28 Januari 2010

Ririwa Asmara

Hade jigana lamum pangalaman ieu dijadikeun bahan carpon. Sugan bae kapake ku redaktur, terus dimuat. Tah ku kaaosna carios sim kuring engke mugia pamiarsa pulih kasadaran, waspada, leuwih ti kitu taki-taki kana sagala kamungkinan timbulna masalah. Tina naon? Tina alatan reana tetempoan nu dibengbrengkeun telepisi, pangpangna tetempoan ieu— hiji tetempoan nu geus ngabalukarkeun timbulna masalah dina rumah tangga kuring. Aeh, naha geuning-naha geuning, naha bet katetelasan ngumbar obsesi? Hanteu ketah. Hanteu perlu kuring ngagantelkeun obsesi kitu kana tulisan. Hapunten! Ieu mah sakadar tulisan. Carita. Dongeng. Aos mah aos bae. Mung, teu kedah diemutanlah. Anu penting diemutan ku urang mah di antawisna; iraha korupsi bade liren, iraha hog-hag parebut jatah teu kapireng deui, iraha urang sadaya tengtrem-rengrem teu seueur kasieun, karisi, sareng kahariwang boh alatan musibah ti Pangeran atanapi musibah ti sasama. Ti sim kuring minangka juru catur, anggap bae ieu mah landong nyeri waos, kanu nuju humaregung ngusapan baham bareuh. Atanapi anggap bae rencang ngawangkong ka nu nuju kasepian. Atuh kanu nuju handeueul pedah BBM naek, sing enggal behbar. Anu nuju emosi alatan kasus Ambalat, kenoran heula emosina. Kanggo Bapak-bapak anggota dewan di Betakow, nyanggakeun ieu carios, kahade, ah, teu kenging seueur ocon.
Duka kumaha, kuring sok jol-jol ngarasa teu genah hate, kaganggu pikir lamun geus ngabandungan pamajikan jeung anak, nu keur nanjak parawan, pogot nonton acara Sang Lelaki dina tipi. Asa aya ririwa kokolebatan. Ririwa nu ngabalukarkeun kuring saharita dirurub kasieun. Tapi anyar-anyar mah—ku kasadaran yen naon nu jadi pikir kuring harita (mangsa ngabandungan pamajikan jeung anak) ngan saukur kacurigaan jeung katimburubutaan kuring—naon nu jadi ririwa eta teu haben dipikasalempang. Ngan orokaya, lila ku lila mah kasadaran kuring lebur. Antukna nu timbul gerah hate, bayeungyang pikir.
“Kasebelan!” geremet kuring peuting harita, mangsa di luareun kamar gawe kareungeu presenter Sang Lelaki muka acara. Kabayang pamajikan jeung anak giak, museurkeun pikir jeung konsentrasi kana sagala rupa pamandangan nu rabul nembongan. Kabayang saratus wanoja, harade wanda jeung rupa, ting jarerit, ting kaleprok basa sapuluh urang lalaki pilihan dipanggil asup ka panggung.
“Haramjadol!”
Konsentrasi bubar. Kuring ngahuleng hareupeun monitor. Sababaraha menit. Reup komputer pareum. Monitor ngagebleg hideung. Kurunyung ti beulah katuhu tulisan beureum mucunghul: SEKALI BERARTI SETELAH ITU MATI! Heab hawa panas ngagedurkeun deui sumanget nulis. Tugas kuring nu penting ayeuna lain mikiran masalah tadi, tapi nulis. Enya, nuliskeun masalah tadi jadi hiji carita. Gap moust dicagap. Terus diusik-usikeun. Bray layar hurung deui, nembongkeun lay out kertas nu geus kaeusian tilu parapat ketikan.
Leng kuring ngahuleng basa parat anggeus maca deui carita nu tadi dijieun. Panyakit nulis datang. Magol lamun kosnsentrasi kapegat. Sagala rupa bahan carita nu geus ngagolontor ngadadak racleng. Antukna cos deui pikiran antel kana masalah tadi.
