28 Oktober 2009

Karma Rahwana Dasamuka

Bagian Kadua



Di Karaton Alengka, Rahwana ngeluk ngungun, nandang brangta. Sanajan sohor jelema jahat, bengis, jeung sarakah, ngadenge anak kadeudeuh maot mah, hatena teu burung sedih.

“Indrajit…. Indrajit… anak aing,” cenah, sasambat ka nu geus euweuh.

Aya gerentes niat ngeureunan perang. Tuluy ngutus senapati nu aya sina ngelebetkeun bendera bodas. Dapon manehna salamet, sarta tahtah nagara tetep jadi milikna, sadia ngaku taluk ka Sri Rama. Ngan saban inget ka Dewi Sinta, buru-buru disieuhkeun. Beunang aing hese cape, bodo katotoloyoh mun dipasrahkeun.

Ongkoh-ongkoh kagok borontok, kapalang belang, sakalian corelang. Deuk taluk mah lain ti bareto. Ulah ngadagoan sanak-kadang jadi korban, rayat jeung nagara awut-awutan.

“Najis! Aing najis kudu serah-bongkokan!” cenah ngocoblak sosoranganan. “Aing Rahwana! Raja sakti mandraguna! Naha kumeok teuing, pilakadar nyangharuepan musuh harkat manusa! Kahyangan Jonggringsalaka ku aing kungsi diunggahan. Keur nanahaon aing ngagem Aji Pancasona. Taya gunana aing boga panah Kunta,” teuing nyarita jeung saha.

Bosen ngocoblak sorangan, laju ngangkir raksasa Gathodara, Maodara, Wiloitaka, Swiwi, jeung Mahajarsa. Tinggal sakitu-kituna ponggawa nu nyesa. Nahan amarah, pok paparentah:

“Siapkeun kareta perang! Tumplekkeun saayana tentara Alengka! Sakira masih keneh kurang, asal lalaki, paksa rayat sina milu ka medan laga! Keukeuh nolak, ulah asa-asa, paehan!”

peuting ngarayap. Parat nepi ka subuh Rahwana teu bisa sare. Di luar karaton, kareta kencana, lengkep sapuratina geus sayaga. Tinggal nungguan bray beurang, Raja Alengka saged nyanghareupan perang anggeus-anggeusan.

Di pakemahan Suwelagiri, Sri Rama diriung-riung Wibisana, Laksmana, Sugriwa, jeung Anoman. Nampi hasil telik paindrajala, Wibisana ngajak barempug sadayana: saha nu bade mingpin jurit dinten enjing.

“Sigana geus mangsana kaula maju,” sanggem Sri Rama.

Peuting terus ngarayap muru lawang beurang. Jagat leuwih cangra ti biasa. Hyang Surya ngahaja mencarkeun sinarna ka satangkaraking buana. Ti subuh mula, mega ngahaja nyalingray. Beungeut langit bodas rata. Gunung, laut, angin, tutuwuhan, katut sasatoan, sarua teu sabar hayang geura nyaksian perang pamungkas, antara dua satria lalanang jagat. Saha nu eleh nu meunang, galuntreng disawalakeun.

Diiring Aditya Gathodara, Wiloitaksa, Maodara, Swiwi, jeung Mahajarsa, Rahwana tumpak kareta kencana wedalan Kahyangan. Gagah, dangah, saged, tur lengkep pakean perang. Hiasan makuta tingborelak, katojo sinar giwangkara. Sorot panonna hibar, matak seber jelema biasa. Lebah cangkeng, beulah kenca jeung katuhu, nyolengkrang pedang puluhan deupa pangjangna. Manggul gada momot rebuah kati, nyangking pakarang sakti Kunta, tambah teuneung beuki ludeung.

Dalapan kuda jalu warna hideung bangbara, teu eleh gagah ti dunungan. Ana belesat lumpat muru medan laga, sorana kadia runtuyan guntur. Gancangna nandingan kilat. Angin nyalingkir, pepedut kalabur, gigis nenjo cahaya tingbaranyay, tukangeun kareta perang Rahwana.

