28 Oktober 2009

Karma Rahwana Dasamuka

Bagian Katilu



DI HANDAP, di marcapada, Rahwana sirikna teu angkaribung, mekel rupa-rupa pakarang. “Rama! Coba lawan aing!” Rahwana mentangkeun deui jamparing sakti. Barang ragrag kana lemah, robah wujud jadi rupa-rupa sato galak; maung, banteng, celeng, gajah, oray, jeung sajabana. Jumlahna ampir nandingan tentara Maliawan.

Buriak tentara Maliawan kalabur. Tapi, teu burung tea nu jadi korban. Ayem Sri Rama mesat pakarang. Dak dumadak datang angin gede campur seuneu. Sakedet satwa ciptaan Rahwana musnah.

“Iblis!” Rahwana murka. Ngaluarkuen deui pakarang. Pangperangan digulung cai umpalan. Rewuan tentara Anoman, nyarah kabawa cai.

Enggal Sri Rama nyandak panah Gandarwastra. Perbawana hawa panas leuwih ti misti. Cai umpalan saat teu sakara-kara. Rahwana beuki jengkel. Kop kana Trisula. Ngahaja dilenmpagkeun tujul ka lebah Sri Rama. Trisula teu walakaya. Ancur jadi lebu.

Perang kapegat wanci sariak layung. Suku gunung beuki kasaput halimun. Ngarasa reugreug ningali Sri Rama rada unggul, Hyang Barja lumungsur ti langit katujuh. Jagat ngawitan peteng.

“Rama! Urang tuluykeun deui isuk!” Rahwana kukubuk.

Tapi ka karaton, rasa hariwang nyaliara jeroeun dada Rahwana. Tetela musuhna lain lalaworakeuneun. Ras manehna inget, waktu eleh saembara di Mantili. Nyaan gagah-digjayana Si Ramawijaya. Tapi, cadu mungkuk aing kudu taluk. Haram dempak aing kudu sumerah. Aya keneh panah Kunta. Weuteuh keneh Aji Pancasona.

Peutingna Rahwana ngumpulkeun dukun, tukang ramal, jeung jurutorah. Jero karaton Alengka ngahaja dihias diendah-endah, geusan ngabageakeun tamu petingan. Dahareun jeung inumeun teu puguh rupana, matak bingung barieukeun.

Teu kapalang hayang nyenangkeun tatamu, juruladen ngeprak dayang-dayang pilihan. Rengse balakecrakan disambung sarukan-sukan. Rahwana nyarita:

“Kula ngahaja ngumpulkeun maraneh sakabeh. Maksudna, hayang dipangnorahkeun, saha kira-kirana nu bakal unggul? Naha kaula atawa Si Ramawijaya?”

Cilaka. Tina sakitu puluh urang tukang ramal, taya hiji oge anu nyebutkeun Rahwana baris unggul. Malah teu saeutik nu lahlahan ngedalkeun kamandang, malar Dasamuka ulah nuluykeun perangna. Ngadenge jawaban jururamal, Rahwana teu kira-kira ambekna. Sipat biadabna datang deui. Ngalugas pedang kabeh jururamal ditigas janggana.

Isukna, rebun-rebun keneh Rahwana geus saged. Dituturkeun paningal Batara Surya. Sakilat ka medan yudha manehna cunduk. Ti beulah ditu, Sri Rama sami sayaga. Saperti kamari, luhureun langit katujuh, paradewa caralik ngaderes, diamparan mega bodas.

Dangah, gagah, panon hibar, sihung ranggeteng pikagilaeun. Rahwana sidik niat anggeus-anggeusan. Leungeun katuhuna nyenyekel gegaman Kunta. Kasorot panonpoe isuk-isuk, cahaya emas ngempur semu hurung. Tina luhureun kareta peang, haok nangtang musuhna:

“Rama! Hayoh maju!”

Sri Rama majeng. Henteu tutunggangan siga Rahwana. Cekap angkat ngagandeuang. Ning, henteu dugi ka hilap mekel pakarang. Malih tara-tara ti biasa, mayunan ngangkat senjata. Hamo, teu katuturkeun panon manusa, terang-terang kareta perang musuhna ancur. Kudana kalabur marulang deui ka Kahyangan. Demi nu tumpakna, luncat nyalametkeun diri.