Heueuh, abong zaman ngulik. Jalma teh jadi krareatif. Sagala rupa diulik.Nyieun itu nyieun ieu. Geus jadi breh dipintonkeun ka balarea; kuis, sinetron, reality show, jeung rupa-rupa kaunikan pasesedek jeung iklan. Ana dipikir, geuning dunya teh bet kawadahan ku barang sagede kardus. Euh, Gusti! Jeung eta deui make aya acara model kitu. Naon maksudna? Hiburan? Heueuh ari hiburana mah. Ngan, eta nu nyieuna teu mikir kitu nepi ka lebah dieu? Yen, naon nu dijieun ku manehna teh baris ngabalukarkeun timbulna masalah pikeun nu nempo, samodel kuring ayeuna. Piraku hanteu? Tapi…? Mereun heueuh, maranehna moal narima disalahkeun. Paling-paling malik nyegag: Naha? Sampean we pangna kitu oge nu boga pikiran goreng, teu beres, kacau! Nu matak sing sehat boga otak teh! Ulah sok dirobeda ku pikiran goreng! Bari komo neumbleuhkeun kasalahan ka leungeun batur. Kuring mah pilakadar nyieun media keur ngahibur batur. Tuh tingali buktina! Na, ari ditempo teh bet geuning bener. Eta bae tingal di studio. Puluhan wanoja; parawan, jeung (mereun) randa—da piraku nu boga salaki mah—meuni reuteum pikeun meunteun saurang lalaki nu paling super. Lalaki nu sagala rupana masagi, tagog jeung pangabisana. Tah, lalaki model kitu nu ahirna baris nyongcolak dina lolongkrang pikir jeung kongkolak panon para wanoja tadi. Di studio pon kitu di luar studio. Kaasup dina pikir jeung mata pamajikan sarta anak kuring. Mupus-nyingkahkeun gambaran lalaki sejen, atawa lalaki anu salila ieu geus maturan hirupna. Gebeg hate kuring ngagebeg. Gusti! Leng ngahuleng. Teu lila korejat kasadaran malikeun alam pikir kana perkara nu titadi keur disanghareupan. SEKALI BERARTI SETELAH ITU MATI! Moust kukuring diusikkeun. Layar muka terektek kuring ngetik.
Hiji mangsa salah sahiji di antara maranehna baris ngajanggelek jadi hiji ririwa. Ngan hanjakala lain ririwa Dasamuka tapi ririwa Arjuna. Ngaran-ngaran Arjuna, sok sanajan wujudna ririwa moal hanteu pada muja, pada micinta para wanoja kaasup pamajikan jeung anak kuring. Naon buktina? Nepi ka wates ieu kuring ngahuleng deui. Memang, lamun disedekkeun kana pananya eta mah kuring kaboler alesan. Euweuh. Euweuh alesan nu kuat pikeun ngadakwa yen pamajikan geus kareundeupan ririwa eta. Kulantaran kitu kuring teu bisa majar kumaha. Kuring teu bisa nyarek komo ngaharamkeun pamajikan nongton acara eta mah.
Tepi kalebah dinya reg deui kuring eureun mencetan huruf. Renghap narik napas panjang. Asa seuseut angin nu disedot teh. Untung rokok jeung kopi masih weuteuh. Suruput kopi diuyup. Kopi Medan pamere babaturan mangsa kuring masih kuliah baheula. Hawa haneut nyaliara dina tikoro. Nyot rokok disunut. Haseup ngelun, ngageol kawas birit biduan nu keur joged luhur panggung, ngimbangan pamikir kuring nu ras inget ka eta nu mere kopi. Nyeh seuri sorangan. Emh, si jeket biru. Jadol, finishing goreng. Kacerek batur ahirna. Da eta tuda biwir jeung letah sok ngadadak peluh ari mangsana tugas teh. Jadi we…! Ah, keun we da geus seubeuh bareng, ubrang-abreng ulin kaditu-kadieu. Nu penting mah persahabatana langgeng nepi kaayeuna. Silih kirim tulisan, boh artikel, essei, atawa sajak. Babakuna kopi nu pasti hadir unggal manehna tas mulang kampung ka Medan. Ah, biru…, jigana moal kasampeur deui peuting-peuting duaan dipanggungan galindengna Norah Jones!
