27 Mei 2010

Lalangse

“Eh..da tos Gugah.”
“Aduh, hiji kosong.” Bapana mah api-api reuwas, ngabubungah nu jadi budakna.
“Pasti naros ngimpi, nya?”
“Enya, wengi Nunu ngimpi naon?”
“Nunu ngimpi gaduh hayam katé.”
“Hayam katé, aya sabaraha hayam katéna?”
“Aya sabaraha, nya.?” Kituna téh bari ngitung ku ramona nu laleutik rancunit. Hiji, dua, tilu. Enya…aya tilu Pa hayam katéna téh.” Bapana imut, taar Nunu téh laju dicium.
“Bapa!”
“Kulan?”
“Ari Ambu tos ka pasar?”
“Atos, tadi ti Subuh kénéh.”
“Naha Ambu mah tara ngagugahkeun Nunu?”
“Apan atos ku Bapa.”
“Tara masihan acis deuih.”
“Eh, apan acis bekel Nunu téh ti Ambu.”
“Tara naroskeun ngimpi deuih.”
“Ssst…atos ah, tong nyarios waé, pamali.”
“Pamali téh naon, Pa?”
“Anu teu kénging dipilampah ku Nunu.”
“Naon anu teu kenging dipilampah téh?”
“Nyarioskeun Ambu, nyarioskeun batur, bisi kadangueun, engké batur nyeri haté geura.”
“Jadi, Nunu teu kénging nyarios nya, Pa?”
“Atos, ah…jung geura ibak, bisi kasiangan sakolana. Ké diseuselan ku Bu Guru.” Bapana geus baluweng néangan pijawabeunana. Nunu tuluy ngaléos bari nyésakeun mangréwu patalékan dina uteukna. Bapana gura-giru nyiapkeun pakéan seragam jeung mumuluk keur budak tunggalna, budak bungsu nu ngan hiji-hijina.
Mungguh wanci, tuktekna jarum jam téh kitu jeung kitu baé, iwal batuna soak, tuktek jarum jam téh beuki ngalonan. Kitu ogé di ieu imah susun, lalakon kahirupan kulawarga Nunu téh kitu jeung kitu saban poé, kaasup Nunu, nu saban isuk digeuingkeun ku bapana, ditanyaan ngimpi bari dibarung sempal guyon. Saheulaanan indungna mah subuh-subuh geus tuturubun miang ka pasar, ngalapak bungbu dapur. Nepi ka iraha? Boa nepi ka batuna soak?
Pabeuebeurang indungna mulang ngaringkid sésa lampah, sésa késang, jeung sésa bungbu dapur, saheulaanan Nunu mah geus miheulaan mulang ti sakolana.
“Mana bapa manéh?”
“Duka.”
“Baku bapa manéh mah, paling gé masang nomer mun geus euweuh gadag téh.”
“Masang nomer téh naon, Bu?” Indungna ngarénjag, ku teu sangka budakna bakal naya kitu.
“Meunggeus, geura salin kaitu! Ambu rék nyeupankeun sangu. Nunu can dahar apan?”
“Éngké wé, ngantosan Bapa.” Ceuk Nunu bari ngaléos asup ka kamarna.
Ambu jahat, ambu jahat.” Buku lécés Nunu pinuh ku éta kalimah. Sa-jam, dua jam, opat jam, dalapan jam, nepi ka Bapana mulang ogé Nunu masih ngerem manéh di kamarna.. Indung bapana kaweur, silih salahkeun. Ku bapana diketrokan gé budak téh teu ngelol baé. Antukna bapana muter jalan jandéla tukangeun kamar. Katangén ku manéhna Nunu peureum bangun ni’mat pisan, tampolana halisna kekerenyedan, biwirna runyah-rényoh. Leungeunna pageuh nanangkeup Sponge Bob paméré manéhna hasil tembus minggu kamari. Bapana ngarahuh, tuluy luncat ka jero.
“Héy….Nunu! gugah bageur, emam heula yu!” Ramona ngusapan tungtung buuk Nunu, budak téh gulinggasahan, tapi teu nyaring. Lalaunan kongkolak mata budak téh muka, semu ngalindur budak téh nyarita;
“Nunu sieun, Pa.” Bari nangkeup bapana.
“Sieun kunaon?”
“Nunu ngimpi diudag-udag oray, tapi orayna téh jiga Ibu jeung Bapa.”
“Cup..cup..ulah sieun, aya bapa ieuh. Yap, ayeuna mah emam heula.” Budakna ukur unggeuk tanda satuju.
Jagat simpé minuhan méja makan, Nunu jempé, padu lelengutan da puguh can kumpul pangacian. Indung bapana mah puguh aing-aingan, da pada ngemu kakeuheul séwang-séwang. Nu kapireng téh ukur sora jangkrik teu apal ti mendi, sasat nambahan haleungheum peuting. Nunu ukur cuang-cieung, ngarérét ka indungna, ngalieuk ka Bapana, bet duanana ngajirim kawas oray dina ngimpina, nu ngahéboskeun peurah, némbongkeun sihungna séwang-séwangan.
“Saré deui kaituh.” Ceuk Indungna.
“Enya.” Nunu laju ngaléos deui ka kamarna. Nepi ka isuk manéhna teu daék reup, sieun ngimpi deui.
Deui, wanci janari leutik Bapana asup ka kamar Nunu.
“Hayoh, Nunu wengi ngimpi naon deui?”
“Nunu teu ngimpi, Pa.” Bapana bati ngarahuh, ngusapan Nunu, tuluy léos ninggalkeun.
Ti saprak kajadian harita – Ngimpi diudag oray nu jiga indung bapana – Nunu can kungsi ngimpi deui. Kacida hayangna manéhna ngimpi, keur ngabubungah nu jadi Bapa, tapi dalah dikumaha, harepan kari harepan, impénan kari impénan, dalah dipaksakeun gé hésé. Indungna nu baheula mah kungsi ngajarkeun du’a ka Nunu, du’a saméméh saré, du’a sangkan ngimpina éndah. Ngan hanjakal, Pangéran bangun boga maksud séjén, Nunu leungiteun ngimpina, ngimpina mancawura lir silalatu kasilih kanyataan nu karandapan ku manéhna. Saban poé bapana nanya, jawaban Nunu angger baé, yén manéhna teu ngimpi nanaon.
Atuh balukar Nunu teu ngimpi deui cara sasari, bapana téh ngan huleng jentul baé. Rasa salah beuki nalimbeng haté Nunu.
“Bapa kunaon?”
“Henteu, teu kunanaon.”
“Ari TV Nunu mana? Nunu hoyong nongton Sponge Bob.”
“Tos dicandak ku nu gaduhna.”
“Saha nu gaduhna? Cék Bapa nu Nunu, Bapa ngabohong, nya?” Bapana mureleng, Nunu tungkul, léos deui ka kamarna. Curat-corét deui dina buku lécésna;
“Ambu jahat, Bapa gé jahat.” Sababaraha kali manéhna nulis, nepi ka kertas téh pinuh ku corétan patlot Nunu. Kertas téh dibuntel-buntel, laju dipiceun ka luar jandéla, kertas ngalayang katebak angin eunteup di imah bédéng tatangga tuluy kasaput deui, duka eunteup dimana.
***
Saheulaanan, Hanamangké, ngapak ngalayang kakalayangan sakuliah imah susun, panonna seukeut lir heulang nyiar mangsa, sedeng rarayna sampurna sarupa Drupadi. Kasawang ku manéhna aya nu ngalayang kumetip cahayaan lir cika-cika dina mongkléngna peuting, nyilep néon nu humarurung sabudeureunana. Manéhna ngadeukeutan, jangjang hideung béh kéncana kop nyokot éta cika-cika, sedeng jangjang bodasna angger mébér ngajaga kasaimbangan. Laju diilikan téh, tétéla geuning salambar kertas nu geus ringsek, kertas lécésna Nunu. Satuluyna kasawang ku manéhna lampu kamar Nunu nu hurung kénéh, di jerona atra katempo, paroman polos Nunu nu keur tibra.
“Wilujeng wengi, Nunu!” Ku Emang kabaca tulisan Nunu.” Hanamangké ngaharéwos.
“Emang saha?” Cék Nunu semu lulungu.
“Emang téh dulur Nunu.”
“Naha aya jangjangan?” Nunu kerung.
“Ulah sieun, mending ayeuna mah ngiring jeung Emang yu!”
“Kamana?” Budak lungguh téh nanyakeun.
“Jalan-jalan.”
“Ngapung?”
“Enya.”
“Asik!” Budak téh katangén bungaheun pisan.
Hanamangké ngeukeupan Nunu ku dua jangjangna, laju dibawa ngapung ngulayaban sakuriling imah susun, handapeun langit nu peuting ayeuna cangra kacaangan neon. Sedeng bulan karungkupan mega kota, leuweung beton jeung imah kaca.
“Mang, hoyong ngapung ka ditu.” Cék Nunu bari nunjuk bulan.
“Ulah bageur, di dieu wé.”
“Naha?”
“Nunu apal carita curug Ciheulang?” Hanamangké nanya bari nunjuk ka curug Ciheulang béh wétan.
“Teu Apal” Nunu gogodeg. Sakédét nétra Nunu dibawa hiber dianjogkeun ka éta tempat.
“Kieu caritana, jaman baheula aya sakadang heulang, nu bisa hiber leuwih luhur batan manuk-manuk séjénna. Hiji mangsa sakadang heulang hayang hiber ka bulan, mapag langit, mapag méga. Dicarék sakadang heulang téh ku sakadang peusing, éh angger ngeleyed, ahirna sakadang heulang lain mapag béntang, kalah nutug ninggang lemah, nya tuluy jadi curug, sok disebut curug Ciheulang.” Cék Hanamangké daria.
“Oh, jadi Nunu ulah hoyong ka bulan, nya Mang?”
“Lain ulah Nunu, tapi mending di dieu baé, ulah luhur luhur teuing, di luhur mah panas।”
“Naha panas?”
“Apan deukeut ka panon poé, panon poé, panon poé।” Beuki lila sora Mang Hanamangké beuki ngalonan. Di luar jandéla kamar Nunu panon poé geus meleték, bangun nu nyésakeun tanaga keur nyaangan kamar Nunu, keur ngahaneutan kamar nu salila ieu teu weléh beueus.
Kuniang Nunu hudang, kasampak ku manéhna aya kertas luhureun méja belajar, kertas nu tilepanana teu pati rapih téh tuluy dibuka, laju dibaca eusina;
Nu, hampura Bapa. Bapa nyaah ka Nunu।” Nunu imut, kecap nyaah dina éta kertas jigana nu ngabungahkeun haténa. Katangén tina jandéla kamarna nu ngahéabkeun hawa kota, Bapana ngapung jeung Hanamangké, beuki lila beuki ngajauhan, beuki leutik di mata Nunu, beuki atra di matapoé. Bapana gugupayan, Nunu males ngagupayan. Di handap jalma-jalma tinggarimbung ngulibeng hiji waruga bari tingharéwos jeung papadana lir tinghariengna laleur nu ngagarimbung runtah.
“Si Juki?” Hiji sora ngaharéwos।
“Masya Allah, kunaon?”
“Jigana mah stress, nomerna teu nembus waé”
Indungna mah ti Subuh kénéh geus indit ka पसर.

