16 Juli 2010

Surat Tongo !

Ila, kumaha cageur? Inget keneh ka Ongo? Piraku rek poho mah, sobat Ila gening waktu diajar cuca coco. Nu rada kasep tea ning, sed saeutik ti Marcelino. Atawa mun dipapandekeun ka artis Holiwud mah, Ongo teh meureun Tom Cruise, nya?
Ila, apal hirup Ongo ayna kumaha? Ongo teh ayna mah nunggul pinang. Lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka Cianjur2 acan. Kungsi kapikir ku Ongo rek boga pamajikan ngarah aya btur pakukumaha. Tapi ari dipikir deui, keueung Ongo teh, sieun disapirakeun kunu jd pamajikan. Sok komo ayeuna mah loba kabejakeun, loba mojang tongo teu eucreug. Matre, jaim, ana geus kawin beuki salingkuh.
Tapi ari dipikiran deui, mun hayoh we sosoranganan, asa moal hade. Kitu apan ceuk bang Oma dina lagu Bujangan ge.
Nilik dina umur mah, Ongo teh geus manjing boga pamajikan. Atuh dina etaeun geus bala ayna mah. Kitu pan ceuk si Utu ge, ciri2 urang geus baleg teh, bala lebah etaeunana. Antukna Ongo ngawani2 maneh nyiar kabogoh. Loba pangalaman waktu Ongo neangan kabogoh teh.
Hiji mangsa tepung jeung tongo bikang di Terminal Ledeng! Edass Ila, ku geulisna. Pangawakan leutik buleud, mun keur leumpang udad aded, mun jelema mah geboy meri tea. Tapi barang ditanya ngaran, jawabna teh, "yepangheun nyamhi amhi nyosheu, hongho nyuyunan Yemhang!" cnah bari pepeta ku leungeuna. Ah Ila, bororaah katarik ati kapentang duriat, nu aya mah hayang nyakolakeun manehna ka SLB, watir!
Hiji mangsa panggih deui jeung tongo bikang nu keur huleng jentul dina ceuli ucing. Can ditanya can naon, ana gewewek teh manehna miheulaan ngomong, bari siga rek ngerekeb, "tah gning kang Gunawan sumping, emh sono abdi teh ngantos engkang siang wengi, bet ngampleng bae. Mun engkang maen sinetron, abdi teu weleh anjeucleu payuneun tipi. Malah tipina ku abdi sok dilamotan bakat sono ka engkang, Kang Gun. . . !"
Teu antaparah deui Ila, uing teh becir bae lumpat, teu sirikna notog2keun maneh. Eta tongo gelo teh hayoh bae ngungudag. Eureun2 sanggeus ku uing dibaledog nepi ka pejet. Karunyana mah karunya, tapi da kumaha deui.
Antukna Ongo teu burung boga kabogoh anu dipikaresep. Ngaranna Tongiti. Hayang apal nya kumaha Ongo panggih jeung Tongiti? Kieu geura lalakona mah.
Keur nyayang dina kelek RT Ocid harita teh, bari sudat sedot. Dina bulu kelek anu sejen, katembong aya tongo kakarayapan. Teu kaciri saha2na mah da poek, kelek RT Ocid tea, leuweung we sugan mah. Lantaran panasaran, tuluy ku Ongo teh dideukeutan. Tetela Ila, eta tongo teh awewe. Geulis pisan ceuk Ongo mah. Tapi ari barang gok, ari jerit teh manehna ngajerit maratan kelek. Uing ge nepi ka luncat bakat ku reuwas.
"tuluuung. . . .aya jurig tongoo. . . !" cnah.
Mimitina mah Ongo teh olohok we. Sakasep2 disangka jurig. Lila2 Ongo sadar singhoreng dina irung nempel keneh bulu kelek RT Ocid nu pegat kagegel. Munasabah mun manehna ngajerit ge. Kumis ngajepat, jaba sungut ngabulaeh keneh ku getih. Buru2 Ongo ngalaanan bulu, tuluy ngusapan baham. Ari Ongo geus beresih mah, manehna nu malik colohok. Kawasna manehna teu nyangkaeun aya tongo kasep siga uink.
"hapunten, manawi teh jurig!" cnah. Sumpahna ge daek kagencet pingping si Eha Ila, eta sorana. . . .aduh Gusti, aya ku halimpu. Deukeut2 sora Evi Tamala, mun lain Euis Komariah ge. Tuluyna mah urang teh kenalan. Ngarana Tongiti, teureuh tongo Ciwidey. Pangna manehna aya dina kelek RT Ocid, panjang deui caritana.
Cenah mimitina mah tempat nyayangna teh dina sela2 harigu Tanteu Memey. Betah pisan didinya teh cnah Ila, rea gizi. Sok deuih da Tanteu Memey mah salawasna ngurus harigu, sina nyemplu kembu matak betah bangsa tongo. Tapi hiji mangsa Tanteu Memey katatamuan ku lalaki jangkung badag, awakna bala ku buuk sa awak2. Geus puguh dina tempat jadina bulu mah, dalah dina tempat nu kuduna lenang ge ku lalaki eta mah sigana dipelakan kabeh ku bulu.