Duka teuing geus sabaraha lila, teuing geus sabaraha urang lalaki super macho nu geus kapilih jadi favourit maranehna kaasup pamajikan kuring. Nu jelas, hiji, dua, atawa tilu urang di antara nu kapilih eta teu bisa ditolak geus jadi ririwa nu salilana ngongkolak dina heherang panon pamajikan kuring.
“Kadal siah!”
Kabayang panon pamajikan nu teu ngiceup basa nempo eta ririwa tandang. Katempo urat pipina nu ngadadak hirup basa nempo rupa jeung dedeg eta ririwa. Amarah lir seuni nu ngahuru jarami gering na jero dada. “Kurang ajar!” Ras inget kana pangalaman nu geus karandapan dina salila waktu katukang. Paingan. Paingan pamajikan ngadadak beda lamun ngalayanan kahayang kuring. Aya gairah nu lain ti sasari, nu ngahuru napsuna lamun tea mah pareng keur gawe saranjang jeung kuring. Beda jeung nu enggeus-enggeus! Heueuh meureun kitu. Eta, da nu aya dina jero pikir manehna lain kuring tapi lalaki lain nu salila eta ngaririwaan pikiranna. Lalaki pilihan. Lalaki super macho. Lalaki unggulan para wanoja kabeh. “Bangsat!”
Amarah beuki nguntab. Kuring ngahegak. Memang kuring meunang kasugemaan waktu harita. Tapi naon hartina kasugemaan eta dibandingkeun jeung penghianatan. Nincak hulu! Teu bisa! Euweuh, euweuh hampuraeun pikeun kuring. Teu ngeunah. Saha nu daek dipalsuan. Jiga nu enya diri berkuasa dan berdaya mangsa harita. Tapi buktina, di hareupeun mata pamajikan nu berkuasa dan berdaya teh lalaki sejen. Najis! Fuck!
Peletak! Teu karasa roko nu tadi dikenyot geus ngalentab pelat pabrikna. Kuring ngagurubug. Ngusap biwir nu karasa panas kapetelan ruhak lantaran kuring ngenyot rokok tarik pisan awahing kaberung napsu. “Jadol!” kuring ngeseken kuntung kana asbak, bari ngabayangkeun nu digesekeun teh hulu si ririwa. “Rasain! Mampus luh!” Regot nguyup kopi. Dada karasa muka.
“Pemirsa di studio, sekarang giliran anda untuk menentukan siapa tiga lelaki yang berhak lolos untuk ikut dalam babak selanjutnya!” bentes sora presenter
Luk saratus wanoja tarungkul, ngumbar leungeun nu pakupek ngetik ngaran lalaki nu jadi idola atawa pilihana dina hp masing-masing. Teu kungsi samenit saratus sms geus racleng, asup kana layar komputer nu aya hareupeun algojo—sapuluh wanoja gareulis, para model kondang, nu garumpay kawas lauk emas.
“Oke, sekarang tiba saatnya kita menyaksikan siapa yang terpilih menjadi sang lelaki kali ini!” jempe sakeudeung. “My angle’s!” gorowokna, nitah para algojo kaluar. Sora musik kadenge marengan ting langgeorna para model nu sakeudeung deui baris jadi algojo pikeun lalaki sial peuting harita. Sora keprok kereungeu. Dua menit beak. Sora tinggujubar kadenge dibarung ku jerit histeris para wanoja nu handeueul lalaki pilihanna cundang.
“Rena!” batin kuring. Kabayang jago nu dipilih ku pamajikan tikerelep dikusrukeun ka jero cai. Kerelep teu tembong. Pucunghul, muncul ka luhur bari sirah rancucut kawas cucurut kabancuh hujan. “Puas!” batin kuring surak. “Kurang kumaha kuring? Kurang naon kuring?”