Duabelas Purnama

Randu ngaranna, lalaki langit lalanang jagat. Jajaka leubeut angen-angen. Buktina, peuting tadi sirahna teu weléh tanggah. Aya nu tingkaretip lebah matana, kalangkang béntang, rasi béntang langlayangan lebah sorotna bangun nuduhkeun jalan ngembat ngalér, sawirahma jeung kasapihna buuk ti béh kidul. Sedeng leungeun keukeuh nineung mulang deui ka wétan, mangsa suku lingsir ngulon.
Teu apal ka sabaraha kalina béntang patingbelesat lebah kongkolak, nepi ka basa cahya srangéngé nojo kamar jandélana, katémbong atra tapak-tapakna nu ngagurat beureum sakuriling jagat hideungna basa manéhna ngeunteung. Ana ngeunteung, nu katémbong ukur awakna sorangan nu kacida dipikaceuceubna.
Jeung Randu ngantep kaayaanana kawas kitu. Kawas nu teu bisa ninggalkeun kabiasaanana. Biasana ogé nu nyaring sanggeus manéhna sok tuluy mérésan buukna, sok tuluy ngagaléntoran beuheungna. Sok tuluy... Nu matak nepi ka ayeuna Randu ngantep kaayanana kawas kitu.
"Kiara!" Teuteupna pindah kana hand phone, saharita tatit patingjalegér dina haténa. Bag-bagan awak paséa deui kawas sasari. Leungeun keukeuh hayang ngarongkong, haté keukeuh ngabadé-badé, sedeng uteuk bet kalah tonggoy méré tinimbangan. Kulit mimiti ngaringhik, ngaluarkeun cikésang beueus, leuwih beueus batan késang Kiara basa ngaringhik bedah kanikmatan. Antukna kalah teu laju, duméh teuteup Kiara beuki seukeut lebah kanvas nu keur diulas.
Randu neuteup sakuriling bungking; gelas, séndok, eunteung, lamari, lukisan, potrét, taya nu béda ti sasari, iwal Kiara. Enya, kawas kitu. Satutasna dilelemu, disurahan leuwih anteb antara Randu jeung Kiara jadi anggang pédah kahayang, pédah impian. Kiara miharep Randu robah, sedeng Randu miharep Kiara tetep.
Belewer eunteung diténggor, katémbong beungeut Randu dina unggal beling nu pareupeus. Cat unggah, laju muru kamar cai, muragkeun reumis liwat beuratna tina daun mata teu apal nu ka sabaraha keclakna.
Manéhna tuluy miang nuturkeun indung suku, laju ngadaweung dina bangku panjang di warung nu biasa dianjangan.
"Purnama sabungkus." Sora Randu rada peura bati méakeun peuting.
"Lah, nu kamari ogé." Cék nu ngawarung, kerung.
"Isuk éta mah dibayarna." Randu beuki kerung.
Najan saranggeuk, ibu warung ngasongkeun Purnama sabungkus.
"Kadé, ulah jalir." Ibu warung nandeskeun.
Ukur imut leutik, saheulaanan huruf-huruf j-a-l-i-r patinghaliber jeroning sirahna. Randu cengkat, ninggalkeun sajuta patalékan ka Ibu Warung.
"Kiara." Randu semu ngarahuh.
Randu mulang deui ka kamarna, padahal Si Jalu mah geus ngencar ka mana boa.
Di kamarna, Randu nanangkeup tuur, deui. Bungkus Purnama dibuka, kop panékér dicokot, purnama laju diseuseup salila-lila.
Bet kagagas deui manéhna ku Kiara, basa nyeuseup purnama babarengan. Lain Randu nu maksa kiara, éstuning kahayang Kiarana sorangan nyeuseup Purnama.
"Ulah! Bisi ruksak haté ké." Cék Randu basa taun baru.
"Baé, da bagja." Kitu némbalna saban dicaram, bari imut ngagelenyu.
Sakapeung haseup purnama saab jadi méga di buana kota, nu sakapeung nyacas béngras, sakapeung reueuk ceudeum sacurcureun bedah.
"Kapan éta mah résiko urang duaan, Ra. Urang duaan nu nyeuseup, nya urang duaan nu keuna ku ugana. Basa haseup ngaméga reueuk tuluy bedah jadi cihujan, kapan urang duaan gé tuluy huhujanan kawas dina film India. Tapi da urang duaan apan wani nyanghareupanana, nyampuhkeun cimata jeung cihujan, sangkan teu katémbong." Randu gegelendeng jero haténa.
Manéhna nuluykeun deui ngalukisna, ngalukis Kiara tina potrét nu salawasna bagja. Hémeng mémang, lukisan téh can anggeus-anggeus. Randu teu bisa ngalukis biwir. Biwir Kiara nu hésé diungkarakeun wungkul ku gurat jeung ku warna. Nu katémbong ku manéhna, sakapeung Kiara imut, seuri konéng, seuri maur, sakapeung nyakakak, tapi disidik-sidik mah kawas nu nyidem kaketir. Enigma kitu?
Randu hayang ninggalkeun alam dunya, mapag lana di alam mana boa, tapi kapan manéhna mah teu wasa nénjo getih najan sakeclak, liwat saking sieun kana kanyeri.
Manéhna laju nyokot deui purnama, diseuseup deui. Beuki diseuseup bayah karasa beuki eungap.
Kitu jeung kitu lampah Randu saban poé, saprak Kiara miang ngajingjing bosen ngabéngkot ceuceub. Beurang manéhna nyeuseup purnama, peutingna purnama kari kuntung jero asbak, teu mulang deui ka langit, tempat nu samistina. Langit leungiteun purnama, jagat leungiteun purnama. Jalma-jalma pada hémeng, pada kaweur;
"Purnama kuring dimana?"[1] Jalma-jalma kakara engeuh leungiteun Purnama, ti saprak Ibu warung ngabéjaan yén Randu nu geus nyokot Purnama ti warungna. Ngan jalma bangun teu bisa majar kumaha, basa nénjo Randu, bet kasampak rarayna séwang-séwang. Kitu ogé jeung Randu, nu ningali dirina sorangan dina raray supir angkot, raray tukang béca, raray artis sinétron, dina eunteung...
Ngan waktu nu ngéléhkeun sagalana, najan ketir, najan peuting leungiteun purnama, panggal angger muih dina puseurna. Randu beuki léah, beuki surti, biwir Kiara kaulas sampurna. Randu ngarénghap jero.
"Kiara!" Randu imut bari neuteup anteb lukisanana. Ngalieuk kana HP gigireunana, kop dicokot, jempolna mencétan nomer, kapireng nada sambung. Haténa ngagalura, antara bagja jeung kaweur.
"Halo." Sora tina HP.
Teu kebat.
"Halo." Beuki alon.
Teu kebat. Teu laju. Télepon ditutup.
Randu teu bisa ngarangkéy ungkara, teu bisa nyulam kalimah. Kecap demi kecap ukur malang lebah genggerong. Kop Randu nyokot deui purnama pamungkas tina bungkusna, purnama ka dua belas, laju diseuseup jero naker. Haseupna ngamalir dina liang irung, méré kanikmatan nu pohara. Kalan-kalan mumbul kana panon, ngaluarkeun cimata, deui. Kalan-kalan mumbul ka langit, jadi méga. Kalan-kalan jadi haseup ganja, maksa sangkan nyakakak nyeungseurikeun lampahna nu beuki leumpeuh.
Purnama ngabangkarak jero asbak, nyésakeun silalatu nu geus ngalayang biheung kamana. Basa purnama kasilih mata poé nu nojokeun cahyana ti béh wétan, matana beuki beureum. Ngalieuk deui kana HP, kana eunteung, kana Kanvas, kana HP deui, kana eunteung, kana kanvas. HP,eunteung, Kanvas, nepi itungan waktu nu teu kaukur. Nepi ka éta sora léngkah téh hawar-hawar narikan.
"Kiara." Cék manéhna jero haté. Tuluy lumpat muru lawang panto. Sérélék jandéla dibuka, bet kasampak; Kiara. Taya nu kebat sajongjonan, ukur teuteup paadu teuteup.
"Di dieu mah purnama teu dikéténg." Cék Kiara bari nyokot sabatang purnama dina bungkusna, laju diseuseup jero naker.
Randu imut, kop leungeunna nyokot purnama tina leungeun Kiara.
“Punten.” Kiara ceurik bari nginghak. “Ieu lain purnama kuring jeung anjeun.”
Randu nyekel pageuh leungeunna ku tanaga nu masih nyésa. Samagaha na jariji Kiara rubah jadi purnama anyar.
Lalaunan Kiara ninggalkeun Randu. Sakumaha biasa, itungan léngkah nu ka sapuluh manéhna ngalieuk, tuluy imut, imut nu kaliwat purba, nu teu bisa disuluran ku ungkara sarébu sajak.

Lagu Nostalgia

Langit Bandung. Béngras. Taya méga nu gumulung. Béntang tingkaretip ngaheureuyan, bangun nu ngajebian, ngaléléwéan, panonna gulak-gilek lir panari kécak ti Bali.
Kuring ngarandeg. Ngadeg ajeg nangtang langit. Tanggah sakedapan, tuluy tungkul deui. Leumpang mapay-mapay trotoar bari ngitung hideung bodasna nu kaliwatan. Sakapeung sok ngahaja ngatur leumpang dina trotoar téh. Suku katuhu nincak hihideungna, suku kénca kudu nincak nu bodasna, teu apal kumaha, da ieu kabiasaan téh nerap ti leuleutik unggal miang jeung mulang teu sakola. Sok teu karasa, ujug-ujug anjog ka tempat dijugjug. Jeroning leumpang téh nu kapanggih ukur puntung-puntung roko katut sésa pajegna jeung runtah, nu patulayah jero haté..
Warung Pa Lili aya kana sapuluh méter hareupeun, handapeun sepanduk ‘Wilujeng Sumping di Kota Bandung’. Pa Lili, nu kungsi dijangjian koperasi kiridit ku kuring. Kaitung lila Pa Lili muka kios di gigireun kantor kuring téh, aya kana sapuluh taunna jigana. Kuring tuluy nyampeurkeun. Risi. Paripolah Pa Lili loba diréka-réka. Kuring surti.
“Lembur, Pa?” Ukur sakalimah nu kedal ti manéhna.
Cék pikir asa teu perlu ditémbalan. Ukur seuri saperluna. Asa dosa deuih. Geus jalir jangji.
“Filterna sabungkus nya, Pa.” ayeuna mah nyandu deui kana udud téh.
“Mangga.” témbal Pa Lili bari ngasongkeun Filter karesep kuring.
“Nuhun, Pa.” kuring némbal bari mikeun duit duapuluh rébu tina pésak.
“Wangsulana, Pa.” sora peura Pa Lili ti jero kios.
“Wios, candak wé.” cék kuring bari tuluy ngaléos.
Gerbang kantor ngabedega hareupeun. Portalna geus ditutup. Karyawan mah kabéh geus marulang ti soré mula. Kasampak Pa Adang bangun anu ni’mat pisan ngadéngékeun radio bari lelengutan. Manéhna ngoréjat, nalika kuring dédéhéman.
“Éh, maap, Pa. Selamat malam.” Pa adang semu lulungu mukakeun portal. Tuluy manéhna ngahormat jiga upacara bendera keur budak. Jadi asa rarisi ningalina ogé. Ongkoh leungeunna ngahormat jiga pingpinan upacara, tapi awakna tibongkok-bongkok popoyongkodan. Kuring bingung kudu kumaha peta, antukna kuring bati unggeuk bari tuluy muru lawang kantor.
Kuring asup. Hawa AC karasa tiis ti jero rohangan. Sasat nambahan tirisna peuting ayeuna.
Kenop lift dipencét. Panto lift muka. Dipencét angka opat. Lift ngageleser lalaunan. Unggal lantéy lift nu kaliwatan, kabayang waé Ani, sekretaris gumeulis anu rancunit. Ramona nu lentik tingpepereket kana beuheung bari leungeun sabeulahna ngopépang gagarayapan, mapay-mapay kahayang, pangpangna mah, hayang bonus.
Panto lift muka deui. Geus anjog di lantéy opat. Ka rohangan husus keur kuring. Korsi, méja, pulpén, mangsi, gantungan jas, kabéh satia dina tempatna, jadi batur kuring salawasna di kantor, salian Ani, basa kuring ninggalkeun Andi nu keur dijar maca.
Sora jam seiko meupeus simpé. Disada salapan kali. Sorana lambang kasimpé. Rudet. Muka lamari. Mariksaan deui pagawéan kantor anu teu réngsé-réngsé. Proyék nyieun hotél, proyék jalan tol, proyék Mall, can aya nu réngsé hiji-hiji acan. Mana ti luhurna geus diACC deuih. Nu jelas pasti ditatagih waé hasil gawé téh. Ti luhur kitu, teu bina jeung nu ti handap. Nu darémo angger pacowong-cowong, siga nu barelul ngatur baé. Ti handap didengkék, ti luhur ditincak.
Uteuk.geus hésé diajak mikir, teu puguh cagap, bet rét kana rak CD nu perenahna hareupeun pisan. Disampeurkeunm, rak dibuka, kasampak CD jeung kasét-kasét koléksi kuring. Diilikan téh, horéng CD karesep kuring jeung Ani, Kompilasi Lagu-lagu Nostalgia. Cék batur indung kuring mah cenah nostalgia téh leuwih lana, béda jeung lagu-lagu kadieunakeun. Lagu-lagu ka béh dieunakeun mah loba nu aralus cangkangna hungkul, ari eusina mah lolobana teu digarap kalawan daria, nepi ka lagu cianjuran kapan ku salasahiji ahli mah sok disebut sekar daria. Ku neueulkeun teuing kana cangkang mah geuning sok kalah bosen mirengkeunana ogé, sumawonna kana ngalenyepanana mah.
Kop CD dicokot, cetrék knop play dipencét, hawar-hawar bet kapireng Broery Mareantika ngahaleuang:
“Ijinkan aku pergi
Apalagi yang engkau tangisi
Semoga kan penggantiku
Dapat lebih mengerti hatimu.”
1

Gusti, bet kalah ras deui ka Ani, da rék dilali-lali gé, kapan langlayangan haté mah geus kabandang. Dalah disisinglar ogé, haté mah teu bisa ingkar. Da urang duaan kapan nu geus garuyang dina rujitna situ asih téh. Enya, ayeuna atra kalangkang anjeun dua minggu ka tukang, urang duaan silih keukeup dina pirigan lagu, lagu panineungan. Méh sarua, lagu ieu pisan kapan. Harita, basa digawé lembur poé saptu mangkukna. Lentik ramona bet karasa deui pageuh dina cangkéng. Hiliwir seungit buukna, imutna unggal isuk saban nganteuran cikopi, seungit farfum Bulgary-na lawas kaambung saban rénghap. Sagala rindat jeung réngkak bet lawas ngancik na lelembutan.
Da manéh nu jadi pucuk ti girangna mah, An. Coba mun manéh teu sakongkol jeung si Hadi, suverviser édan. Maranéhanana téh balad kurawa nu geus namplokan tai na beungeut kuring. Mun téa mah kasét teu dibikeun ka Lisna, mun téa mah éta potrét nu jadi mamala téh teu dikirimkeun ka imah, atuh moal kieu balukarna. Hampura mun kuring téga mecat maranéh duaan, éstu lain kahayang, lain kahayang.
Ti harita kuring narékahan, Lisna téh diteleponan baé, Mamah nu sok ngangkatna téh, pajarkeun euweuh nganteurkeun Andi ka sakola. Awahing panasaran, kuring laju ngajugjug ka sakolaan, tapi da cék guruna mah geus tilu poé absén. Kaambek nyedek harita, antukna kuring ngawani-wanikeun manéh néang ka imah mitoha, singhoréng Lisna keur daria ngawurukan Andi. Hayang aral harita téh, hayang meupeus keuyang, duméh asa dibobodo, tapi da asa kumaha. Komo mun ningali Andi nu ngalieuk ka kuring bari nyebut “Papa”, horéng diaku kénéh geuning kuring téh, singhoréng Lisna teu mukakeun aib kuring, cacakan geus puguh saha nu codékana, saha nu dosana. Apan geus puguh; kuring.
Kuring, kuring nu salah mah. Coba duit nu disetorkeun ka bangsat Hadi pikeun ngabubuni aib diri téh dikasicikalkeun, meureun moal kieu balukarna. Da tétéla ngabubuni délan mah lalaunan ogé bakal kaambung nyegakna.
Lain ti anggalna, lain ti anggalna atuh nolak lamaran gawé ani téh. Ayeuna, ari geus kieu, rék kumaha? Duit lapur, kulawarga ancur, sangu geus jadi bubur.
Deuh, Andi, geuning bapa téh lain picontoeun, tapi pieunteungeun. Tapi sugan kétang, Di, hiji mangsa mah bakal jadi picontoeun, nyaan, Di. Ayeuna sugan? Geus hayang ngomong kitu téh. Tapi sasat ngomong ogé geus hésé, komo deui jeung kudu ngabuktikeuna mah.
Éndah nyérangkeun dayeuh Bandung ti pongpok béh dieu mah. Kantor Bank – nu lantéy pangluhurna dijieun diskotik – atra katingal, gumebyar méré warna. Héjo, konéng, beureum, biru. Warna lalakon kuring.
Cadu aing mah mun kudu nincak deui ka dinya. Kuring, Hadi, jeung Ani mémang kungsi ka dinya, ngahaja hayang ngabangbrangkeun pikiran. Tapi béda jalma béda pamiangan geuning. Maranéhanana mah lain niat hayang hiburan, kalah nyaléndro ngomongkeun proyék nu itu nu ieu. Tuluy kalah ngasongan kertas tandatangankeuneun. Mun harita Ani teu léléndéan, moal teuing ditandatangan.
Béh kulon, Dalem kaum, Masjid Agung angger ajeg adigung luhung nangtang sakabéh jalma nu kasarung. Terahir asup téh basa juma’ahan saminggu ka tukang. Harita téh meunang shaf panghareupna, cacakan datangna telat ogé. Da éta, ma’mum nu aya di dinya pada nyaringkah méréan jalan keur kuring, samalah alim ulama nu aya di shaf hareup mah ngajujurung sangkan jadi Imam jeung Khotib, nya dipaksakeun najan rada arapap-eureupeup ogé, isin atuh, kapan kuring téh geus jadi public figure.
Juma’ah poé kamari mah kaliwat. Di kantor loba nu marawa sepanduk jeung famplét nénjokeun katugenah ka kuring salaku atasan. Pajarkeun cék maranéhanana mah kuring téh teu bisa mingpin pausahaan. Isu-isu nu diangkatna bari dicowong-cowong dina mégaphone téh:”Bakri turun.”, atawa “Adili Bakri Sang Koruptor”, nu nyirikeun pisan yén ieu mah akal-akalan Si Hadi mah “Dasar Pamingpin otoritér, maén pecat sangeunahna.” Bener, Si Hadi nu boga hajatna ieu mah. Hadé manéh téh, kuring salut, manéh bisa mawa jalma sangkan kahasut.
Geus sararanggeuk teuing sabenerna mah kudu nyanghareupan nu kararitu téh. Komo lamun tatit tukang foto patingjelegér neunggeul beubeungeutan. Dasar média édan, tukang fitnah. Can kungsi aya warta nu teu dibungbuan, nu nyaritakeun kajadian sabenerna. Bener ceuk Bertolt Brecht baheula;
“Dina buku-buku téh nu kacatet ukur ngaran-ngaran raja, naha maranéhanana ngangkutan batu?.....Mangpirang-pirang laporan. Mangpirang-pirang patalékan”
1