“Bangkawarah!” beungeut Dasamuka beuki hurung, dihuru seuneu amarah. Teu karaos wanci maju tengah poe ereng-erengan. Raja siang anegleng luhureun embun-embunan. Resep ngalalajoan perang tandong. Nu narongton di langit katujuh tambih saregep ngabandungan. Socana ampir teu ngiceup-ngiceup. Sadayana ngagebeg, barang ningali jungkiring awak Raja Alengka robah ngabadagan.

Rahwana titikrama! Saban ngalengkah dunya langsung inggeung. Unggal renghap angin puyuh museur salelewek pangperangan. Leungeunna rurunjang ka luhur. Panonpoe satoel deui beunang dirawel. Paur nenjo kalakuan raksasa, Batara Surya meungpeunan socana. Langit nu tadina cangra, ngadadak surem.

“Aduh cilaka!” Batara Indra hariwang.

“Naha Sri Rama bakal pikuateun?” Dewa Brahma ngiring honcewang.

“Tenang,” saur Batara Narada api-api teu galideur.

Senjata Kunta melesat tina leungeun Rahwana. Bumi alam beuki genjlong. Kilat-tatit tingbelesat nyaangan awang-awang. Sora guntur tingjelegur meulah langit. Hawa lada nyebar ka saparapat jagat. Tingkoceak, tingdarengdek, sora monyet ngaleupaskeun nyawa. Dalah Anoman, Anggada, Sugriwa, sareng Kapijembawan, ampir-ampiran kelenger.

“Nun Ramawijawa, asa parantos manjing mustarina, Rahwana nampi hukuman,” saur Laksmana.

Sri Rama meureumkeun socana. Manahna manteng ka Hyang Agung. Maksadna, sajaba ti mundut pangyuga, neda widi ngaluarkeun Guwawijaya. Panah Guwawijaya memang teu kenging sambarang waktu digunakeun, iwal mayunan musuh anu enya-enya pilih tanding. Disimpenna oge apan benten ti ilahar, ngahiji sareng jasa lemes Dewa Wisnu.

Aya harewos tan katingali jirimna. Unina, nyaluyuan kana pamaksadan Sri Rama. Atuh lajeng nepak dada palih tengen. Lebeting ati pok misaur:

“Rahwana kula kapaksa ngaluarkeun Duwawijaya. Geura tungkul ka Hyang Agung, geura tanggah ka tempat pangbalikan sajati,” tali gondewa diwengkang. “Piraku teu seubeuh maneh ngacak-ngacak dunya!”

guwawijaya dilepas. Jagat peteng dituturkeun sora kadia gunung bitu, marengan cahaya mancawura ka satungkebing langit. Barang mulang sabihari, Kunta gegaman Rahwana ilang musna balik ka nu kagunganana, Hyang Jagatnata.

Tutas ngancurkeun pakarang lawanna, Guwawijaya nyiriwik meulah angin, sarta teu kungsi lila kadenge aya sora ngagoak. Sirah Rahwana sidik ngagelenceng, leupas tina janggana.

Aneh. Beuheung Dasamuka lir sirungan. Leungit sirah nu hiji, bijil deui sirah nu sarupa. Seot deui disamber Guwawijaya. Goak deui. Gelenceng deui. Terus nepi ka sapuluh kali. Memeh awak Rahwana rubah-rebah ka tanah pikeun salilana.

Rahwana, raja biadab, tutug kana waktuna, nitih kana wancina, nginggang kana papastenna. Sareatna alatan panah sakti Guwawijaya. Hakekatna hukuman ti Dewata Agung, buah lampah jadi rurujit jagat buana.

Wibisana lumpat muru banusan rakana. Awak Rahwana digabrug, lajeng digalentoran, bari murubut citangis kasedih. Pegat-pegat sasauran, sumambat ka nu ngantunkeun:

“Duh… Raka Prabu… Naha atuh heunteu kenging dielingan. Teu hilap-hilap rayi ngemutan, Sri Rama sanes manusa biasa, sidik wuwujudan dewa, saha nu mampuh mayunan sasakten Wisnu? Saestuna, Wisnu cahaya hirup-hirup dunya katut panguesina. Bumi, samudra, gunung, manusa, aditya, katut para satwa aya lantaran sabdana. Kari-kari ku sallira bade diancurkeun. Kumaha ari tos kieu? Rayi bati sedih. Pon kitu deui ingkang Rama, Ibu, sareng Eyang Sumali.”