Tapi dalah dikumaha. Gagal milih nu eta masih keneh aya nu ieu. Lalaki-lalaki sejen nu leuwih berbobot. Teng, pamajikan kuring anteng musatkeun deui konsentrasi pikeun milih lalaki sejen nu baris jadi ceungceuman batin. Kuring ngahuleng basa lalaki nu jadi pilihan pamajikan unggul. “Bangsat!” kuniang amarah nguntab deui. Komo basa nempo pamajikan ngengklak bakat ku suka. Kabayang si kasebelan leumpang dangah, ngaliwat ka hareupeun irung kuring. Seuri sinis bari ngarindatkeun juru mata. Ngaleos bari ngaleng pamajikan. Saterusna, kawas dina India, maranehna silih cacapkeun kasuka. Pakaleng-kaleng. Diuk gegenjangan dina luhur korsi empuk. Kuring boro-boro ditolih. Ibarat panganten anyar atawa sapasang kekasih nu teu patepung maranehna ting kedekes numplakeun kasono. “Satu hari tak bertemu, hati rasa syahdu. Bila kamu di sisiku, hati rasa syahdu. Kuyakin ini semua, perasaan cinta…” Beu, jeung eta lagu deui make nambah mapanas.
“Setan!”
“Ku naon Kang?” tanya panajikan kerung. Matana mencrong kuring nu geus meh parat muka kancing kameja. Kuring reuwas oge. “Teu, teu aya nanaon.” Jawab kuring gugup. “Ieu kancing make ngait sagala. Atuh ngunyed.” Sambung kuring ngadalih.
“Numawi santey geura, Kang. Da moal kusaha atuh.” Walon pamajikan bari ngagelenyu imut. Dibere imut harita kuring boro-boro sadar. Nu jelas hate kalah beuki ngaheab.
“Akang mah kawas nembean bae nanaon teh.” Ceuk pamajikan bari terus ngalangkarak, nalenkeun sirah kana dua dampal leungeun. Suku ngengkang bari tuur rada ditekuk ka luhur. Seblak hate nyeblak. Geus tinggal gepruk lamun hayam diadu mah. Ngan, harita aya popongkol nu gancang nunjel dada. Naha bener nu ditangtang ku pamajikan teh kuring? Atawa si kasebelan nu tadi kapilih jadi lalaki super macho? Serr, getih asa dikompa kana embun-embun basa pikir yakin yen nu ditangtang ku pamajikan harita si ririwa.
Sajongjongan kuring ngahuleng. Lamun kitu carana kudu adil. Dada panas. Pon kitu pengpelangan. Setan bungah meureun nempo kaayaan kitu. Teu lila kurunyung datang nuyun lima urang wanoja. Gebeg rada reuwas oge kuring nempo Lena, Siska, Ratih, Linda, jeung Jaenar geus ajeg hareupeun dina dangdanan siap tempur habis-habisan. Mangga pilih bade nu mana. Kadenge sora setan ngaharewos. Nyeh kuring seuri. Lakadalah geuning ahirna kuring bisa nyacapkeun kasono jeung maranehna nu salila ieu sok rabul ngaleketek mata jeung hate kuring. Heug siah!
“Der-lah!” kuring ngalacat unggah ka luhur ranjang, nemonan hajat pamajikan.
“Pek we rek si Gody, Tomi, Pablo, atawa si Hawi oge. Pek, pek teh teuing da kuring oge boga. Boga deuleu. Yap, kadieu Siska!”
Peuting terus ngarayap. Simpe anteng ngeueum kuring nu ti hothat meruhkeun tanaga Siska. Pamajikan kuring meureundeuy ngarasakeun kanikmatan tina tanaga nu di kaluarkeun Godi. Ranjang ngageret, ngahudangkeun deui sapasang cakcak nu tadi ngarayap, ting sulusup nyamuni. Teuing. Teuing saha nu katempo ku maranehna. Teuing kuring jeung pamajikan kuring, teuing pamajikan jeung Gody, teuing kuring jeung Siska.
“Tos beres damel teh Kang?” pamajikan nanya bari ngelol tina sela panto. Kuring ngarenjag. Malik nempo kalebah manehna.
“Acan, saparapat halaman deui meureun.”