Kuring meureun rajana téh, da nu kacatet jeung jadi puseur perhatiana téh ngaran kuring. Tapi naha mnaranéhanana pernah merhatikeun tihothatna kuring, dug hulu pet nyawa-na kuring merjoangkeun nasib maranéhanana, kaasup anak jeun pamajikanana?
Hariring lagu manteng marengan lamunan. Wirahmana mawa katingtrim nyerep nepi ka kalbu. Vodka dibawa tina buffet. Dicampur jeung és batu. Dicicikeun na gelas leutik. Leguk. Ngamalir lalaunan kana genggerong, nyimbeuhan raga jeung jiwa nu salila ieu kabulusan nganti mangsana srangéngé isuk meleték ti béh wétan. Srangéngé, nu can jadi palsu.
Gék kuring diuk dina korsi puter. Di hareupeun aya nu ngajak imut. Di luhur méja, Andi jeung Lisna neuteup kuring, teuteupan nu pinuh harepan. Di tengahna aya potrét urang tiluan. Harita, basa di Pangandaran, ditukangna ngaplak pulas biru, pulas sagara. Biru téh lambang kaalum, cai sagara ayeuna bet motah deui, na mata kuring. Awak tuluy diputerkeun nyanghareup kana jandéla. Kacana diobukakeun, karasa geuning, hawa tiis Bandung nyecep kana pori-pori, diseuseup salila-lila. Humandeuar. Nyérangkeun ka jauhna. Jleng. Di dieu mah éndah. Tenang. Ni’mat taya papadana, nalika ieu waruga ngalayang mapag méga, mapag awang-awang. Bungah. Bagja salawasna.. Saheulaanan lagu Nostalgia kapireng kénéh handaruan, ngalonan lapat-lapat.
“Ijinkan aku pergi.”

Bangkarak Anak Merak

Kuniang kuring hudang. Kongkolak mata muka lalaunan. Horéng mongkléng naker, teu kaciri curuk-curuk acan. “Jam sabaraha ayeuna nya? Geus peuting kitu?” Jam béker nu biasa nyampak di kéncaeun risbang, bet teu kapireng tuk-tek – tuk-tekna acan. Nu kapireng téh ukur alonna wirahma ketug jajantung sorangan, sora nu minuhan kamar.
Kuring rumpu-rampa, lir jalma lolong nu kasarung, néangan sugan aya panékér urut tadi. “Deuh dimana deuih nya, da tadi mah yakin di dieu” ngarampaan deui sugan aya ti béh kulon “Yakin uing mah, tadi di dieu, deukeut pahpir urut ngalinting.”
“Tiris, asa ku tariris, padahal taya angin nu ngusapan. Pédah poék kitu? Leuh, teu kuat kuring mah. Ari keur kieu téh sok hayang narik , biasana mah aya waé barang téh.” Késang mimiti ngagarajag tina tarang. Bayeungyang, tapi tiris kacida. Jero dada ngaguruh lir situ budah. Uteuk geus ngagolak saab hayang maké. Lieuk deungeun, lieuk euweuh. Implengan teu inget kana nanaon. “Uing ngan butuh barang! Tapi dimana ayeuna? Jadah Roni, kalah balik deuih ilaing mah. Uing butuh manéh. Ieu deuih bet poék sagala. Keueung…kuring mah keueung.”
“Heueuh….HP! Mana HP? Rék ditelepon waé Si Ronina, rék dititah ka dieu. Ngan dianjuk nu ayeuna mah, engké dihijikeun mayarna mah jeung nu kamari. Alah jeung dimana deuih HP téh nya?” Kuring gagaro teu ateul, laju rarampaan bari kokorondangan. Susuganan, sugan aya, da tadi mah diteundeun na tumpukan baju béh kalér. Ari keur teu butuh sok nyampak, na ari keur butuh-butuhna, bet ngadak-ngadak euweuh deuih. “Aduh Gusti!! Tengteuingeun teuing ka uing téh.”
Deg..sora jajantung nu tadi marengan téh ngarandeg lir fade out pamungkas lagu. Wanci lir ngamalir dua wiletan, jeung gerak awak asa beuki lalaunan, basa ngaran Gusti teu kahaja kakedalkeun. Ti dinya kuring ngabigeu ngabatu arca. Gusti. Enya Gusti. nu salila ieu ditéangan – jiga ayeuna, popoékan néangan panékér jeung HP – boa kapanggih.
Teu bisa ngomong nanaon, bet teu karasa pipi ngahéab aya nu saab, cipanon budah teu katahan. “Allah..tulungan.” Lain Roni ayeuna mah nu bisa nulungan kuring, lain morphin, lain ganja, lain Mamah, lain Apih deuih. “Gusti, hampura kuring, rumasa kadar kieu nyatana..”
Ti dinya aya sumirat cahya nojo mata tina liang leutik, cahyana ngagurat ringkang, ku kuring dideukeutan, lalaunan, beuki deukeut, beuki gegebegan. Laju ditoong téh, samar-samar katingali Apih jeung Mamih di rohang tamu. Duanana padu tungkul baé.
“Lepat Apih ieu mah!” Sora Bass Apih kapireng handaruan meupeus simpé.
“Atos Pih, lepat Mamih ogé janten kieu téh.” Ti dinya duanana silih keukeup. Si Mamih mah bari cecegrukan. Duanana laju ngalieuk ka kuring.
Sieun katohyan, kuring ngalies deui ka jero. Jantung beuki gegebegan, jiga saminggu ka tukang, basa maké ganja. Harita aya nu ngetrokan panto kamar, Mamih. Ngan teu lemék teu carék, bangun nu surti. Meureun urusan budak keur meumeujeuhna badung mah ngama’lum, katurug-turug loba kénéh nu kudu dipikiran ku Mamih.
Tapi naha ayeuna mah teu cara sasari Apih jeung Mamih téh, bet kaciri tingtrim, teu paraséa jiga baheula. Apih dadak sakala bet kaciri lébér wiwaha, jeung mamih deuih, dareudana bangun pinuh kahéman jeung kadeudeuh. Atawa kuring nu salila ieu salah sangka. Kuring teu sadar, ukur maranéhna boa, nu nyaaheun ka kuring.
Rét kuring ngarérét deui, tina liang konci téh bet teu kasampak deui Mamih jeung Apih, rohang tengah gé jadi poék mongkléng, jigana Mamih jeung Apih tuluy pindah ka kamar hareup.
“Hampura, Apih…Mamih.” Hayang ngajorowok kuring téh ka Mamih jeung Apih, ngan asa aya nu malang lebah genggerong.
Jep simpé deui. Mamih jeung Apih duka ka mana, tuk-tek jam béker teu marengan deui cara sasari. Nu kapireng ukur alonna wirahma ketug jajantung. “Kuring embung simpé! Hayang ramé, hayang Apih jeung Mamih paraséa deui, hayang dipinuhan deui ku sora-sora ahéng nu holna teuing ti mana, hayang cara sasari. Da geuning simpé mah kalah kasiksa.”
Kuring ngarahuh, implengan mancawura, patulayah, laju dipulungan hiji-hiji. Inget lalakon hirup nu geus lawas, awor jeung kahanjakal nu taya limitna, nu salawasna ngukuntit, najan kuring cumegruk, najan citangis geus garing, najan tapak silét minuhan pigeulang, sanajan kuring nyeuleukeuteuk dikulibeng haseup ciméng , najan aditif lawas ngamalir na urat-urat sarap, najan di luar hujan geus raat, horéng peteng salawasna ngarungkupan lulurung sukma.
Geuning kieu karasana, hirup jeung paéh naon bédana? Simpé taya papadana. Kuring ukur bisa nangkeup tuur bari tungkul, miharep hiji sora datang, salian ti sora ketug jajantung sorangan.
Teu lila ti dinya, bet kapireng sora nu méh les-lesan, sakapeung narikan, sakapeung ngalonan. Kuring cengkat, luak lieuk néangan sumber sora, tayohna nu ngaji;
“Fasubhanalladzi biyadzihi malakuutukulli syai’in wailaihi turja’un.”
Tuluy simpé deui.
Teu lila kapireng deui sora, sarupa ketug jajantung kuring sorangan, sora léngkah nu ngadeukeutan.
“Roni kitu?” Ceuk pikir.
“Ma Robbuka?” Kapireng sora agem ti nu ngadeukeutan. Kuring bati ngabigeu, sakabéh runtuyan kajadian ayeuna kaliwat ahéng keur kuring.
***