Musibah datang cnah, Ila, waktu eta lalaki bulu ngagaley Tante Memey, Tongiti langsung kapiuhan. Barang sadar, geus pindah tempat aya dina dada si lalaki bulu. Ana rarat reret, horeng si lalaki bulu teh geus keur maen gapleh di pos ronda. Teuing di pos ronda RT sabaraha, nu jelas harita poe geus reup2an. Antukna Tongiti kapaksa ngabebetah maneh. Kadieunakeun kanyahoan singhoreng eta lalaki bulu teh ngarana Sonjaya, natangga jeung RT Ocid, nyobat malah. Teu aneh mun manehna sok mondok moek di imah RT Ocid ngadon maen gapleh. Jeung ulah aneh Ila, Tongiti geus pindah deui kana kelek RT Ocid.
Ngan cnah dina tempat anyar mah kamarasan. Teu cara dina dada Sonjaya, hese ngopi2 acan. Antukna tepung jeung Ongo. Tina kenalan, Ongo teh jadi kajamparing asih kapentang asmara ku manehna. Cinta Ongo teh ka manehna, ceuk Ongo teh, "I love you more than I can say. . ." ari celengkeung teh manehna ngajawab bari dihariringkeun, "maju pemuda pemudii . . . . Endonesiaa. . . !" kerung Ongo oge da.
Cinta teh sanggeus Ongo nyidik2 beungeutna. Lumayan lah keur ukuran Tongo Bandung mah. Manehna ge tangtu bogoheun ka Ongo teh, da kungsi nyarita, A Ongo teh cnah ganteng, sed saeutik ti Marcelino. Tuh, da teu nyalahan, Ongo mah malah nepi ka ngagerentes, mun aink laksana ngahiji jeung manehna, kajeun teu tulus asup Partai Persatuan Tongo Nusantara (PPTN).
Ngan Ila, antukna jadi musibah keur Ongo. Ari pruk kawin, ana gorehel kanyahoan adat aslina. Horeng Tongiti teh hyper !
Teuing katepaan ku Tante Memey, teuing geus ti azalina. Keudeung2 gabrug, keudeung2 gabrug, bari aha ehe menta diehe.
Teu kaop Ongo reureuh, sok tuluy disered ka juru kelek RT Ocid anu rada poek. Malah hiji mangsa mah, Ongo nepi ka ngalungsar beak tanaga, sanggeus sapoe harita manehna nyered Ongo aya kana sapuluh kalina. Sebel da Ongo mah.
Antukna Ongo ngejat Ila, najan enya urang teh sato, tapi ari kitu2 teuing mah bisi jadi munkarot. Kieu2 oge pan Ongo teh kungsi lila dina kelek ajengan, nerap sa ayat dua ayat bae mah. Gedengeun ti eta, sieun Ongo teh paur katepaan AIDS. Mangkaning keur sakieu mahabuna.
Ayeuna Ongo bumetah di tempat anyar. Tina kelek RT Ocid, pindah kana sirah mahasiswi anu kungsi diuk sabangku jeung RT Ocid dina beus kota. Ongo bumen2 didinya, deukeut ceulina anu hejo carulang.
Betah ku betahna, aya we pipanyakiteuna teh. Eta mahasiswi kabeukina teteleponan Ila. Mun nelepon teu cukup sapuluh menit. Nepi ka Ongo sok katorekan bakat baribin. Nu matak sebel mah mun geus aha ehe dina telepon, komo mun geus nyarita kieu : "kang Heri, iraha atuh bade tuang beef steak teh? tipayun ge bade ka McD gning teu janten. Ulah bohong nya, ulah siga kamari, bete! Majar bade ka Caesar Palace, gning kalah dicandak ka Tegallega. Awas lho... mun bohong ku yayang moal dipasihan bolu kukus deui. Tapi ulah wengi Minggu nya! bilih aya Om Hadi! Bilih kang Heri aya pamengan atanapi bade kasbon, ngahape we nya!"
Mun manehna geus nyarita kitu Ila, geus hayang sajengkat2eun Ongo nyingkah. Ngan lebar we ku getihna nu sari2 rasa strowberi.
Kitu tah diantarana, eusi surat tongo teh. Ari ayeuna keur naon nya tongo teh? gning ituh keur utey paduduaan dina sirah mahasiswi tea, keur galungan jeung . . . . . . . . . Tongiti!
Sanggeus tatanya kaditu kadieu, Tongiti antukna teu burung bisa nyusul Tongo. Barang gok jeung Tongo, manehna nyarita ngahelas bari luway liwey " enggak kuaaaat . . . . . . . . . . . . !" cnah.

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...