“Tos wengi, Kang!” sora pamajikan ngageter.
“Enya!”
“Pan ayeuna wengi Jumaah. Sunah!”
Kuring ngahuleng. Ngalieuk deui ka lebah manehna. Katempo mata pamajikan ceuleuyeu. Ngajak! Imut manis pisan. Ngiceup ngajak kuring ka luar. Kuring ngarenghap. Kuring moal eleh! Jung cengkat sanggeus mareuman komputer.
Majalengka, 20 Maret 2005

Babasan jeung Paribasa

Nyanggakeun tah babasan nu sok rajeun diucapkeun ku urang Sunda, nu lolobana mah urang geus teu apal kana hartina!
Tong boro kitu dalah kecapna bae urang teu ngarti. Namung hapunten ieu kenging nyandak tina cutatan blog tatanggi.
Mangga tah geura aos:


  1. Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak   jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  2. Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  3. Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
  4. Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  5. Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
  6. Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
  7. Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
  8. Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
  9. Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda
    ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  10. Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  11. Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
    Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
  12. Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  13. Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
  14. Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
    napsu kapegung.
  15. Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  16. Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  17. Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
  18. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  19. Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
  20. Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  21. Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
  22. Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
  23. Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
  24. Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
  25. Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
  26. Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
  27. Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
  28. Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  29. Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  30. Aya hate kadua leutik naksir.
  31. Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  32. Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  33. Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  34. Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
  35. Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  36. Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
  37. Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
  38. Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
  39. Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
  40. Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
  41. Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
  42. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  43. Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
  44. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
  45. Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
  46. Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
  47. Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
  48. Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  49. Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
  50. Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
  51. Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  52. Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  53. Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  54. Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
  55. Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  56. Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
  57. Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
  58. Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
  59. Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
  60. Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
  61. Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
  62. Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
  63. Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
  64. Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
  65. Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
  66. Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  67. Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
  68. Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  69. Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
  70. Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
  71. Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
  72. Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
  73. Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
  74. Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
  75. Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  76. Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu jadi anak, lamun bapana henteu bageur.
  77. Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
  78. Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
  79. Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
  80. Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  81. Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  82. Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
  83. Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  84. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  85. Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
  86. Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
  87. Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
  88. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
  89. Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
  90. Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
  91. Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
  92. Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
  93. Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
  94. Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
  95. Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
  96. Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  97. Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
  98. Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
  99. Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  100. Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
  101. Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
  102. Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
  103. Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  104. Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
  105. Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
  106. Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
  107. Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  108. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
  109. Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.
  110. Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
  111. Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  112. Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
  113. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
  114. Gurat batu Pageuh kana jangji.
  115. Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  116. Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
  117. Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
  118. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
  119. Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
  120. Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
  121. Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  122. Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
  123. Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  124. Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
  125. Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
  126. Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
  127. Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  128. Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
  129. Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  130. Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  131. Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
  132. Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
  133. Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
  134. Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  135. Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  136. Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  137. Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
  138. Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  139. Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
  140. Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  141. Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
  142. Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
  143. Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
  144. Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
  145. Ipis kulit beungeut Gede kaera.
  146. Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  147. Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
  148. Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
  149. Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
  150. Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
  151. Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
  152. Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
  153. Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  154. Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  155. Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
  156. Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
  157. Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  158. Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
  159. Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  160. Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
  161. Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
  162. Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
  163. Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
  164. Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
  165. Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
  166. Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
  167. Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
  168. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
  169. Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
  170. Kandel kulit beungeut euweuh kaerá.
  171. Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  172. Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
  173. Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
  174. Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
  175. Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
  176. Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
  177. Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
  178. Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
  179. Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
  180. Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
  181. Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
  182. Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
  183. Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  184. Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
  185. Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
  186. Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
  187. Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
  188. Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
  189. Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
  190. Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
  191. Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
  192. Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
  193. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  194. Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
  195. Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
  196. Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
  197. Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
  198. Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
  199. Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
  200. Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
  201. Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
  202. Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
  203. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
  204. Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  205. Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
  206. Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
  207. Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  208. Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  209. Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  210. Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
  211. Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  212. Leutik burih euweuh kawani.