Bulan jeung Halimun

Manéhna nyorangan na korsi taman. Handapeun lampu nu nebarkeun sinar konéng kana buukna nu galing muntang. Beungeutna geulis, najan basa cipanonna ngembeng deui, kageulisanana jadi katémbong layu. Duka naon nu jadi marga lantaran, nepi ka manéhna kudu terus nyusutan cipanon, sabot peuting meuntaskeun manéhna kana poé nu anyar, sabot taya jalma lian nu sadar yén di taman nu perenahna di tengah kota éta, aya wanoja keur nyorangan.
Bulan ngaguliweng seukeut jiga arit. Pikeun leuwihna langit némbongkeun sababaraha béntang tingkaretip.
Si wanoja miceun tisu nu geus cipruk, terus nyabut deui salambar nu pangahirna. Deukeuteunana kembang keretas geus ibunan. Manéhna ngarénghap tur sama sakali teu boga karep pikeun ngarérét arloji nu meulit na leungeun kéncana. Naha waktu téh geus jadi hiji hal nu ku manéhna hayang dipopohokeun? Naha naon nu geus disogrogkeun ku waktu saméméh manéhna jadi hiji-hijina pangeusi taman tur dibarung ku kasedih nu bangun taya hinggana?
Kuduna mah manéhna aya di hiji tempat nu merenah wayah kieu téh. Dibulen simbut haneut tur disenangkeun ku impian-impian éndah. Atawa kuduna mah manéhna aya dina tangkeupan hiji lalaki nu teu pernah boga ungkara séjén pikeun haréwoskeuneun, lian ti kecap tresna jeung kangen. Heueuh. Dunya téh geuning pinuh ku kecap ‘kuduna mah’, lantaran nyakitu téa, bet aranglangka saluyu jeung kahayang urang.
Jalan nu perenahna kiduleun taman éstuning simpé. Teu lila katémbong aya béca ngaliwat. Manéhna hayang pisan ngageroan si tukang béca sangkan bisa nganteurkeun manéhna ka hiji tempat méméh peuting lekasan. Tapi manéhna ukur melong éta béca nu terus ilang lebah tikungan, kahalangan ku wangunan-wangunan toko nu katémbong ngungun.
Hawa kacida tirisna. Calana jins jeung kaos nu saraket awakna karasana leuwih ipis tibatan kulit bawang. Manéhna masih kénéh melong jalan. Katémbong aya deui béca nu ngaliwat sanggeus hiji sédan ngadius ka kulonkeun. Manéhna engab rék ngageroan tukang béca, tapi teu tulus. Najan kitu, katémbong éta béca téh eureun, sanggeus sababaraha detik terus méngkol, asup ka jalan leutik tina papingblok nu meulah taman, terus méngkol ngaliwatan amparan jukut.
Béca eureun. Si tukang béca melong éta wanoja tina sadel bécana, lir keur melong hiji kaahéngan nu ngabalukarkeun manéhna ngadadak jadi patung.
“Néng…” pokna sanggeus sababaraha lila.
Si wanoja melong lalaki nu lalaunan ngoléséd tina sadel bécana, terus nyuplak topi. Manéhna teu ngomong sakemék ogé basa si tukang béca terus nangtung hareupeunana.
“Nuju naon tengah wengi aya di dieu?” tukang béca nanya ku sora nu halon pisan.
Si wanoja ukur gideug meueusan jiga nu teu maksud méré jawaban. Manéhna ukur melong sakeudeung ka éta lalaki, terus menerkeun buuk nu ngaroyom kana beungeutna.
“Emang ngantosan tadi, tapi saur Satpam, Enéng tos mulih…”
Simpé.
“Kunaon sapertos nu nangis?” tukang béca ngasupkeun topi kana saku jékétna nu mun ti beurang mah baris katémbong pisan belélna. Sanggeus rarat-rérét ka sabudeureun, manéhna lalaunan cingogo hareupeun si wanoja tepi ka manéhna bisa leuwih jelas melong sapasang panon nu bareubeu.
“Upami Enéng kersa, emang tiasa jajap Enéng mulih ayeuna. Yu…” cenah, ngaemangkeun manéh, sakumaha kabiasaan jalma lian ka tiap tukang béca. Padahal mah umurna téh ngora kénéh. Malah teu pati géséh jeung umur si wanoja gé. Saluhureun saeutik.
Si wanoja gideug. Anggur melong deui ka lebah jalan.
“Enéng moal sawewengi di dieu pan? Sok ku emang diantosan…” tukang béca téh jung nangtung, leumpang sababaraha léngkah, terus ngajanteng deui.
“Teu kudu nungguan…”
“…naha?”
“Teu kudu nanya…”
“Tapi…”
Éta lalaki teu indit. Manéhna masih kénéh hayang cumarita, atawa ngalakukeun naon wé nu bisa ngarobah sikep éta wanoja tepi ka daék mulang dianteurkeun ku manéhna sakumaha biasa. Geus remen pisan manéhna nganteurkeun éta wanoja téh, geus teu inget puluh-ratusna.
Nu pangahirna tadi burit. Manéhna nganteurkeun éta wanoja ka hiji hotél, tur nénjo si wanoja ngaléngkah bangun hampang naker, asup ka hotél sanggeus mayar ongkos nu terus ditunda ku manéhna dina kotak handapeun jok bécana. Manéhna teu boga alesan nanaon, ngan ukur hayang neundeun sakabéh duit nu kungsi katarima ti éta wanoja.
Duit nu sakapeung dirawatan dibébérés, bari ngimpleng keureutan nu méréna. Wanoja nu ceuk angkeuhanana, éstuning pangéndahna najan dibandingkeun jeung ratusan awéwé nu kungsi diuk dina bécana.
Mindeng pisan manéhna ngimpleng si wanoja sabot manéhna ngaringkuk dina bécana bari nungguan panumpang di Parapatan Lima. Ngadadak manéhna robah jadi mahluk nu misterius pikeun tukang béca lianna. Sakapeung sok teu pupuguh ngoréjat jiga nu kagebah, terus tanggah ka langit, clak kana sadel, ngadius indit. Nu ditujuna taya lian iwal ti hotél tempat si wanoja sababaraha jam saméméhna turun tina bécana. Mun geus katémbong si wanoja kaluar tina panto hotél, gancang disampeurkeun kalayan jiga nu yakin pisan yén si wanoja téh bakal merlukeun dirina.
Nganteurkeun si wanoja mulang ka imahna nu teuing lebah mana –manéhna sok ngan ukur dititah eureun hareupeun hiji gang—éstu geus jadi hiburan nu kacida gedé hargana pikeun gairah hirupna nu hamo bisa ditukeuran najan ku ratusan kajadian nu pikasenangeun. Manéhna kadangkala teu mikiran naha nu dipaké mayar ku si wanoja téh duit atawa lambaran daun. Karidoan éta wanoja tepi ka daék dianteurkeun ku bécana, geus jadi hiji bayaran nu kacida mundelna pikeun manéhna.
Tapi kajadian nu kiwari keur disanghareupan, éstuning matak hareugeueun. Naha naon atuh nu geus kajadian nu ngalantarankeun éta wanoja sumegruk sorangan di ieu taman? Naha saban lalaki nu sok biasa ditepungan ku manéhna geus nganyenyeri haténa ku nyarita nu lain-lain? Atawa naha lalaki tengah tuwuh nu sok ditepungan ku manéhna di sababaraha hotél nu béda, nyarita yén manéhna téh geus boga wanoja lian nu leuwih geulis tibatan manéhna? Mémangna aya kitu wanoja nu leuwih geulis tibatan manéhna?
Si tukang béca geus hayang pok nanya, tapi si wanoja nu keur diteuteupna masih kénéh katémbong keur nataran kasedihna sangkan cimata teu terus nyangkrung na panonna. Saha nu geus sakitu tégana, nu geus nimbulkeun kasedih nu bangun taya hinggana dina haté wanoja nu pangéndahna di ieu dunya?
Jeung deui, saha atuh manéhna téh? Ti saprak manéhna aya di ieu kota, can kungsi ngarasa deukeut jeung hiji jalma lian ti jeung éta wanoja. Rasa nu ngan ukur bisa raket jeung haté hiji lalaki nu teu pernah boga kakuatan nu rosa pikeun ngedalkeunana. Naha bener éta wanoja téh sakumaha nu aya dina sangkaanana? Naha ku naon manéhna boga rasa nu teu bisa disieuhkeun najan apal yén éta wanoja saban peuting aya di hotél nu béda-béda? Heueuh. Asa ruwet atuh hirup téh, tapi tangtuna gé bakal kacida teu raména mun dina hirup euweuh karuwet.
Bulan leungit. Langit pinuh ku reueuk. Cahaya konéng lampu taman mimiti diteureuy halimun.
Taya kakuatan séjén nu geus ngalantarankeun éta lalaki diuk di gigireun si wanoja, lian ti geter haténa nu hayang leuwih deukeut ka manéhna. Malah mun kongang mah hayang pisan ngusapan buukna nu galing muntang, mun téa mah manéhna léah sangkan kasedihna gancang lekasan.
“Tos janari,” pokna, angger halon.
Si wanoja ukur nyengkatkeun beungeutna, pelongna lempeng kana patung awéwé nu anggangna ukur sababaraha méter tina korsina. Patung awéwé nu ngaranggahkeun leungeunna jiga nu hayang néwak naon waé nu rék murag ti langit.
“Akang rék tetep ngantosan, sakumaha biasa. Akang rék ngantosan sangkan tiasa jajap Enéng sakumaha biasana,” pokna deui. Najan sorana ngageter, tapi kakuatan nu sarua, nu geus méré tanaga tepi ka manéhna bisa diuk di gigireun éta wanoja, nu méré kawani sangkan manéhna ngaengkangkeun manéh, teu nyebut deui emang jiga saméméhna.
“Naha kudu ngadagoan kuring?” si wanoja nanya, bari angger melong ka lebah patung.
“Lantaran hal éta nu ngalantarankeun haté akang ngarasa bagja…” témbalna bangun nu lahlahan.
“Naon maksudna?”
“Leres, duka naon maksadna. Mung ukur hoyong ngajajapkeun Enéng sakumaha biasa…”
Si wanoja terus inget, kumaha pasemon éta lalaki mun geus ningali manéhna kaluar ti hotél atawa kaluar ti gang tempat biasana manéhna megat béca. Manéhna gé sok ngarasa, yén éta lalaki téh sok melongkeun heula manéhna tepi ka bener-bener ilang tina tetempoanana, saméméh éta lalaki naék deui kana sadel bécana. Manéhna tara réa nyarita, boh keur di jalan, boh mun manéhna turun hareupeun gang atawa di buruan hotél di mana manéhna bakal nyanghareupan pasemon jalma-jalma nu pinuh ku kapalsuan.
“Kunaon di dinya sok hayang nganteur kuring?”
Si lalaki teu nembalan. Manéhna teu bisa ngajelaskeun nanaon. Réa teuing atuda nu kudu dijelaskeunana. Waktu sakumaha panjangna gé bakal tetep samporét pikeun manéhna ngajelaskeun naon nu geus jadi sumber kabagja sakaligus kaguligah haténa.
“Ti mimiti ayeuna di dinya geus teu kudu nungguan deui kuring. Hirup kuring geus lekasan.” Sora si wanoja lir keur ngaharéwos.
Sanggeus ngahuleng bari tungkul, pok si lalaki téh nyarita, “Pikeun akang, tetep bakal aya nu kedah diantos, Néng. Najan tepi ka iraha waé ogé. Ku akang mah moal sina lekasan, lantaran hal éta nu ngalantarankeun hirup akang aya hargana…”
“Naha maké kuring nu sok ditungguan ku didinya téh atuh? Jeung naha maké di dinya nu sok nungguan kuring téh?”
“Akang gé teu terang, Néng. Nu akang apal mah akang téh kedah jajap Enéng boh  miang atawa mulang…”
“Mulang…” ceuk si wanoja bangun nu keur ngunikeun kecap nu teu ngandung harti nanaon. Manéhna ngarahuh. Dina katunggara haténa alatan hiji hal nu ukur manéhna nu apal, si wanoja nangtung, terus ngusap cipanon ku ramona tepi ka garing pisan. Manéhna tanggah ka langit jiga aya nu ditéangan. Tapi nu témbong ukur mongkléng.
Si lalaki melong bangun héran. Jung manéhna gé milu nangtung. Basa si wanoja ngaléngkah nembus halimun, manéhna gancang nyurung bécana. Tepi ka sisi jalan, saurang gé taya nu nyarita.
“Kuring geus kacida capéna pikeun terus-terusan miang,” ceuk si wanoja bari melong kelemeng péngkolan, “Anteurkeun kuring mulang, ka mana wé kumaha anjeun…”
Sanggeus ngahuleng sakeudeung, si lalaki gancang ngelap jok béca nu geus rada kaibunan ku topina, jiga nu geus taya waktu deui pikeun nyokot elap tina handapeun jok. Terus leungeunna nu gumeter muka jékétna, kalayan rintih éta jékét téh dipakékeun ka si wanoja. Manéhna terus nitah si wanoja naék kana bécana, ku sikep nu némbongkeun yén pikeun manéhna mah éta wanoja téh éstuning hiji jalma nu kacida mulyana.***

15 Mei 2010

Santri jeung pulisi

DINA riungan di bumi ajengan, hiji santri gawéna ngan hulang-huleng sajeroning ngabandungan katerangan ti guruna. Cék ajengan, “Mun hayang meunang kabagjaan, urang kudu terang kana alamat Alloh. Ngajugjug alamat Alloh mah aya dina rarakatan solat. Sok geura urang tataan, isa 4, subuh 2, lohor 4, asar 4, magrib 3.”
Geuning babari nginget-ngingetna, cék éta santri gegerendengan sorangan. Barang nepi ka imah, gutrut wé éta santri téh nulis surat.
Kahatur Gusti Alloh
di 42443
Nun Gusti, ieu abdi seja dumeuheus ka Salira. Nepangkeun, abdi téh hamba Salira nu teu kinten leketkeun dina ngalaksanakeun ibadah. Siang wengi teu weléh sumujud, babakti masrahkeun raga sakujur. Abdi mah tos teu ngémutan haliah dunya. Éstuning madepkeun diri sagemblengna ka Salira.
Nanging, dina waktos ieu mah, rumaos abdi téh nuju gaduh karerepet. Eta,  patali sareng hahargaan nu nérékél. Katambih pun anak nu cikal, ayeuna tos sakola. Saur guruna kedah énggal-énggal méréskeun bayaran sakola.
Tah, ku kituna, ngalangkungan ieu serat, abdi seja mundut sih piwelas ti Gusti. Teu ageung, mung 100 rébu.
Hatur nuhun sareng diantos waleranana.

Baktosna,
Santri nu teu weléh babakti.

Sup wéh éta surat téh kana amplop. Gidig ka kantor pos, nikreuh ti imahna kénéh. Tapi kantor pos geus tutup, nya sup wé kana kotak pos. Ngan lantaran neundeunna rusuh, surat téh dapon néwél, atuh pluk wéh murag ka jalan.
Teu kungsi lila gurudug pulisi duaan kana motor. Reg lebah kotak pos.
“Bieu mah siga mubus ka kantor pos,” cék nu saurang.
“Lain, ngabiur ka ditu!” walon baturna.
“Ka kantor pos. Déwék inget kénéh jelemana, maké jékét beureum. Éta tuda ngajalankeun motor téh mani laun pisan, nepi ka teu bisa nyusul.”
“Keun baé atuh, pira gé ngalanggar teu maké hélem. Sigana urang dieu. Ké, ari éta naon?” cék nu hiji bari nunjuk kana surat.
“Surat euy, sigana murag tina kotak pos, teu bener ngasupkeunana. Cik urang asupkeun deui…” cék baturna. Kop kana surat, méméh diasupkeun téh dibaca heula. Nyéh seuri sorangan. “Anéh ieu jelema. Nyuratan ka Gusti Alloh. Cik urang buka…” bari gereyem dibaca. Baturna milu maca.
“Jelema setrés sigana mah. Geus poékeun. Cik béré atuh…”
“Béré naon?”
“Asupan duit… pira saratus rébu.”
“Teu boga… ngan boga 75 rébu….”
“Enya saayana wé… jajapkeun ka imahna bari balik…”
Pabuburit éta dua pulisi téh nganteurkeun amplop ka imah santri.
“Yeuh, aya surat?”
“Ti Gusti Alloh?”
“Enya.”
“Alhamdulillah, tos diwaleran. Nuhun…”
Bus ka imah. Gancang surat dibuka. Terus kerung. Teu ngengkékeun, gutrut wé nulis deui surat.
Gusti, hatur nuhun kintunanana parantos katampi. Mung pamundut, ka payunna mah teu kénging dititipkeun ka pulisi. Geuning dipotong 25 rébu.