Sabot kitu Sri Rama parantos aya pengkereunana. Wibisana diusapan, bari teras dilelejar. Sabda Wisnu:

“Wibisana, adi Akang, geura susut eta cisoca. Margi sanajan ngajerit maratan langit, ngabanjiran salegana jagat buana, teu aya hartina. Langkung sae tuang raka hayu urang sampurnakeun. Malah mandar susuganan, arwahna heunteu teras marakayangan. Sajabi ti eta ulah hilap, rayi gaduh pancen suci. Tingali, rayat Alengka meujeuh katalangsara. Kawajiban salira mulangkeun deui kajembaran bangsa jeung nagara.”

Raden Wibisana alon cengkat. Gabrug nyuuh kana pangkonan Sri Rama. Ngawakilan ingkang raka suwargi, melas-melis mundut pangampun, saurna:

“Mugia kaagungan manah jungjunan Wisnu, kersa ngahapunten samudaya kalepatan Raka Prabu Rahwana. Margi mung pangampura salira, anu tiasa mukakeun lawang kasampurnaan.”

“Kula geus leuwih ti heula ngahampura. Malah neneda ka Hyang Agung, malar sukma tuang raka tiasa mulang ka alam suci; nagara tunjung sampurna. Ngahiji sareng sukma suci lianna.”

Sakumaha lumrahna, layon Raja Alengka diurus samistina. Puncakna dilaksanakeun upacara mandi geni. Tempatna di alun-alun karaton, kalayan diiring puja-puji sakumna rahayat Alengka, para resi, katut brahmana. Teu kantun wadyabalad Maliawan.

Sarengsena, Sri Rama lajeng ngjungjung lungguh Raden Gunawan Wibisana janten raja, gelar Raja Agung Alengkadirja.

Rahayat Alengka lain bae sapuk satuju, malah langsung ngarencanakeun pesta rongkah, raraga ngabageakeun raja anyar. Geus karuhan Hyang Wisnu mampuh ngungkulan rereged dunya, paradewa gasik marulih deui ka Kahyangan.

(Nurutkeun kaol lianna, lantaran ngagem Aji Pancasona, satungtung dunya ngadeg, Dasamuka dengdeng hirup. Tug nepi ka ayeuna. Ngan kaayanana ninggang kana babasan: paeh teu hos, hirup teu neut. Lara-kasiksa saumur-umur. Dongengna kieu:

Barang Sri Rama ngaluarkeun pana Guwawijaya, Rahmana kabur ka jomantara. Cilakana ka mendi manehna indit, Guwawijaya terus ngukuntit. Lila-lila Rahwana beak tanaga. Tapi, lantaran Aji Pancasona tea, Guwawijaya teu bisa maehan musuhna. Akibatna, Rahwana asa kasiksa. Awakna raca dipacokan pana Sri Rama.

Kitu jeung kitu bae terus taya tungtungna. Lumpat, diudag. Nyumput, dituturkeun. Balangah meueusan jeprot. Sakali mangsa Rahwana mubus kana sela-sela dua gunung. Aneh, sakali ieu mah Guwawijaya siga nu leungiteun tapak.

“Aing salamet!” Rahwana bungah. Teu apaleun eta dua gunung, sabenerna wuwujudan sirah anakna; Sondara jeung Sondari. Rahwana tega neuteuk beuheung anak kembarna, pikeun nipu Dewi Sinta. Tuluy diaku, majarkeun teh, anu hiji mastaka Sri Rama, hiji deui mastaka Raden Laksmana.

Wirang lakuna kabitur, sirah anakna disepak satakerna. Ragrag di hiji tempat, jleg jadi gunung kembar. Ari ayeuna eta dua gunung dipake panyumputan manehna.

Caturkeun arwah Sondara reujeung Sondar, asa manggih jalan komo meuntas. Pirang-pirang lila neundeun ceuceub, datang kasempetan geusan mulangkeun kanyeri. Awak bapana digencet, ditindihan ku duaan. Taya gunana Rahwana ampun-ampunan. Nya kitu deui mementa dicabut nyawa. Hyang Batara Agung ngarasa pantes nibankeun hukum karma ka raja jahat biadab: awak kakubur teu walakaya, paeh henteu, hirup henteu. Lara-kasiksa salila alam dunya tacan kiamah).***

Cag ah !!


Dimuat di Majah Mangle No. 2160

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...