  213. Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
  214. Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
  215. Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
  216. Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
  217. Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  218. Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
  219. Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
  220. Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
  221. Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
  222. Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  223. Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  224. Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
  225. Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
  226. Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
  227. Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  228. Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  229. Melengkung bekas nyalahan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  230. Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  231. Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
  232. Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  233. Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  234. Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
  235. Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
  236. Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
  237. Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
  238. Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
  239. Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
  240. Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
  241. Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  242. Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  243. Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
  244. Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  245. Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
  246. Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
  247. Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
  248. Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  249. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
  250. Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  251. Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
  252. Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  253. Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  254. Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
  255. Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  256. Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
  257. Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
  258. Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
  259. Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  260. Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  261. Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  262. Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  263. Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
  264. Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
  265. Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
  266. Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  267. Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  268. Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  269. Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
  270. Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
  271. Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
  272. Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
  273. Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  274. Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung suda pihasileunana.
  275. Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  276. Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  277. Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
  278. Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
  279. Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
  280. Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
  281. Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  282. Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  283. Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
  284. Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
  285. Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  286. Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
  287. Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
  288. Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
  289. Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
  290. Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
  291. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
  292. Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
  293. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  294. Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  295. Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  296. Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
  297. Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
  298. Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  299. Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  300. Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
  301. Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  302. Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
  303. Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  304. Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  305. Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
  306. Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
  307. Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
  308. Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
  309. Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  310. Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
  311. Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
  312. Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
  313. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  314. Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  315. Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
  316. Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  317. Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  318. Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  319. Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  320. Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  321. Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
  322. Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  323. Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  324. Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
  325. Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  326. Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
  327. Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
  328. Pait daging pahang tulang Arang gering.
  329. Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
  330. Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  331. Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
  332. Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  333. Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
  334. Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
  335. Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  336. Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
  337. Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
  338. Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
  339. Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
  340. Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
  341. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  342. Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
  343. Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
  344. Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
  345. Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
  346. Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  347. Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  348. Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  349. Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
  350. Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
  351. Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
  352. Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  353. Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
  354. Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
  355. Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
  356. Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  357. Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
  358. Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
  359. Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
  360. Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  361. Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  362. Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
  363. Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
  364. Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
  365. Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  366. Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
  367. Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
  368. Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  369. Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  370. Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  371. Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
  372. Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
  373. Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  374. Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  375. Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
  376. Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
  377. Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
  378. Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  379. Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
  380. Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
  381. Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
  382. Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
  383. Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
  384. Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
  385. Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
  386. Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
  387. Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
  388. Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
  389. Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
  390. Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
  391. Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
  392. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
  393. Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  394. Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
  395. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
  396. Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
  397. Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  398. Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  399. Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
  400. Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  401. Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
  402. Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  403. Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
  404. Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
  405. Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  406. Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  407. Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
  408. Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
  409. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  410. Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  411. Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  412. Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  413. Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
  414. Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
  415. Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  416. Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
  417. Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rupa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
  418. Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
  419. Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
  420. Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
  421. Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.

Nalika Engkang teu Damang

Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun. Rumaos diri seueur kénéh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari hég ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun Mantenna.
Wantun susumpahan sotéh ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun, supados manah Engkang ngaraos reugreug, henteu aya kacangcaya. Abdi leres-leres kumawula ka pangersa Engkang téh teu pisan-pisan ngarasula, éstu lillahi Taala.
Engkang! Welas-welas taun Engkang teu damang, ukur tiasa rumingkang sanyaliraeun. Welas-welas taun abdi ngurus barudak dugi ka sadaya lulus SLTA. Teu, Engkang, teu pisan-pisan abdi asa gaduh jasa sosoranganan. Abdi sadar, upami sanés ku pangersa Mantenna, abdi mah kapan henteu daya teu upaya. Émutan abdi, éta mah mung pangaturan Gusti Alloh, abdi nu kedah turun makalangan. Abdi mah darma kapapancénan jadi nu gaduh lalakon. Nanging sagala rupi ogé kapan Nu Maha Ngatur mah anging Anjeunna. Alloh SWT.
Engkang sing percanten, abdi mah ukur darma wawayangan, kumaha dalang anu ngamaénkeunana. Peupeujeuh Engkang ulah kagungan manah cangcaya. Ulah sieun kéna-kéna abdi jagjag, teras wantun campelak ka Engkang. Kapan Engkang téh pangeran abdi di dunya, sanaos kumaha baé kaayaanana. Ningal saré’at, Engkang téh teu daya teu upaya. Tapi kapan Alloh mah Maha Welas. Maha Asih. Moal nanggeuy di bongkokna. Welas asih ka sakumna mahlukna. Dua sasih saméméh Engkang kaserang stroke nu kadua kalina, duka ku naon abdi bet teras-terasan ngaraos sedih. Teu weléh ngembeng cipanon. Ras ka Engkang nu tos sering tiktikbrek, teu weléh ririwit, bet asa lalewang, asa pinuh ku kamelang. Nanging émut deui kapan sagala rupi ogé anging Mantenna nu ngatur. Ras ka diri sorangan, sanaos ayeuna nuju jagjag belejag, umur mah saha nu terang. Boa abdi nu bakal langkung ti payun mulang. Bet jorojoy hoyong ngado’a, “Gusti, upami salah saurang di antawis abdi Gusti aya anu dipundut, sim abdi gaduh panuhun, salian ti neda dihampura dosa, hirup hoyong aya dina rido Gusti, sareng neda disalametkeun dunya ahérat. Kahiji upami maot téh ulah matak pikasieuneun batur. Kadua mugi ulah matak pikagilaeun nu ngalereskeun. Katilu ulah matak pikaisineun barudak anu dikantun.