Simpé di Kamar Pangantén

Ang, lalakon urang, asih urang, énjing mah bakal lekasan.
Wengi ieu, Iya hoyong nguping soanten Aang pikeun panungtungan. Soanten nu salamina tiasa meruhkan Iya. Leuleuy, halimpu, tebih kana babasan tereges. Mépés sagala kasumpeg. Cariosan Aang salawasna tetep nyerep kana lelembutan. Wening matak tingtrim kakupingna.
Siga wengi-wengi harita. Telepon tos dialihkeun ka kamar. Ngahaja ngarah laluasa mun Aang nelepon. Ayeuna mah teu disimpen luhureun kasur cara sasari, tapi luhureun laci tualét, di sisi kamar.
Ngajejentul neuteup eunteung. Neuteup kalangkang kamar.
Seungit kembang malati nu masieup lawang panto kamar, meleber. Kamar téh jadi cahayaan wengi ieu mah. Cikénéh tos disulap janten kamar pangantén. Lampu néon digentos ku nu langkung caang. Kamar ditutup ‘back groun’ warna kasumba diluyukeun sareng warna sepré. Sieup pisan katingalna. Bagja, bagja Iya téh kedahna mah Ang.
Paneuteup lalaunan ngalih kana kalangkang raray. Geulis Iya téh saur Aang ogé. Kalangkang téh dilelekan hiji-hiji. Taarna, halisna, pangambungna, lambeyna, angkeutna, sareng socana. Soca Iya matak deungdeuleueun unggal lalaki, cek Aang. Kelétna, gular-gilerna matak kapélét pameget.
Tadi sonten tos dilulur. Ti luhur dugi ka handap, diboboréhan teu aya nu kalangkung. Ngarah énjing waktos dirapalan raray Iya langkung moronyoy, saur nu ngarias téh.
Gap lalaunan raray téh disasar, lemes. Aya nu ngelemeng semu héjo. Naha geuning Iya mah urat téh bet dina damis, sanés dina taar nya, saur Aang harita bari ngusapan damis Iya. Muhun puguh ogé anéh. Tapi pami disidik-sidik mah asa beuki nambihan sieupna pameunteu Iya. Panginten nu kieu nu disebat sieuran téh nya?
Reup peureum. Karaos kénéh geterna panangan Aang harita. Nyah deui.
Ang, tinggal geura acuk Iya wengi ieu. Warnana sami sareng warna sepré, kasumba. Warna keresep Iya. Beuki geulis Iya mah pami nganggo acuk kasumba téh saur Aang kénéh. Can kantos ninggal nya, Iya nganggo acuk modél kieu? Kaénna ipis ngalangkang, tembus titingalian téh dugi ka lebetannana. Lebah beubeulahan dadana, ngaliglag. Séksi téh Ang. Ngahaja nganggo acuk kieu téh pangantén mah, ngarah pikabitaeun, gampil mukana deuih.
Rénghap, ngaléngkah, gék sisi kasur. Luk kana karpét. Paingan mani hipu ditincakna ogé, da sakieu kandelna. Golédag wéh, empuk. Sepréna disasaran. Lemes, lésang, tapi nyecep karaosna. Kaén sutra mah da kitu perbawana. Saé katingalna tapi teu raos diboboanana. Gap kana guguling. Ditangkeup tipepereket. Emh, mun Aang nu ditangkeup kieu téh. Héab, Aang mah nu Tétéh.
Naon atuh nu nalian Aang téh dugi ka teu tiasa pukah ti Tétéh?
“Kacipta nyerina haté Aang, mun pareng Iya nikah ka nu sanés. Sanaos Aang siap, tapi haté leutik mah teu mikeun Iya jadi milik lalaki séjén.”
Kitu saur Aang harita. Tapi naha atuh ayeuna Aang bet ngantep Iya nikah ka nu sanés. Da Iya mah hoyong sotéh nikah ka Aang. Ari ukur hoyong tiasa sasarengan mah sareng saha waé ogé tiasa.
Iya kantos nyuuh dina sampéan Aang. Di rorompok harita téh. Aang ngagelendeng, waktos ka luar ti kamar ibak Iya ngan ukur disamping anduk. Aang ngabalieur. Iya lumpat ka kamar. Reuwas. Manawi téh badé resep, ningal Iya kitu téh. Réngsé dangdos Aang ngadon nyeukseukan. Balaka baé Ang, nembé Aang nu kitu mah. Aang teu siga pameget umumna. Siga ucing pami mendak paisan, haripeut. Ti harita beuki karaos yén rasa asih Aang éstuning wening beresih teu aya tandingna.
Di luar nu ngadékor sareng bébérés kakuping kénéh. Tip ngagembrung teu lirén-lirén. Lagu ‘Cinta Perawan’-na Rosa beuki nambihan antebna kasono Iya ka Aang.
Rét kana béker gigireun telepon, tabuh dalapan. Ti magrib kénéh numpi di kamar téh. Keur mah dipiwarang istrirahat ku Mamah, katambih asa hoyong laluasa ngalamun bari ngantosan telepon.
Kriiing… lenyap…. Reuwas tapi bari bungangang.
“Wilujeng Ya, ngiring bingah, énjing Yanti ka dinya!”
“Oh, oh … muhun, nuhun pisan, diantos!”
Clik. Huh! Manawi téh. Hanas dirawu. Jajantung ngadurugdug kénéh. Rénghap wéh. Mépés rasa nu beuki motah.
Tabuh salapan. Di luar beuki ramé. Siga nu teras garapléh. Kakuping pluk-plakna kartu kana méja bari sakapeung tingcakakak. Nyeri beuheung sosonggéteun. Wengi ieu wengi pamungkas Iya ngarep-ngarep telepon Aang.
**
Harita méh unggal wengi Iya sok hoyong ditelepon. Padahal siangna urang tos sasarengan. Jalan-jalan, ngobrol, nongton, atanapi mung ukur ngadon ngaleueut di hiji warung. Tapi asa can lantis kasono téh mun wengina teu nguping soanten Aang dina telepon.
Ulah sering teuing nelepon ka rorompok bilih si Tétéh curigaeun. Saur Aang, hiji mangsa. Tapi duka ku naon, beuki dieu asa beuki hoyong kanyahoan ku si Tétéh. Malah mah hoyong bari mapanas sagala.
Hoyong Iya mah, hoyong katingal ku tétéh, yén Iya téh geulis, séksi, tur pikabitaeun unggal pameget. Tapi éta kahoyong téh sok disidem baé, ka Aang mah tara betus.
Ti nalika tepang sareng Aang, aya rasa asih nu anteb. Bungah, reueus, bagja, pagalo wéh. Aang kareueus Iya, bapa Iya, sobat Iya, kasono Iya. Pokona sagalana keur Iya mah. Iya hoyong salamina caket sareng Aang.
“Tiasa. Wios Tétéh mah ulah dipirak”! Ceuk Iya harita, tatag bari nyangsaya kana taktak Aang. Nyarios kitu sotéh pédah tos kaukur ku Iya, kanyaah Aang ka Tétéh, sareng kamelang Aang ka Iya.
Aang teu ngawaler, kalah ngarénghap siga nu capé. Ayeuna urang tiasa sasarengan, ceuk Aang deui. Tapi upami si Tétéh tos apaleun mah duka kumaha. Aang can siap pami kedah ngantunkeun Teteh kitu deui paturay sareng Iya.
Ambek ari tos nguping kecap paturay téh. Bujeng-bujeng kedah papisah, teu tepang sadinten ogé karaosna asa sataun. Komo mun pareng Aang aya acara sareng Tétéh, urang teu tiasa tepang, Iya teu bisa majar kumaha. Leuheung pami Aang aya di bumi, tiasa kénéh nelepon. Éta ogé mun kaleresan Tétéh nu nampi mah, tara kebat rék nyarios téh, ngabetem wé, dihalo-halo ogé. Clik telepon téh sok énggal ditutup deui. Aang surti, da tara lami ti harita, sok énggal nelepon ti wartél.
Nu karaos, beuki susulumputan, beuki nambihan antebna asih urang téh. Aang kantos kalepasan, kaduhung kapungkur waka nikah, nikah ka istri nu sanés impian Aang. Lepat jodo, cek Aang deui harita. Manawi téh moal tepang sareng Iya. Istri impian Aang. Geulisna, lemah lembutna, ogona, jaba abégé kénéh deuih. Nyarios kitu téh bari neuteup anteb tur imut leleb.
Pami tos kitu Ang, sok ujug-ujug aya tanaga nu nyaliara. Iya hoyong ngarebut Aang ti Tétéh. Bohong Iya nyarios kersa didua. Iya kantos ngejat aya kana samingguna. Iya ambek ka Aang. Asa dipapanas. Padahal Aang mah mung wungkul ngawaler patarosan Iya. Harita Iya nyeleksek. Pami badé angkat, Aang sok sun kening ka tétéh? Kitu cek Iya panasaran. Bujeng-bujeng badé mios, badé bobo ogé sok sun kening. Waler Aang kalem. Héab téh asa aya nu ngarérab dada. Soca panas. Belenyeng Iya lumpat ninggalkeun Aang nu colohok. Siga nu kagentak, Aang ngudag bari ngarawél panangan. Ku Iya diképéskeun. Cat naék kana angkot satengah luncat.
Komo deui mun nguping langkung ti kitu mah panginten. Méméh reup bobo, Iya sok sering ngaheneng. Kokolébatan Aang-Tétéh nuju pagugulung. Kalangkang éta téh sok énggal diképés-kepeskeun deui. Ujug-ujug asa dikepung kasieun, kakeueung. Mun enya téh urang laksana kauntun tipung, tetep meureun Iya mah ngaraos sorangan. Moal salamina Aang téh sareng Iya waé, ngeukeupan Iya. Iya kedah rido pami Aang nuju di Tétéh. Teu karaos Iya ngabirigidig.
Ti harita Iya tara kantos tetelepék deui soal si Tétéh. Kapok. Eukeur mah ti mimiti ogé Aang mah tara ngahaja nyarioskeun, komo bari ngawonkeun. Ari ditaros naha atuh bet bogoh ka nu sanés, ka Iya, Aang ukur ngawaler, da bongan Iyana bogoheun.
Kriiiiiiiing! Koréjat. Jempling.
“Assalamualaikum!” Teu némbalan. Kalah clik, hiung wéh telepon téh ngahiung. Hih ngaheureuyan. Ngahuleng wé, bari telepon angger diantelkeun ka-na cepil. Saha nya? Aang kitu? Ah urang telepon wé. Ramo mencétan tut telepon. Barang rék dugi kana angka panungtung, teu laju. Ah bisi sanés Aang. Clik wé telepon téh disimpen deui.
**
Hiji mangsa, urang kaperego, kanyahoan ku si Tétéh nuju paduduan di hiji tempat ngadon ngaleueut.
Iya calangap, basa Aang balaka, yén istri nu ngalangkung cikénéh ka payuneun urang téh si Tétéh. Asa gelap salésér tengah dinten. Tikoro ngadadak garing. Angen ratug. Aya nu maseukan jajantung basa tadi sakolébatan pameunteu si Tétéh karérét. Ayem, teu siga-siga anu nyidem kanyeri nu luar biasa. Ukur ngalangkung kitu baé. Pantesna téh ngan ukur némbongkeun ka Aang, yén anjeunna teuneung ludeung.
Dada ngaguruh ku rasa timburu, timburu pisan. Katitingalikeun baé, modél katut warna anggoan nu dianggona. Tiungna, acukna, sapatuna, kantongna. Horéng si Tétéh téh geuning sakitu pantesna. Warna tiung sareng acukna héjo, payus sareng pameunteuna nu liuh.
Berebey, teu karaos. Iya nginghak. Nginghak sanés mangnyerikeun ka Tétéh, tapi rumasa éléh wawanén, rumasa éléh jajatén. Wirang Iya téh. Kungsi ujub kersa didua. Sugan Tétéh téh istri biasa anu épés méér, teu kuat mun apal carogéna bobogohan deui. Seueur wartosna, istri anu nguleng maruna dugi ka papuket. Horéng Tétéh mah teu kitu geuning. Salangkung ogé katingal kumaha jembarna manah Tétéh. Neunggar cadas Iya téh.
Aang ngarames panangan Iya pageuh pisan. Duka surti ka Iya atanapi boa pédah sami Aang gé ngaraos kacemés ku Tétéh. Dirérét horéng Aang nuju neuteup ka tebihna, neuteup tilas ngilesna Tétéh. Siga nu kabur pangacian. Tadi mah waktos Tétéh ngalangkung, tenang pisan katingalna. Pantesna téh lamun nu geumpeuran mah, meureun énggal-énggal ngejat bari ngajéwang Iya. Teu Aang mah teu kitu. Hih éstuning ayem baé. Numawi Iya teu nyangka pisan yén nu ngahaja ngalangkung téh istri Aang.
Kriiiiiiiiing! Teu langsung ngoréjat, bisi katipu deui. Kriiiiiiiiing! Diantep, tapi lalaunan ngeteyep bari lah-lahan. Ceg kana gagangna. Asa-asa. Ah kétang bisi Aang.
“Halo, Néng Iya, ieu Ibu! Punten teu tiasa nyarengan wengi ieu mah, margi aya kaperyogian! Kadé wé énjing gugahna bilih kasiangan!”
Make nelepon sagala atuh Bu, da Iya mah hoyong sorangan. Nyuuh kana tualét. Soca tos ngawitan peureureus, tunduh, tapi dipeureum-peureumkeun ogé teu reup baé, da haté teu tiasa palér.
“Ha ha ha ha!” Koréjat. Tabuh sabelas geuning. Nu garapléh beuki ramé eak-eakan. Barungah, teu arapaleun yen anu rek dikarikeunana mah keur guling gasahan.
Tos hilap pisan Aang ka Iya téh, nya! Golédag deui kana kasur. Tipepereket peureum bari nyusupkeun raray kana bantal.
Kriiiiiiiiiing! Kriiiiiiiiiiing! Koréjat, gajleng. Ngajegeug payuneun telepon. Ieu kitu? Tapi ah, bisi sanés. Kumaha pami sanés Aang. Ah keun wé moal diangkat. Sieun katipu deui. Kriiiiiiiiing… pangjang sababaraha kali. Jep wé jempling.
Rahuh. Dada eungap, asa aya nu nindihan. Rék jung pisan ngaléos deui kana ranjang, kriiiiiiiiiiing! Gebeg, meubeutkeun manéh kana korsi. Huleng. Enya meureun Aang. Da biasana ogé, ari teu diangkat téh sok kitu. Lah-lahan telepon téh diangkat.
“Ieu leres bumina Onéng!” Gélo!
“Salah sambung!” Bruk telepon dibeubeutkeun. Leketey wé. Hoyong jejeritan bari lolongséran. Tikoro asa ujug-ujug nyelek.
Ah rék ditelepon wé. Enya mending ditelepon. Telepon diangkat lalaunan. Diantelkeun kana cepil. Ngahiung. Rénghap. Moal nanaon kitu? Ramo mencétan nomerna. Tut tut tut tut … teu laju. Telepon ngahiung deui. Cepil tos mimiti panas katorékan.
Ngajegeug wé neuteup eunteung, bari angger telepon mah dina cepil. Nelek-nelek deui kalangkang raray. Ayeuna mah teu béngras siga tadi. Rumeuk, sepa, soca carindul, teu hérang cara sasari. Cepil beuki panas. Telepon beuki tarik baé ngahiungna. Ngahaja diantep sina panas. Sugan ku kitu mah haté téh teu simpé teuing. Lami-lami nu panas téh sanés cepil wungkul, tapi damis, lambey, laun-laun kana soca. ***

