13 Oktober 2009

Ulukutek leunca

bilih bade nyobian

Bahan :
1/4 kg Leunca, 5 siki Cabe hejo, 5 siki Cabe beureum, Oncom saparapat gebleg dicacag-cacag ku peso sapertos cingcang oncom

Bungbu:
3 sihung Bawang beureum
2 sihung Bawang bodas
2 buku curuk Laja dipekprek atanapi disiksik ipis
2 lambar Salam
Sagagang Sereh digeprek
Cipati saparapat kalapa
Gula sacekapna
Uyah sacekapna
Pecin/Royco sacekapna

Ngadamelna :
Leunca piceunan gagangna, kumbah sing beresih. campurkeun sareng cabe hejo cabe beureum kenging ngumbah siksik serong.
Siksik bawang beureum + bawang bodas digoreng dugi ka layu. abruskeun leunca, oncom, cabe hejo + beureum nu kenging nyiksik, laja, salam, sereh.
Lebetkeun cipati.
Bungbuan uyah, gula, pecin. Dugi ka saat. raosan we!!
Upami bade ditambihan bungbu penyedap mangga bade ditambihan royco, si sedap, atanapi masako.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...