Nu pikareuwaseun mah nalika salira babareuhan. Saur dokter Soléh, Engkang teh kaserang panyawat jantung. Kedah diopnameu. Abdi bingung, teu puguh laku. Teu kacipta atuda upami Engkang dirawat, pisakumahaeun teuing riweuhna. Dokter Soléh nu tos biasa marios Engkang, boboléh basa disuhunkeun landong wungkul, bari teu kedah dirawat. Aya rasa keuheul ogé, tos aya kana sapuluh wangsulanana marios Engkang ka anjeunna teh, tapi mani teu aya pisan tinimbanganana. Ngalih we ka dokter sanés. Angger kedah dirawat. Panasaran dicobian ka Puskesmas, sami kedah dirawat. Nyéépkeun kapanasaran dibantun ka dokter Mumi. Dokter istri urang Jawa nu praktékna teu pati tebih ti rorompok urang. Anjeunna teh tos dua belas taun ngaasisténan dokter ahli panyawat jantung. Rupina tos terang pisan maparin landong matih kanggo nu kaserang panyawat jantung tos rada parna.
“Dupi Bapa kumaha tuangna, tiasa seueur?” dokter naros.
“Nu mawi, Dok, tuangna téh mung ukur bubur lemu campur susu, kitu gé sakedik pisan. Da sok palay luga baé, sanaos tuangna ukur sakedik ogé,” waler abdi.
“Bapa teh kirang gizi, Bu. Ti ayeuna mah kedah sina seueur tuangna. Réncangna gé kedah nu ngandung gizi, nanging ulah nu digoréng. Pais hayam, pais lauk, pais tahu campur sungsum gé tiasa. Hawatos atuh Bu, dugi ka kieu,” cék dokter. Abdi ukur ngabelehém, isin. Tapi dokter téh bangun nu surti, da teras ngupahan.
“Teu kedah salempang, tebus wé ieu landong saminggueun, séép landong ka dieu deui. Wilujeng, mugi sing énggal damang.” cenah.
Sapaparat jalan mulang, abdi ngusapan panangan Engkang bari neda dihapunten. Paralun abdi téh sanés teu nyaah ka Engkang. Abdi kirang towéksa, dina ngurus tuangeun. Panangan Engkang anu bareuh bukekeng ku abdi diusapan. Deudeuh teuing. Engkang téh busung lapar panginten. Hapunten abdi.
Ti harita, sanaos kumaha riweuhna, abdi sok teu weléh mayunkeun ngurus tuangeun Engkang. Engkang ku abdi sok diwagel angkat-angkatan. Dihaturanan kopéah sareng sarung anyar kénging mésér abdi. Wawartos ka Engkang mah ti réréncangan, étang-étang nyanggakeun panglayad ka Engkang. Engkang imut. Duka leres percanten réréncangan abdi nyaraaheun ka Engkang, duka Engkang ngartos kana rékayasa abdi bakat ku hoyong nyenangkeun manah Engkang. Nu penting Engkang tiasa wirid bari nganggo anggoan nu sagala beresih. Sanaos sanes hartosna kedah sagala anyar, nanging kapan Engkang bakal bingah upami sagala nu disanggakeun anyar. Panuhun abdi diturut ku Engkang. Bari sila andekak dina korsi panjang, Engkang teras-terasan ngucapkeun “Lailahailallah”, da mung éta-étana kalimah nu tiasa kaluar kalawan lancar tina baham Engkang. Pita suara Engkang nu reksak, ku kamurahan Gusti Alloh, tiasa kénéh ngucapkeun “Lailahailallah” kalawan lancar.