05 Mei 2010

Ding jeung Manuk Anis


Tut-tut-tut-tuit-tuit-tuit-tut-tuit…!
Anis begér tuluy télér. Huluna gudag-gideug kawas nu keur tahlil. Beuki peuting sorana beuki ngoncrang. Ti saprak Aang teu aya, nembé ayeuna Anis hégar deui. Abil teu terang, naha Anis leungiteun Aang atawa henteu?
Ti magrib kénéh badé mios téh, tapi teu kaur jung, balas nataan lalakon urang nu sarwa ahéng. Tungtungna ngadon anteng ngumbar panineungan. Lagu Romanza D’Amour, lagu karesep Aang, bulak-balik dina komputer. Rét kana jam, horéng tos tabuh satu. Ngangsrodkeun awak kana panyarandéan korsi. Ngadayagdag. Panon karasa pareureus. Cikopi kari dedekna. Asbak geus mucung ku kuntung. Calacahna acak-acakan kana méja.
Teu karaos Abil imut. Kayungyun ku Aang. Pami nuju nyesep téh Aang mah sok bari pulang anting miceunan kuntung sareng calacah. Teu paya nempo asbak metet.
Aang teu kedah nyaram deui ngaroko ka Abil! Da bongan téga ngantunkeun Abil. Abil hoyong mépés kakeueung.
Jep Anis jempé. Hanaang meureun. Nyelang heula nyuruput cai dina gelas parantina. Clo deui kana palang paranti nagogna. Culak-cileuk kawas nu keur barang téangan.
Mungguh mistéri Anis téh keur Abil mah. Sakapeung keuheul sakapeung nyaah.
Teu kawas Aang, pohara tulaténna ka Anis téh. Kurungna teu weléh dielapan. Nu matak kurung Anis mah teu kawas kurung manuk, da raresik. “Sing sering miceun kokotor Anis téh. Caina gentos saban dinten. Bilih Abil kaserang flu manuk kéh!” cék Aang bari nilaman deui kurung ku koran. Abil ngadilak bari ngajebian. Aang nyeukeukeuk.
Anis ugag-igeug matukkan jangkrik nu diasongkeun ku Aang kana sungutna. Euleugeug-euleugeug jangkrik téh diteureuy. “Kedahna mah tilu kali sadinten diparab jangkrik téh, ngarah sorana beuki saé!” Cek Aang, sorana dibedaskeun. Abil jongjon wé hahariringan marengan sindén dina walkman. “Nyeri-nyeri teuing moal beunang diubaran … paéh gé teu panasaran … talak tilu sakalian!” Lebah dinya sora ngahaja dibedaskeun. Keur mah ngan sakitu-kituna nu apal téh. Aang ngarérét semu kerung, tapi teras ngalieus miceun piseurieun. Tos kitu mah anteng deui wé ngecrékkan Anis.
Keuheul tuda ka Aang téh. Hayoh wé ngaméménan Anis, ari Abil teu ditoél-toél. Cing atuh kahoyong mah sing ngartos wé. Abil téh sono, tara lami apan Aang di dieu téh. Mung ukur sadinten. Tuh, geuning kalah beuki anteng. Anis sina nyéngclé dina panangan Aang. Diusap-usap deudeuh pisan. Étah, maké digaléntoran sagala. Tuh, tuh, tuh!
Ehhheeem! Abil ngajéngkat ka luar. Dekkk! Aduh! Tuur kana méja. Seueul! Teu dirasa. Kawasna Aang reuwas tuluy nuturkeun. Ceg kana taktak. Ngusapan bangun surti. Ku Abil diképéskeun. Abil tipepereket ngégél biwir. Dina sawangan Abil mah, nu nuju digaléntoran ku Aang téh sanés Anis, tapi istri Aang.
Ayeuna, saprak Aang teu aya, ka Anis téh bet asa watir. Neuteup Anis, asa bréh-bréhan istri nu dibelok teu walakaya. Ukur bisa culak-cileuk jeung celak-celuk. Anis gambaran istri nu sobar, atawa gambaran istri nu nyidem katugenah nu pohara rosana. Anis ngan bisa jejeritan, tapi sora Anis matak dédéngéeun nu mikameumeutna.
Jep Anis jempé. Geleber kana panto kurung nu nutup. Abil ngarénjag. Clé deui kana papalang kurung. Sukuna napak sabeulah. Nu sabeulah deui nyumput dina buluna. Mun Anis bisa nyarita mah pasti ku Abil diguliksek. Ditaros, ka mana Aang? Da ka Anis mah Aang téh pasti wawartos.
*
Ding lalaki nu geus rimbitan. Hiji mangsa paamprok jeung Abil di tempat obral CD. Ti harita Ding remen nunutur Abil. Ding kakara nyaho horéng Abil hirup nyingkur di imah leutik. Ninggalkeun kolotna. Ninggalkeun hirupna nu hédonis.
Munggaran pisan tepung, Ding gogodeg. Hélok ku Abil nu teu euleum-euleum nitah nyetél CD ngadu bagong ka nu dagangna bari melenyun udud. Abil mencrong télévisi mani pogot bari nyerebungkeun haseup roko. Ding jeung nu araya di dinya kerung, rut-rét ka Abil jeung kana gambar bagong nu keur tingsuruduk silih udag, silih badug. Ding déhém, Abil ngarénjag semu kuram-kirem. Sanggeus mayar CD-na, gura-giru Abil indit seselendep kana riungan jelema anu pabuis.
Kadieunakeun jadi kalangenan. Ding sok ngahaja datang ka dinya. Ngan saukur hayang panggih jeung Abil. Ding mindeng ngarénjag ku polah Abil nu nenggang ti awéwé séjén. Abil resep meuli CD nu lain lalajoaneun abégé gaul modél Abil. Upamana waé CD wayang golék, koroncongan, musik klasik, jeung CD smak down deuih.
Hiji poé, Ding kungsi leungiteun Abil di tempat CD. Ari bus ka plaza peuntaseun jalan, kasampak Abil keur anteng ngalelekan jalma nu lalar liwat dina éskalator. Ding sidéngdang handapeun étalaseu baju, bari neuteup Abil nu naleukeum kana panyarandéan beusi luhureun éskalator. Sapatu cats, topi hideung, kaos pungsat, calana jeans belél nu lebah tuurna soéh, walkman jeung rangsel biru jadi cirina. Jékét hideung wé meulit kana cangkéngna. Ding imut, kayungyuneun ku nu keur anteng. Sarwa ahéng. Dangdananana ahéng, polahna ogé ahéng.
Abil ngajengjen salila-lila di dinya. Ujug-ujug ngalieus, kagugu ku polah sorangan. Teu pupuguh ngadon ngalalajoanan batur. Beungeutna ngariuk, ras ka dirina nu hirup nyorangan. Cuang-cieung taya sasaha. Ari rék balik ka kolotna, teu betah da tara caricing di imah. Saban waktu manéhna kudu jadi ‘kuncén’, nuguran imah kolotna nu combrék kawas kuburan.
Abil rénghap ranjug kawas nu capé. Nyuuh kana panyarandéan. Lila-lila karasa lieur. Awakna diajegkeun. Manéhna ngarénjag barang sidik aya nu keur anteng mencrong. Ding, lalaki anyar pinanggih téa. Abil rungah-ringeuh teu puguh rampa. Antukna tuturubun muru éskalator, rék tarurun. Rahuh, barang datang ka handap téh kawas nu tas diudag copét. Angenna ratug.
Lila-lila Abil jeung Ding awor dina rasa asih anu ahéng. Ding nu lemes budi alon nunuyun Abil jadi awéwé sajati.
Kawas dina hiji poé. Ding ngarahuh barang jol, imah Abil bayatak teu puguh rupa. Gelas jeung piring urut diantepkeun dina méja. Rét kana kasur. Sepréna ngagulung, bantal jeung guguling pasoléngkrah. Abil kéom nempo Ding pakepuk bébérés. Mimitina mah sok ngajetetet mun dicontoan kitu téh. Tapi laun-laun mah Abil jadi ngarti. Kadieunakeun mah sok rajeun bébérés, manéhna gé. Najan jangleung kénéh, can pati kalem, sakitu gé untung. Komo kana masak mah teu mamu-mamu acan, bubuhan geus biasa sagala nyampak atuh.
“Réncang keueung mah ieu wé Anis, ulah CD ngadu bagong, nya!” cék Ding bari ngécagkeun kurung manuk. Abil saregep basa Ding papagah prak-prakan miara manuk. Ti harita Abil hirup kadua Anis.
Ti saprak aya Anis, Abil remen ngarasa disapirakeun ku Ding. Cek rarasaanana, Ding leuwih deudeuh ka Anis ti batan ka manéhna. Kawas dina hiji peuting, Abil ngembeng cipanon, hanjelu ku polah Ding nu teu miroséa manéhna.
Poé éta Abil tepung taun. Ngahaja maké baju karesep Ding. Sepan kasumba nu pungsat luhur-handapna. Kancingna mérébél. Bréh pingping jeung dadana ngaborélak. Abil nyangsaya dina sofa. Sukuna ditumpangkeun bari diucang-ucang.
Nu kasawang ku Abil, Ding mawa bogenfil karesepna. Celengok nyium pipina kénca katuhu, tuluy ngaharéwos, “wilujeng!”
Tapi barang bray mukakeun panto, Abil mundur bari olohok, rey pipina beureum. Ding teu mawa kembang. Tapi rébo mawa rupa-rupa parab manuk. Song, diasongkeun ka Abil, bangun reueus. Celengok nyium tarang Abil. Léos nyampeurkeun Anis nu keur pupuiran dina palang kurung. Abil ngagadeud, Ding teu eungeuheun.
Koléséd Abil kana sofa bari manyun, ngadon ngahuleng neuteup nu keur sosonoan. Meunang sababaraha jongjongan mah maranéhna pada-pada aranteng. Tapi lila-lila mah Abil bangun anu teu kuateun nahan angenna nu mentegeg. Ana jerit téh “Aaaaaang!” Ding ngarénjag. Koréjat Abil turun tina kasur. Ngajengjen merong Ding bari rénghap ranjug. Ding ngajeten teu lémék teu nyarék. Saméméh Ding sadar kana kaayaan, Abil mukaan kancing bajuna hiji-hiji. Bray-bray Abil ngalaanan pakéanana.
Ding ngagentak malikkeun awakna. Nukangan Abil nu keur rambisak. Ding peureum, tikekeret. Sajongjongan mah teu aya nu lémék. Ngan sora Anis wé jeung inghak Abil nu kadéngé téh. Ding kakara inget yén poé ieu téh tepung taunna Abil. Rénghap, ngarénghap sababaraha kali. Rasa dosa nyaliara ka sakujur awakna
Leungeun Ding ngeleper, ceg kana baju Abil nu ngalumbruk. Song dikatukangkeun. Teu daékkeun ngalieuk. Gap baju téh ditampanan ku Abil nu tuluy nginghak kanyenyerian.
Lain, lain taya birahi ka Abil téh. Tapi Ding teu werateun mun kudu ngotoran kasucian Abil. Manéhna sorangan sok ngarasa hélok, naha bet nyaah ka Abil, awéwé nu watekna ahéng. Padahal geus pakait ati jeung awéwé implenganana nu ayeuna jadi pamajikanana.
*
Lagu klasik ngagalindeng kénéh dina komputer. Aang teras ngalangkang. Leres Aang téh moal sumping deui?
Abil ngagoak. Reuwas campur bungah, barang sup ka kamar kasampak sepré tos maranteng tapak mérésan. Pasti aya Aang. Da tadi mah waktos Abil mios, kasur téh can kaburu dibérésan. Paingan atuh teu mapagkeun ari tos di dieu mah.
Abil lenga-lengo milarian Aang. Tuh ari Aang nu bébérés mah guguling sareng bantal téh mani merenah. Abil imut.
Abil keketeyepan rék ngahoyahkeun. Aang nyumput nya? Bray mukakeun panto WC, Aang teu aya. Léos ka luar. Lenga-lengo di buruan, di pipir, tapi Aang teu aya. Huleng. Sup deui ka lebet. Saban kolong ditoongan, Aang weléh teu kapendak. Aang disauran sababaraha kali, tapi jempling. Angen medenghel. Kedeprek dina karpét. Abil nyuuh kana kasur bari nanangkeup guguling tipepereket, nahan piceurikeun nu nyelek dina tikoro. Keur kitu aya nu kasasar. Horéng amplop. Gura-giru dibuka. Ari bréh geuning eusina kertas kosong. Naon maksadna Aang téh?
Kertas kosong téh dibulak-balik, amplopna dibongkar bisi aya seratan anu nyelap. Najan ukur kecap pileuleuyan, haté Abil tos pirang-pirang kaubaran. Tapi kertas téh beresih, teu aya corétan nanaon. Abil ngajeletun ngembeng cipanon. Sanés nyeri pédah Abil dikantunkeun, tapi nyeri pédah Aang teu kantos balaka nu satarabasna. Abil teu terang, naha Aang téh teu werat pokna atanapi…? Teu kebat, clak cipanon ngeclak kana kertas amplop. Padahal teu kedah kitu, apan urang tos kedal pasini, urang pada-pada rék sadrah pami kapaksa kedah paturay.
Di luar angin ngagelebug. Abil ngéntépan baju, bes-bes kana rangsel.
Seblak, barang rét kana daster satén warna héjo kolot. Gap, diteueulkeun kana harigu. Kararaoskeun kénéh paneuteup Aang nu tembus kana jajantung. Aang nyasaran taktak Abil nu ngaboléklak. Tiris da tali nu nyangsang téh ukur sagedé cinggir. Abil dituyun ka hareupeun eunteung. Kakara harita maké baju potongan kitu. Colohok neuteup kalangkang sorangan. Aang ngagelenyu di pengkereun. Enya Abil téh leuwih geulis maké baju awéwé mah.
Abil téh rancunit, ogo, kawas Anis. Cek Aang, bari rut-rét ka Abil jeung ka Anis nu keur culak-cileuk. Abil ngajanggilek. Teu rido disamikeun sareng manuk. Abil mah awéwé boga kagenah sareng katugenah. Ngaraos bagja mun pacaket sareng Aang. Tur sok keueung mun Aang teu aya. Abil remen ceurik balilihan, tapi teu bisa majar kumaha. Bongan Abil léah mitresna Aang nu tos rimbitan.
Kerelek heuay. Hayang teuing bisa peureum najan ukur sakerejep. Tapi haté teu daék palér. Dada karasa sumpeg. Beurat kedah hirup nyorangan, bari nyidem katugenah nu manjang saumur-umur.
Aang, Abil tos gilig rék lunta ninggalkeun lalakon urang nu sarwa éndah! Teu kebat, tikoro kaburu nyelek. Ngarénghap heula méméh cengkat téh, ngumpulkeun pangacian. Rap dijékét. Pes komputer dipareuman. Jep dédéngéan jempling. Gap kana walkman, sup diasupan CD wayang. Rap kabelna dipasang. Jelengéng sora gamelan minuhan ceuli. Séak, awak ngadadak asa manasan. Bus audio CD-na kana rangsel. Reketek ditangkodkeun kana tonggong. Rap ditopi hideung jeung disapatu kats. Kekebulna dikeprukan. Geus lila tara dipaké.
Ngajengjen heula hareupeun eunteung. Maké dangdanan kieu téh asa katetempo-keun deui Aang, di tempat CD. Keur nyérangkeun bari imut.
Pileuleuyan Ang! Abil rék muru deui impian Abil nu kungsi kapegat.
Gap kana kurung Anis nu ngagantung. Sot dina méja. Anis dangdak-déngdék, rungah-ringeuh. Kikiplik. Buluna nu konéng jeung hideung téh dipuringkakkeun nepi ka awakna siga ngagedéan. Sukuna duanana napak semu jéngké. Keur kitu mah atra aya bulu bodas nyarelap dina buntut jeung jangjangna.
Deudeuh teuing, taun-taun dina kurungan! Ukur bisa ucla-aclo jeung bisa bacéo. Awak jeung sora anjeun jadi kareueus maranéhna bari anjeun sorangan teu walakaya, dikungkung saumur-umur.
Ayeuna Aang teu aya. Teu wasa mun kudu ninggalkeun anjeun sorangan. Baeu geulis! Crék-crék-crék… Anis dikecrékkan. Leungeun ngadadak ngeleper. Ragamang, geleber Anis gegeleberan ka ditu ka dieu, ngurilingan kurung. Bari hésé béléké, ahirna Anis téh katéwak. Anis ngeleper dina ranggeuman.
Bray mukakeun panto imah. Hiuk angin janari nyecep nyaliara.
Peuting ieu urang paturay. Urang pada-pada mopohokeun impian éndah nu geus kaliwat. Jung geura lunta ngurilingan dunya nu lega. Muru impian éndah anjeun anu anyar!
Anis digaléntoran, diusapan. Tikoro karasa nyelek. Reup peureum. Cipanon ngec-lak kana bulu Anis.
Geleber Anis tina leungeun. Koléang asa kabawa ngalayang. Bray beunta. Hayang neuteup geleber jangjangna nu panungtungan. Bréh kalangkang Aang gugupay bari imut. Teeer, rasa sono nyaliara satulang sandi.
Bareng jeung ngahiurna angin kana beungeut, ngan sajorélat kalangkang Aang jeung Anis ngiles dina poékna peuting. ***

