggih deui, boh dina kaayaan hirup atawa geus jadi bugang lamun nanggap heula kasenian ketuk tilu. Malah kiwari oge mun pareng aya kajadian saperti kitu sok nanggap ketuk tilu, sanajan ngan ukur ku kaset, sabab dina pajamanan kiwari rombongan kasenian ketuk tilu nu sok biasa dipake ngaruat geus tumpur. Papadaning kitu, mun eta sarat dicumponan (sanajan ku kaset), cai teh siga nu digurat, garisna lempeng kana tempat jalma nu titeuleum tea, terus ngaburial, dina ulekan caai ujug-ujug mumbul jalma nu kacilakaan tea.
Kitu deui lamun aya konkur nguseup salawasna kudu nanggap heula ketuk tilu, paling copel nyetel kaset ketuk tilu, kilang kitu ulah wawayagon, dina harti ulah ngan ukur nyetel kaset, laguna kudu lagu buhun saperti kembang beureum jeung buah kawung, sarta sorana kudu kadenge ka sakuriling situ. Biasana sangkan aweuhanana rada lega sok diakalan make toa.Tangtu bae samemehna kudu diayakeun do;a salamet, sarta diwuwuh ku rupa-rupa sasajen.
Ceuk kokolot urang dinya, mun teu make sora ketuk tilu, salian nguseupna moal beubeunangan, oge nu nguseupna sok katarajang kasakit atawa bakal aya kajadian nu teu dipiharep.Sabalikna mun kahayang karuhun ditedunan, sanajan jalma nu teu biasa nguseup, hasil nguseupna sok mucekil. Ceuk paribasana mah clom guriwil.
Salian ti eta, nurutkeun Abah Ence kokolot di eta lembur, mun nguseup di Ciburuy kudu apal kana wanci tatanen. Urang Ciburuy mah geus pada apal, mun usum derep, gacong, atawa pare keur dietem, oge mun keur raeng sora empet-empetan tina jarami pare, cindekna keur usum panen, tara pirajeuneun nguseup, da tangtu, sanajan eupana hade, atawa nu nguseupna geus maher kana moal beubeunangan. Dina usum saperti kitu, moal aya lauk anu nyanggut.
Sabalikna mun keur usum macul, tandur, ngangler, atawa malik jarami, pikeun urang Ciburuy, Situ Ciburuy bias diandelkeun, eta teh nepi ka kiwari. Mun di imah pabeasan geus koredas, tinggal mawa sair, useup atawa sirib, tangtu korang atawa koja bakal pinuh ku lauk. Tapi kituna teh ngan pikeun urang Ciburuy, da kanu lain warga ti dinya mah, kadang-kadang ngabulasin.
Sagigireun ti eta, aya pantrangan nu teu meunang dipilampah, nyaeta teu meunang ngomong sompral. Saperti nu kaalaman ku sobatna Abah Ence sebut bae ngarana Jang Lele, “manehna teu percaya kana pamali, waktu keur nguseup nyarita saengabna “mana karuhun Ciburuy teh, aing hayang neuleu” ngomongna bari awong-awongan. Sakitu geus dielingan eh.. lain nurut kalah ngahajakeun, na atuh teu kanyahoan puncungul teh lauk gede, mumbul ka luhur sahibas cai, cenah mun geus ditembongan dedemit lauk Ciburuy, bakal aya mamala. Enya bae, saminggu ti harita manehna unggah bale watangan, kalibet kana raja pati, diberok aya kana dua taunna,” ceuk Bah Ence nu ti mimiti lahir nepi ka ayeuna teu incah balilahan di kampung Ciburuy.
Kajadian lianna, aya budak pamuda ngadon curak-curak sisi situ, bari nginum alkohol, ngomongna sompral bari jeung ngabaribinan, kabejakeun balikna cilaka, motor nu ditumpakana katabrak treuk nepi kahanteuna.
Mun tea mah karuhun Situ Ciburuy, nepi ka danget ayeuna kudu wae diruat ku “ketuk tilu” sarta teu bisa diganti ku kaset, sigana, dangiangna moal ngarangrangan kawas kiwari. Ku kasenian ketuk tilu sigana bakal nambah pangirut wisatawan. ***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...