Dinten Saptu harita téh. Abdi libur teu ngantor. Kaleresan aya aturan énggal, unggal Saptu diliburkeun. Jam satengah dalapan énjing-énjing, Engkang dihuapan bubur. Dumadakan atuh bet asa rarinéh boh émutan boh kaayaan. Engkang ngalimed tuang, bubur sapiring téh mani lénang. Ngahaja ku abdi dihuapan téh supados tiasa seueur tuangna. Leres baé geuning ari bari diajak ngobrol mah, Engkang keresa tuang bari bangun anu bingah.
“Engké siang urang ngadamel deui pais hayam, nya Engkang,” sanggem abdi. Duka ku naon raraosan téh mani asa bingah tapi asa aya nu nyérését kana haté. Mani hoyong téh ngabingahkeun manah Engkang, nanging teu terang kedah kumaha. Aya rasa deudeuh tan wangenan nu nyaliara jeroeun dada. Tapi aya rasa lewang nu teu puguh lantaranana. Asa tingsérédét haté, asa ngaleketey sedih, tapi asa mendak kabungah nu ogé teu puguh marga lantaranana.
“Nuang landong heula nya, Engkang. Badé nganggo cai amis?” abdi naros.
“He’eh,” Engkang ngawaler bari unggeuk.
Sabot abdi ngabantun gelas, Ahmad ngajerit. Engkang tos ngajoprak dina korsi, bari salira jegjreg. Abdi ngusap beungeut bari istigfar. Ningal kaayaan sapertos kitu, abdi apal, Engkang koma. Ciri-ciri sapertos kitu biasana ‘pecah pembuluh darah’ dina mastaka. Dijajap ku mobil pun adi, Engkang dibantun ka rumah sakit.
Kaleresan teu aya kelas nu kosong. Aya oge di mung VIP. Kedah sayagi uang muka lima ratus rébu. Abdi mung gaduh satengahna. Tapi kénging karinganan, sésana tiasa dibayar dinten Senén. Sabada diparios sababaraha rupi pamariosan, Engkang lebet ka ruang VIP. Sasadérékan ngawitan jul-jol ngalayad. Jol suster nu badé masang kateter. Jol deui nu ngawartosan, “Ibu, ieu rémot kanggo AC, ieu rémot kanggo TV, ieu konci kulkasna, tiasa dianggo,” pokna. Abdi ngarérét ka Engkang nu nuju dipasang selang. Bari tungkul nahan cipanon nu murubut, abdi ngagero nyambat jenengan Mantenna. “Ya Alloh! Kedah kumaha abdi némbongkeun rasa tumarima? Nuhun Gusti, abdi dipaparin kasempetan kanggo ngurus pun lanceuk kalayan utami, henteu ngagolér dina samak saheulay, disimbutan samping butut. Sanaos hirup abdi mung ukur paspasan, sawios welas-welas taun kedah bajoang kalawan tohtohan. Nanging abdi yakin, abdi henteu sorangan. Aya panangan Salira anu tetep nungtun, tetep nuyun. Anu nebihkeun tina sagala rupi wiwirang. Anu kawasa maparinkeun nu pangsaéna kanggo sing saha anu dipilihna. Engkang bangun kulem tibra. Abdi reumbay cimata pinuh rasa tumarima. “Nyanggakeun Ya Robbi, naon baé anu baris tumiba, abdi moal mungpang kana Pangersa Salira. Nanging mugi salamina aya dina rido Gusti.
Salami Engkang teu damang, teu tiasa pisan palémék. Engkang ngalempréh, ngantos putusan nu baris tumiba. Abdi ngaheruk, neda kasalametan dunya aherat kanggo Engkang. Neda dipaparin kakiatan kanggo nampi naon nu baris tumiba.***