Tujuh Awak

BOGA awak téh ngan hiji-hijina. Tapi, lila-lila mah asa boga tujuh. Ganti poé awak téh sok robah. Boh dedegan, boh lalampahan. Kitu deui dina pangimpianana. Karasa ti keur leutik kénéh. Ngan beuki gedé, robahna awak téh beuki karasa, beuki katangén, mingkin kapikiran.
Sumuhun. Geura kieu cariosna. Awak kuring poé Senén mah sok rancingeus. Hudangna goréjag. Jam opat subuh, awak poé Senén téh sok terus mirun seuneu bari ngaduruk birit sééng dugi ka nyéngsréng. Sanggeus solat, rap awak dipasieup baju nu dibuntutan dasi. Rebun–rebun awak poé Senén geus mangprung dibungkus angkot, nepungan kantor nu karak gigisik. Awak oge asa ngajangkungan, pangpangna curuk. Duka sabaraha milina mah, da tara rajin ngukur. Ngan karasana baé kitu.
Sanggeus disarap bubur hayam, cikopi lekoh, jeung roko dua rintakan, awak poé Senén geus siap nepungan Ki Direktur Penerbitan Lini Fiksi. Awak kuring sok manjangan bari otak pinuh ku gagasan nu murudul, bareng jeung mulekna haseup roko.
Nepi ka wanci sareupna, létah kuring méh pabeulit, ngadu alesan, ngencarkeun kaparigelan kalimah-kalimah nu pagedrug jeung Ki Direktur.
Poe Senén kapeutingnakeun, malem Salasa téa, kuring mindeng ngimpi jadi raja atawa persidén. Kungsi ngimpi téh jadi Raja Namruz, Raja Sulaiman, Raja Fir’aun, Raja Pajajaran, Raja Galuh, Raja Brawijaya, Raja Sriwijaya, Raja Majapait, jeung raja séjénna. Asa jadi jalma nu teu eureun dikawulaan. Ari ngimpi jadi persidén, bisa di nagara mana baé. Kalan-kalan, ari hudang téh sok asa hanjelu. Da dina impian mah geuning sagala disadiaan, kari-kari barang hudang mah, geuning aya di tempat nu sasari. Taya kaén sari, taya putri. Taya selir hurung-hérang, taya emas gugunungan. Nu aya, nya kitu baé, nu sasari. Sumuhun, cai téh bari tea.
Ari awak poé Salasa mah sok ngendoran. Gawéna murungkut. Komo lamun hujan ngagebrét, atawa usum katiga mah, asa hayang nancebkeun kulkas di kamar téh. Ti isuk ‘jeprut’ nepi ka soré ‘jepret’, ka buruan ngan semet ngarérét. Otak ngebul murudulkeun hurup-hurup kana kertas atawa layar komputer. Curuk ogé sok mondokkan. Kalan-kalan bet saukuran jeung cingir atawa jempol.
Peutingna, sok ngimpi jadi tukang nulis baé. Nu rada inget téh, kungsi jadi wartawan perang. Boh perang di Jerman, Ingris, Jepang, Amérika, atawa di nagara sorangan. Kungsi asana mah ngimpi jadi sekertaris nagara atawa pausahaan naon baé, jeung di mana baé. Malah maké ngimpi maturan Khalid Bin Walid sagala rupa, nyalin Qur’an tina batu jeung tulang-taléng. Anu horéam diinget-inget mah, éta bet kungsi ngimpi jadi bikang tukang nulisan angka dina bor nu keur maraén bilyar.
Béda pisan jeung awak nu poé Rebo, nu kahayangna natangga. Poé Rebo mah suku nu manjangan téh. Nu matak liar baé ka Kang Sanip, tukang bedog nu sok daék nukeurkeun péso atawa bedogna kana endog hayam ingon-ingon kuring. Ka Bi Sodong, tukang sayur gémbol nu karesepna dianjukan. Ka Mang Aép, kapiemang, nu remen nyaritakeun korupsi di kantorna. Ka Kang Atam, nu pagawéanana macul, sanajan tina paré pelakna téh ngan kaagéhan saeutik.
“Paribasa Ujang, anu nengah mah ngan ukur balik jojodog,” kitu pokna.  “Kapungkur mah, Jang! Tina nyawah téh Juragan Mamang, enya bapana dunungan nu ayeuna, tiasa nyakolakeun putrana dugi ka jaranten sarjana. Na, ari ayeuna, putrana mah dugi ka ngicalan sawahna da upami hoyong neraskeun sakola téh!” cenah, saban ditepungan ari keur titirah di saung. Awak poé Rebo téh ukur ngajengjen.
Tah, unggal malem Kemis mah, impian téh sok jadi jalma teu uni. Kungsi kaimpikeun dibeberik jalma réa pedah maling sepédah, maling kai, maling kertas, maling pingping randa, maling beusi erél karéta, maling proyék, maling jabatan, maling waktu, maling naon waé pokona mah. Dina impian téh kungsi oge deuih jadi mafia nu ditarémbakan ku pulisi. Matak barang lilir téh, sok reuwas kareureuhnakeun. Muji sukur téh pedah dina impian baé. Da sok sanajan hirup kuring téh enya ripuhna mah, tapi ari jadi rampog mah kéheulaanan.
Ari awak poé Kemis sok geringan. Sigana peutingna sok manggih waé kareuwas. Saban poe Kemis sok ngadégdég. Awak asa méotan. Rieut téa. Panas di jero téa. Panas tiris téa. Atawa jol-jol bisul dina tarang, jarawat ageung dina irung, atawa aya cénang dina curuk. Nu matak awak poé Kemis mah sok pulang-anting ka Puskesmas. Tara ka dukun atawa ka dokter, resep di Puskesmas, nu ngabagéakeunana bidan désa nu keur meujeuhna neuhneur.
Poé Kemis malem Juma’ah, ngimpi téh sok mucekil. Sugih baé pokona mah. Ah, dicaritakeun mah asa éra. Ararisin. Duka ku naon atuh da sok tepung jeung nu laluis baé. Kungsi ngimpi téh réréndéngan jeung Ayu katut Sarah Azhari, Péggy Melati Sukma, Gong Li, Aiswhara Rai, Madonna, Shakira, Iis Dahlia, Sandra Bullock, kaasup bidan neuhneur téa. Nu ahéng mah kungsi kaimpikeun gogonjakan jeung Ratu Cléopatra. Ari hudang téh sok asa hanjelu. Panon dipeureum-peureum, sugan impian nyambung deui, atawa aya terusanana.
Awak poé Kemis nu cunihin téh, kaubaran ku Juma’ah. Sok hayang ka cai baé. Der solat, disusul wirid nepi ka tepung bedug Lohor. Komo lamun barang hudang langsung inget kana imutna bidan desa, sok ujug-ujug hayang ngong adan.
“Di masjid atuh adan mah, Ujang!” cek indung bari rada kerung.
Atuh sapanjang poé Jumaah mah, remen cicing di masjid. Kabeneran da imah téh teu jauh ti masjid. Salat duha, salat hajat teu kaliwat. Nakol bedug, adan jeung komat diborong nepi ka Isa. Dalah méméh saré, sok adan heula lalaunan, haharéwosan kana bantal jeung guguling atawa sepré, nyinglarkeun pameunteu bidan desa nu sok kokolébatan wae.
Peutingna ngimpi téh geus béda deui wandana. Malem Saptu mah sok ngimpi jadi jalma katalangsara. Kungsi ngimpi jadi buruh pabrik nu dihaokkan ku dunungan, jadi kuli perkebunan jaman Walanda nu teu weléh disiksa, jadi tahanan Pulo Buru, Bovel Digul nepi ka Al-Katraz, atawa jadi tukang baramaén, asruk-asrukkan bari hapa beubeunanganana. Unggal lilir atawa hudang téh sok terus istigpar.
Béda deui jeung awak poé Saptu. Kahayangna téh beberesih. Cek paribasa, kokotor sagedé cileuh gé euweuh nu nyésa. Boh dina awak, boh di kamar, komo di buruan jeung di jero imah. Kabéh diberesihan. Dielapan, dikosokan. Kadangkala awak poé Saptu aprak-aprakkan ka luar lembur, meresihan naon baé nu sakirana kotor atawa bala.  Dina hiji mangsa mah awak téh ngajak ka kota, meresihan terminal, wésé umum, pasar, rumah sakit, toko-toko, Masjid Raya di Kaum, super market tea, dalah diksotik, panti pijet, nepi ka tempat lacur gé dibersihan. Aya nu rék muruhan oge sok ditampik.
“Etang-etang amal bae, lah!” cékéng téh. Sok sanajan butuh gé, haté tara méréan.
Teuing ku naon. Duka teuing. Teuing kumaha da awak poe Saptu mah kitu watekna. Sok ngadadak ngabodasan deuih. Dalah buuk oge sok ngadadak aya huisan sagala. Batur mah nepi ka hookeun, paduli teuing. Dieuleuh-euleuh, sawios. Dinaha-naha, teu dipaliré. Awak nu kuring ieuh.
Ari peutingna, sok ngimpi tepung jeung jalma-jalma soleh bae. Kalan-kalan kaimpikeun maturan dawah jeung ulama jumhur.
Tah, ari awak poé Minggu mah, sok matak baluweng. Otak téh ngadadak pohoan. Hulu asa ngaleutikan. Sok les wae poho naon wae nu dipilampah, naon anu kungsi dilakonan. Jadi, naon atuh nu kudu dicaritakeun keur awak poé Minggu. Lebeng wé. Peutingna sok asa ngimpi, tapi duka ngimpi naon.
Cik atuh, sugan nu nyaho, naon dipilampah ku kuring poé Minggu? Mun bisa mah béjakeun ayeuna kénéh, bisi kaburu poho.***

