30 Oktober 2009

Seserahan

Aya nu Unik basa mudik kamari,nyaeta nganteur seserahan,tadinamah mun teu pajonghokan jeung nu ngundangnamah moal ngilu,naon sabab , eta da seserahan nana masih sistem baheula ti mimiti gayung ,tetenong,suluh,hihid, domba,kasur,seeng,dipan, jeung nu sejena.nya lamun jarak ti panganten lalaki ka panganten awewe beda RTmah teu teu nanaon, tapi ieumah beda kampung kudu make kendaraan da rada jauh ,jeung saturuna tina kendaraan teh anu jalana taringgul lempang deui kana jalan satapak.singket carita neupi kanu dimaksud katempat panganten awewe bari jeung bobolokot kesang.rombongan dihaturan linggih diteruskeun ku acara seren sumeren anu kacida panjangna meren meh sabanding jeung honor,,teuing banci tampil nu pidatona Mun ceuk istilah barudak ayeunamah,,bari jeung kukurubukan nu ngalanteur ngahaminan acara nu seren sumeren ,diteuruskeun ku acara ijab kabul nikah,,,hampir dua jam acara selesai ,,nungalanter di titah dalahar ku pihak panganten awewe,,alhamdullilah ahirna beuteung anu salatri teh kaeusian da ti isuk can sarapan,teu karasa kuring nyarita ka sagigireun anu milu nganteur ” ieumah saruana nu nyerenkeun jeung nu narimateh raresep ngomong teu raresep dahar “.terus anu sagigireun nyarita “ceuk saha jang ieu buktina akang sanguna sapiring mentung,” ret kuring ngareret ” Aeh geuning mang ajeungan punteun abdi nyarios kitu ,da ieu abdina tadi teu sarapan heula jadi salatri kulantaran kalamian””(jadol siah nu diomongkeun teh geuning di gigireun,jadi era parada ,hapunteun mang ajeungan)

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...