28 November 2009

Nasib Roman Sunda Ngepop

URANG Sunda resep dongéng. Bukti nu tembresna mah dongéng via radio. Antara taun 1970-an nepi ka 1990-an dunya dongéng dina radio ngabetot perhatian nu ngabarandunganana. Harita mah réa pisan radio nu nyiarkeun acara dongéng. Di Bandung, upamana, Radio Sangkuriang, Radio Garuda, jeung Radio Shinta nu sok nyiarkeunana. Atawa di wewengkon Sumedang, aya Radio Jussan jeung Radio Duta.
Wa Kepoh jeung Rachmat Dipraja mangrupa ikon-na. Duanana kakolomkeun juru dongéng radio nu pangkawentarna. Sorana teu weléh dianti-anti. Nu matak hélok mah éstu teu kawatesanan ku umur deuih pikeun ngabandungan hébatna gaya ngadongéngna téh; kolot, budak, lalaki, awéwé. Karéréanana resep ngadaréngékeun dongéng radio, siga jaman kiwari lalajo sinétron. Tapi ari nu nulis caritana mah tara pati dipaliré, malah ampir kapopohokeun. Saperti Yat R, pangarang dongéng Si Rawing, anu kungsi ngageunjleungkeun tatar Sunda.
Carita-caritana mémang mataktak tibelat. Aya dongéng silat nu ngalalakonkeun para jawara reujeung élmu kadugalanana, saperti Si Buntung Jago Tutugan. Tokoh utamana, Andi, ngabogaan pakarang mangrupa haur konéng. Sedengkeun musuh kabuyutanana, Karna, boga ajian batu karang. Tangtu réa keneh carita-carita sejenna gé. Boh génre carita silat, mistéri, boh nu mangrupa romantika kahirupan. Modél Gumilar, Jaka Santang, Nurélah, Néng Élah, Ir. Mardi, jsté.
Tapi anu jarang kasungsi atawa kasebut-sebut téh nyaéta sumber-sumber lalakonna. Sihoréng dongéng-dongéng Sunda via radio téh aya gantar kakaitanana jeung pamedalan buku-buku roman pop Sunda dina mangsa 1960-1970-an. Harita mah buku-buku modél kitu loba nu pada mikaresep. Jumlahna nepi ka mangratus judul. Ditambah téh deuih tiap judulna gé ngurung hiji nepi ka sawatara puluh seri. Contona Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar nu jumlahna 45 jilid. Atawa Si Buraong (Wargina, 1971) karya K. Soekarna nu jumlahna nepi ka 43 jilid. Buktina, tina situs-situs di internet kacatet, upamana pabukon Universitas Kebangsaan Malaysia (UKM) ngoleksi roman Sunda saeutikna 270-an judul. Ditambah deui, model, pabukon KITLV nu ngumpulkeun ratusan judul.
Nu narulisna gé réa deuih. Cara A. Roestandi nu nulis seri Andjar (Pusaka Sunda, 1967). Atawa A. Tolib nu ngarang Pusaka nu Ménta Wadal (Romanato, 1970). Atawa Juda Djaja jeung Djaka Tarum-na (Laksana, 1970). Ogé Tatang KS nu ngarang Rusiah Euis Marlinah (Wargina, 1969). Ngan tangtu wé nu fenomenal mah K. Soekarna jeung S. Sukandar. Duanana geus ngahasilkeun roman Sunda nu nepi ka kiwari masih dipikawanoh publik Sunda. K. Soekarna, upamana, kakoncara ku bukuna Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969). Ari S. Sukandar kawentar ku carita silatna Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969), nu remen jadi babon dongéng radio tur dijudulan sarua.
Di antara sakitu réana ngaran pangarang roman Sunda, aya sawatara pangarang nu sok maké sandiasma (ngaran samaran). Cara Koko, Juda Djaja, atawa Supermen. Ngaran asli Koko jeung Juda Djaja nyaéta M. O. Suratman, hiji kapten manten nu dumuk di Jalan Babakan Tarogong, Bandung.
Sedengkeun ngaran Supermén sihoréng sandiasmana S. Sukandar. Pang inyana maké éta ngaran sabab hiji mangsa basa inyana rék masrahkeun naskah ka pamedal, inyana poho neundeun naskahna nu digantelkeun dina Véspa. Tapi naskah horéng geus hiber aya nu ngarampidan, ti dinya pisan inyana mimiti maké ngaran Supermén.