Samida

Rada ahéng katénjona. Aya makam nyengceling di tengah masjid. Makam aki, Ki Samida, anu jadi sababiah ayana ieu lembur.
“Caah! Caah!”
“Ngungsi, geuwat ngungsi!”
Kuring ngarénjag teu pupuguh. Ginggiapeun. Asa nongtoréng baé sora jalma nu tinggorowok, ngaguruh lalumpat muru ka lebah mumunggang.
Di dinya di makam aki, soré harita kuring menekung. Hujan ngagebrét kénéh, can raat ti isuk-isuk. Nu matak réngsé solat asar téh henteu tuluy balik cara sasari, tapi ngadon sila tumungkul nyanghareupan tutunggul makam. Réngse ngaji yasin jeung ngadu’a, kuring angger ngaheneng. Harita asa kebek pisan rarasaan. Kebek ku rasa tunggara. Asa noron pisan musibat nu karandapan téh. Bulan katukang anak nu kadua maot sakulawarga. Imahna nu némbér di lamping ujug-ujug ngagulusur kabawa urug, sanggeus hujan ngagebrét sapeupeuting.
Mangkukna incu satilu-tilu maraot kabawa caah. Layonna kapanggih geus ngarambang sisi walungan. Bari juuh cimata, kuring mangkuan incu saurang-saurang kana liang kuburan. Walungan nu salila-lila garing téh ujug-ujug pisan ngaburialna. Hujan nu lawas dianti-anti ku urang lembur, dina waktuna cur téh bet jadi mamala. Lembur kakeukeum, caah umpal-umpalan. Sapangeusi lembur pakéwuh. Imah, ingon-ingon, malah incu kacéot kabawa palid.
Ayeuna sanggeus caah ngorotan, sanggeus kuring jeung urang lembur pada-pada ngarasa keueung, bet jorojoy asa hayang ‘ngawangkong’. Hayang ngedalkeun katunggara ka aki nu keur tibra nyangsaya di jero kubur.
Asa nongtoréng kénéh dina dédéngéan. Basa bapa hirup kénéh, kungsi ngadongéngkeun Aki Samida jeung sasakala ieu lembur. Ayeuna éta dongéng téh hirup deui dina ingetan. Bari tungkul nyanghareupan tutunggul téh ingetan mah nyoréang ka hiji mangsa, basa bapa ngadongéng, di dinya di gigireun makam Aki Samida.
“Caah! Caah!”
“Lembur kacaahaan!”
Kuring curinghak deui. Asa kadédéngékeun baé sora jalma nu tinggorowok, pakéwuh pada-pada nyalametkeun manéh tina caah nu datang umpal-umpalan.
**
Layon bapa ngajepat kénéh di patengahan.
Tatangga nu deukeutna nu jauhna geus ngagimbung di buruan. Kaasup kokolot lembur atuda bapa téh, loba pisan jalma nu ngadon ngalayad. Sawaréh dok-dak digarawé, ngaragajian kai pipadungeun jeung nyadiakeun gebog cau keur ngamandian mayit. Nu katénjo tambuh laku téh nu marawa pacul. Ngarajentul kénéh. Rék ngeduk liang kuburan téh can jung, da puguh nungguan putusan kuring. Rék di lebah mana bapa dikuburna can putus. Nya perkara ieu pisan anu matak baluweng saréréa téh.
Tadi sanggeus badami katilu adi, bet manggih kareuwas. Horéng bapa téh wasiatna béda-béda ka anakna nu tilu téh. Ka kuring minangka anak nu cikal, bapa téh kungsi amanat, mun aing paéh cenah hayang dikurebkeun di tengah leuweung. Kitu pokna sabulan katukang basa kuring ngalayad ka dieu. Puguh baé reuwas ngadéngéna, asa teu ilahar. Tapi bapa teu mertélakeun kumaha-kumahana basa ditanyakeun téh. Nya kuring nu jadi anak teu bisa majar kumaha, kasebutna amanat kolot, piraku teu dicumponan. Sanajan bari hémeng, harita kénéh disang-gupan.
Sugan téh kitu sarua amanatna ka adi nu duaan ogé. Ari hég béda-béda. Ka Badar adi kuring nu kadua, pokna téh cenah lamun paéh hayang dikurebkeun di tengah lembur. Ari ka Suma nu bungsu, hayang dikurebkeun di tengah masjid cenah. Tadi adi nu dua téh kakara buka rusiahna, basa kuring nitah indit ka nu rék nyieun liang kuburan di tengah leuweung.
Puguh baé kuring katilu adi reuwas kabina-bina. Lila patingcolohok. Kadituna pada baluweng. Ahéng pisan karasana éta amanat bapa téh. Kudu kumaha nyumponanana, asa pamo-halan.
Hayang dikurebkeun di tengah leuweung. Naon maksudna?
Bray baé dina ingetan. Saban waktu bapa mah getol kana gawé jeung resep pisan barang pelak. Cacakan geus kolot, melak tatangkalan téh teu eureun. Keun jang sampeureun anak-incu majarkeun téh. Kitu pokna lamun sakalieun aya nu ngageunggeureuhkeun. Lain bangsa bung-buahan baé anu dipelakna téh. Kai anu teu kaala buahna ogé dipelak. Keurna kai anu jadi ku manéh, bangsa mahoni, angrit, kihiang, atawa kacapi, tara dicacar-dituar teu pupuguh. Ulah dituar, keur tempat pangiuhan, pokna. Ki Samida mah pohara nyaahna kana tatangkalan téh, kitu ceuk saréréa. Tah, pangna hayang dikurebkeun di tengah leuweung ogé, meureun awahing ku nyaah kana tatangkalan. Geus paéh ogé hayang deukeut jeung tatangkalan. Makamna, tulang-talengna, meureun leuwih tingtrim lamun diriung dilingkung, dipayungan ku tatangkalan. Nu matak kaharti lamun manéhna hayang dikurebkeun di tengah leuweung téh. Naha enya kitu, biheung. Ieu mah ukur babadéan kuring baé.
Nu matak teu kaharti, naha atuh ka adi mah bet hayang dikurebkeun di tengah lembur?
Disasar deui dilenyepan. Ieu ogé meureun hayang tuluy ngariung jeung urang lembur, sanajan geus aya di kubur. Nyaahna kana tatangkalan jeung ka papada manusa sarua gedéna. Béngras kénéh dina ingtean. Urang dieu mah salelembur kudu milu ngasaan lamun bapa panén bungbuahan. Usum kadu, usum kawéni, usum dukuh, urang dieu saréréa walatra kabagéan milu ngadahar. Lebah tutulungna, bapa mah pohara ngutamakeun nu lian tibatan dirina sorangan.
Keur kitu, kuring asa ujug-ujug kagagas, inget kana kalakuan bapa.
Moal aya deui ayeuna mah nu sok ngelak baé wanci subuh. Asa kelar ku sorana, ari geus ngahariringkeun pupujian. Saméméh gering ripuh mah bapa sok nikreuh baé ka masjid, kundang iteuk bari ngajingjing lantéra. Manéhna baheula cenah anu keukeuh hayang nyieun masjid ogé, sarta manéhna deuih anu tuluy tulatén miarana. Asa katéténjokeun kénéh, saban poé Jumaah isuk-isuk, bapa sok ngadekul baé nyaangan buruan masjid. Sirahna nu salilana lénang téh sok gugurilapan katojo cahya panonpoé. Muga sing kapanggih baé éta cahya nu gugurilapan téh, di ditu di alam kubur. Inget ka dinya aya nu nyelek deui dina tikoro. Teu kuat, panon baseuh deui cimataan.
Kaharti sanggeus dilenyepan mah, naon pangna bapa tepi ka méré wasiat kitu. Meureun lantaran kanyaahna pohara gedéna ka éta tilu patempatan. Tapi kumaha atuh ayeuna. Pimanaeun ari kudu dikubur di tilu tempat mah?
Lila kuring ngahuleng. Pahuleng-huleng katilu adi. Saréréa milu éwuh, milu bingung.
“Kudu geuwat diputuskeun, bisi kaburitan ké ngurebkeunana!” ceuk Mang Sudin nu ti tatadi geus mamanggul pacul.
“Enya, kumaha atuh, Ka? Urang kudu geuwat nyieun putusan. Piraku ieu mayit rék diantep baé?” ceuk Suma nu bungsu.
“Heueuh, kudu kumaha atuh? Kaka baluweng kénéh,” témbal kuring.
“Kumaha lamun wasiat nu ditepikeun ka Kaka baé nu dilaksanakeun. Bapa urang kureb-keun di tengah leuweung,” ceuk Suma deui.
“Teu bisa kitu! Beurat ieu wasiat téh. Jeung anéhna naha ari sual tanah jeung kebon mah teu diwasiatkeun ku bapa téh? Perkara dikubur mah saenyana teu kudu dijieun wasiat. Nu puguh mah urang saréréa jadi baluweng ku ieu amanat téh,” témbal Badar tandes.
“Enya, ari geus kieu kudu kumaha? Urang undi wé atuh ngarah gampang mah. Kumaha lamun kitu?” Suma mére bongbolongan.
“Teu lumbrah, Suma! Piraku ngalaksanakeun amanat bapa maké kudu diundi. Teu, aing mah teu satuju!” omong Badar semu nyereng.
“Ari geus? Cing ceuk Kaka Badar kudu kumaha? Atawa urang kudu motong mayit bapa jadi tilu bagian?” Suma malik morongos.
“Ceuk aing mah dijieun-jieun teuing ieu wasiat téh. Bapa geus méré wasiat nu ngabalu-karkeun urang pacéngkadan.”
“Heup, jep jarempling heula!” ceuk kuring meper adi. Duanana katénjona bangun katerap ku napsu amarah.
“Badar! Manéh ulah kitu,” pok téh leuleuy. “Urang teu kaci nyalahkeun almarhum. Deuleu, mayitna ngajepat kénéh nungguan kaputusan urang. Kaka mah yakin, bapa teu salah, jeung moal sagawayah méré wasiat lamun euweuh mangpaatna.”
“Euweuh mangpaatna, salian ti ngahudang papaséaan! Pék wé rék dikubur di mana-mana ogé!” omong Badar bari ngajéngkat rék indit.
“Badar! Diuk heula siah!” ceuk kuring bari ngarawél leungeunna. “Teu pantes sia boga kalakuan kitu! Urang téh keur musawarah hareupeun mayit. Cing atuh sing sabar, ulah nurutkeun napsu kitu. Kumaha rék longsongna lamun urang papaséaan? Perkara warisan mah engké oge sia moal burung kabagéan!”
Badar ngeluk disentak kitu mah. Kuring luak-lieuk. Horéng beuki loba jelema nu ngadon ngalayad téh. Gék Aki Rudah diuk gigireun kuring. Kokolot lembur manéhna téh, geus ti tatadi pantesna milu nyaksian kuring saadi-adi padungdengan.
“Tah kabeneran aya Aki Rudah. Cing tulungan, Ki, kudu kumaha ieu téh?” ceuk kuring bari ngised rada mundur.
“Kurebkeun baé di tengah leuweung,” tembal Aki Rudah leuleuy. Kuring silih rérét jeung adi nu duaan.
“Kumaha pangna kitu, Ki?”
“Laksanakeun baé amanat nu ditepikeun ka manéh, anakna nu cikal,” ceuk Aki bari nunjuk ka kuring. “Siga-siga ngandung rusiah ieu amanat téh. Engké sugan hiji waktu kabuka ku anak-incuna. Geuwat kurebkeun di leuweung. Lamun maranéh tuluy dung-deng baé pasini, moal aya anggeusna. Karunya ka mayit,” pokna deui.
Enya bener Aki Rudah. Moal aya tungtungna lamun terus baé pasini mah. Sanggeus badami deui katilu adi, tuluy sapuk, bapa rék dikurebkeun di tengah leuweung. Kuloneun lembur kabeneran aya tanah bapa nu lega, tara digarap. Mang Sudin sabatur-batur tuluy dijurungan sina gancang nyieun kuburan.
Réngsé dimandian jeung disolatkeun, harita kénéh layon bapa digarotong dibawa ka tengah leuweung. Bring layonna pada ngiringkeun, pada nganteurkeun ku jalma salembur.
………..
Bapa ayeuna geus reureuh nyangsaya di tengah leuweung. Makamna simpé, lalinduk kaiuhan tatangkalan. Lila-lila ti lebah sukuna jeung sirahna aya petét kiara nu renung jaradi laun-laun. Jasadna, daging jeung tulang-taléngna, geus nyerep jadi acining bumi, nyuwuk nyuburkeun tutuwuhan.
Kira sapuluh taun ti harita, biheung kajurung ku naon, kuring bet hayang pindah. Nyieun imah teu jauh ti makam bapa. Lembur beuki ngarekahan. Imah beuki gegek. Éta kawasna pangna hayang nyingkur pindah ka leuweung téh. Bisa-bisa barang pelak ari di leuweung mah, teu kaluman tambuh laku. Teu lila adi nu duaan ogé milu nuturkeun, nyarieun imah di dinya, nga-lingkung sadululur-dulur.
Teu karasa ngagilirna waktu. Teu karasa reuayna anak jeung incu. Tepi ka hiji mangsa, boa sabaraha puluh taun ti harita, di dinya di hiji lahan nu tadina leuweung tegal kakayon ngaginggeung, ngarunggunuk hiji lembur nu tuluy kasebut Lembur Samida. Bari kawas geus kitu kuduna, makam bapa téh ayeuna perenahna bet persis aya di tengah-tengah lembur, diriung dilingkung ku imah anak-incu tuturunan. Atuh dina hiji waktu, adi kuring nu bungsu – nu katitipan amanat sangkan bapa dikurebkeun di tengah masjid – tuluy mokalan ngadegkeun masjid lebah dinya, ngurung kuburan.
Kakara caang haté ayeuna, kolot mah horéng awas deuleu. Leuweung téh hirup urang poé isuk. Saban lembur padumukan nu dicaricingan, tadina mah leuweung luwang-liwung. Urang nu jadi anak-incu, hiji waktu bakal reuay baranahan. Bakal ngababakan nyarieun lembur anyar. Kitu meureun nu kapikir ku bapa harita. Tapi ari dilenyepan deui, asa aya nu patukang tonggong. Naha henteu kasawang ku bapa, yén leuweung bakal ruksak upama dibukbak dijieun lembur ku anak-incu?
Lembur Samida, lembur singkur nu liuh ku tatangkalan. Kitu tadina mah. Tangkal kiara, mahoni, jeung naon baé anu jadi iuh-iuh lembur, henteu dituar. Kuring nu jadi anakna, asa katitipan amanat lebah ngariksa tatangkalan téh. Sirung naon baé, petét naon baé nu jadi, ceuk bapa mah poma ulah diganggu digunasika. Sina hirup babarengan, ngalagena kawas manusa.
Ayeuna dina umur tunggang gunung, kuring teu bisa tukuh nyekel amanat bapa. Ngan ukur dina implengan ayana lembur nu liuh ku tatangalan téh….
**
Nyah kuring nyaring tina panglamunan. Kakara inget, horeng keur ngadekul kénéh nyanghareupan tutunggul makam. Di luar hujan kawas beuki ngagedéan, nyéor semu ngaguruh kana kenténg masjid. Abong keur usumna, hujan bangun rék ngagebrét baé tuluy-tuluyan.
Kuring cengkat. Koloyong ka deukeut paimbaran. Gek deui diuk, neuteup lalangit bari nyangsaya kana témbok. Bréh deui waruga aki, ngalangkang deui dina ingetana – jalma anu pohara nyaahna kana tatangkalan, ceuk bapa. Ayeuna kasaksén pisan, anak-incu saban waktu, geus puluhan taun, teu reureuh-reureuh nuaran tatangkalan. Leuweung bungbang, kosong jeung haroong. Padahal kasebutna urang lembur, anak-incu, meujeuhna lamun maranéhna resep barang pelak téh. Langka kadieunakeun mah nu kitu téh. Langka anu daék ceb melak tatangkalan. Inget ka dinya kuring ngarahuh. Asa ujug-ujug ngarasa keueung biheung ku naon.
Kuring cengkat. Rét kana jam dina témbok, geus waktuna magrib. Ngong adan. Keur kitu, di luar ujug-ujug kadéngé sora nu tinggorowok.
“Caah deui!”
“Caah déngdéng!”
“Gancang ngungsi ka pasir!”
“Tulung! Anak aing palid!”
Rég kuring eureun heula keur adan téh. Sabil rék nuluykeun da di luar kadéngé sakitu haliwuna. Rét nénjo kaluar tina jandéla. Allohu Akbar! Awak ngadégdég. Di béh kalér, landeuheun masjid, katénjo jalma-jalma pakéwuh deui, tingkocéak deui kawas mangkukna, pada-pada nyalamétkeun manéh. Bari ngadégdég kuring maksakeun manéh, nuluykeun adan. Sora ngageter, kebek kakeueung.
Réngsé adan gura-giru kaluar. Jalma-jalma séah paburisat nyingkahan caah nu datang deui ngajelegur. Leuwih gedé ieu mah, leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus. Saréréa geumpeur tagiwur. Nu ngagémbol buntelan, nu manggul kasur, ngais budak, nungtun embé, ngaguruh lalumpat muru pasir. Cai beuki léb-léban, ngeueum naon baé nu katarajang.
Peuting harita, Lembur Samida carem diteureuy caah umpalan. ***