Cek koropak pembaca (nu dimuat dina Sulit Ati Belang Bayah karya Wahyu Adam, 1972: 35-36) nepi ka taun 1972 aya sawatara pangarang nu masih aktif ngarang roman pop Sunda. Nyaéta Wahyu Adam, Ki Masram, Supermén, Juda Djaja, jeung Entang S. Maranéhna sok ngarumpul di Perpustakaan Anéka nu aya di Jalan Pagarsih No. 179A Bandung sarta diluluguan ku M. O. Suratman.
Tapi nepi ka kiwari, ceuk rasa mah tacan aya juru titén atawa kritikus nu nalungtik ngeunaan buku-buku modél kitu. Boh ngeunaan génre-na, kandungan sastra-na, boh pangaruhna ka masarakat Sunda. Pangaruhna perelu disebut sabab bisa jadi masarakat Sunda mah mikawanoh sastra Sunda téh asalna tina buku-buku roman pop téa. Walhasil, lain tina karya-karya nu jadi kanon sastra Sunda, saperti Baruang ka nu Ngarora (D.K. Ardiwinata), Mantri Jero (R. Memed Sastrahadiprawira), atawa Diarah Pati roman misteri karya Margasulaksana.
Nu jadi pasualan, kunaon pang nepi ka kajadian boom dina éra harita? Bisa jadi aya sawatara sabab. Di antarana, pungsi agén jeung taman bacaan nu jadi rawayan sumebarna roman pop Sunda, gedé pisan kontribusina. Buktina, mun seug pirajeunan niténan buku-buku roman pop téa, di jerona pasti sok aya gambaran ngeunaan agén nu ngadistribusikeun buku-bukuna. Salian ti éta, di jerona téh biasana sok aya ngaran-ngaran taman bacaan nu nyadiakeun buku-buku roman pop Sunda. Cara, keur pamedal Romanato jeung Sinar Wulan agénna téh Toko Buku Nasional Suka Asih nu aya di Jalan Rd. Dewi Sartika 1.H, Bandung. Jeung remen sok dibarengan ku ngaran jeung alamat taman bacaanna.
Bisa ogé tina jihat nu maracana. Nu maraca roman pop Sunda, bawirasa, lain jalma-jalma anu resep hal-ihwal ngeunaan kasusastraan. Atawa teu miduli: naha roman pop Sunda téh karya sastra atawa lain. Nu penting mah sigana asal ramé tur ngondang nguniangna rasa panasaran. Cindekna nu maraca roman pop Sunda mah jalma-jalma anu awam kana hal-ihwal kasusastraan.
Mungkin waé éta téh jadi sabab para kritikus sastra Sunda henteu nembongkeun katitén ku ayana éta roman-roman téa. Malah béh dituna nganggap yén taya mangpaat anu dipetik tina jalan macaan buku-buku samodél kitu. Sabab ceuk arinyana mah buku-buku nu pandena kitu téh ngan ngajarkeun kajumudan mikir jeung hal-hal anu cawokah. Padahal ceuk rasa mah, gagasan kritikus sastra Sunda nu milah-milah antara nu daria jeung pop nu jadi salah sahiji nu ngancurkeun tradisi roman pop Sunda.
Salian ti éta, bawirasa bédana antara sastra anu daria jeung sastra anu ngepop dina sastra Sunda mah ipis kacida. Malah rada hésé ngabédakeunana. Ogé sabenerna mah roman pop Sunda téh bisa dimangpaatkeun minangka média nu ngamumulé basa Sunda. Sabab justru ku roman pop, sastra Sunda ngaronjat popularitasna nepi ka masarakat réa nu pada mikaresep.
Ku kituna, kiwari sigana waktu nu mustari pikeun ngumpulkeun (sok sanajan leuir) sarta ngayakeun panalungtikan kana roman pop Sunda. Ku jalan kitu, éta téh sarua hartina jeung ngahargaan sumanget jeung kréatifitas para pangarang roman pop Sunda. Sabab kumaha baé ogé, roman-roman pop Sunda (sanajan salila ieu mah luput tina panitén para kritikus) geus ngilu ngeuyeuban sastra Sunda.***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...