Karek ngadenge sorana, paraprajurit rewanda rea nu katurelengan. Gugup paheula-heula mubus kana rurunkunan. Sora naon mana tarik-tarik teuing. Sarerea gehger. Anoman, Anggada, Anila, jeung Anala, pahibut neangan ulon-ulonna. Breh… aya cahaya melesat ti jomantara, cepet lempeng muru ka lebah maranehna.

“Paingan,” ceuk Anoman, sanggeus sidik, horeng nu melesat tanding kilat, dituturkeun sora geledeg seuhangna teh, kareta perang Rahwana.

Buru-buru ngutus Anggada sina laporan ka Sri Rama. Putusan Sri Rama: sadiakeun kalantaka! Kelebetkeun bandera perang! Bageakeun wadyabalad raksasa Alengka! Demi Rahwana, bagian anjeunna mayunan!

Aditya Gathodara ti heula narajang. Dituturkeun Maodara. Wiloitaka, jeung Swiwi. Aditya Mahajarsa nyusul. Der perang campuh. Gelut, gulet, silih intip, silih gitik, adu pinter, adu rikat, silih taker tanaga, ka dituna silih paehan.

Lebah ngadu tanaga, saperti biasa, para prajurit Maliawan eleh bedas. Sabalikna adu rikat, adu pinter, musuh mindeng kabeunangan.

Diluluguan ku Senapati Kredana, Gandamana, Sempati, jeung Winata, paraprajurit wanara tandang, lir banteng bayangan. Musuh diambreg, dihurup, jeung diraponan.

Mokaha lantaran tentara rewanda puluh-puluh tikel reana, Aditya Gathodara sabalad-balad kapaksa mundur. Tapi, teu kungsi lila, bareng narajang deui. Cacar galeng, perangna teu milih-milih musuh.

Kasabaran Anoman beak. Gajleng luncat, diturutan Anggada, Anila, Kapijembawan, reujeung Anala. Senapati Kredana, Gandamana, Sempati, jeung Winata, kapaksa nyengled ngelehan.

Anoman kabeneran tepung jeung Aditya Gathodara. Anggada lawan Maodara. Kapijembawan ditangtang Wiloitaka. Anila katut Anala nyangharepan Swiwi jeung Mahajarsa. Munding rarakitan, kuda papasangan, masing-masing manggih tanding sarua digjayana. Mokaha matak resep nu ngalalajoan.

Gathodara lian ti raksasa, gelutna rada palinceng. Sanajan awakna badag, sagerak-gerakna tangginas. Sababaraha kali teunggeulan Anoman ngeplos, ngalayang ngababuk angin. Giliran manehna nyerang, tilu-opat jurus diruntuykeun. Nyodok, nyepak, nyejek, jeung ngaledot. Jungkir-jumpalik lawanna nyalametkeun diri.

Sakali mangsa Anoman kabongohan, katewak tuluy dibantingkeun. Memeh hudang gabrug ku Gathodara dirontok, dipiting jeung ditindihan. Ngarasa ripuh ngalayanan tanaga buta, putra Anjani kapaksa ngarobah wujud, tiwikrama jadi wanara raksasa. Sirah Gathodara disiku, palangkakanan dijejek. Gorempal pamitingna lesot. Barang rek digabrug deui, Anoman luncat, melesat ka awang-awang. Awak Gathodara tisusut. Biwirna tambah jantowor diadu jeung tunggul.

“Kurang ajar!” Gathodara gancang hudang. Suruwuk mumbul ka luhur, luncat ngudag ka mega malang. Untung Anoman leuwih ti heula sayaga.

Di handap jago kolot, Kapijembawan, karek rengse merenan lawanna. Awak Aditya Wiloitaka ngabugigag teu nyawaan. Dada jeung sirahna ampir remuk. Leungeunna sabeulah nyangsang dina dahan kai. Getih ulaweran gigireun layon.

Demi Anila kapaksa gelutna rada licik. Panon lawanna diawuran keusik campur barangkal. Raksasa Swiwi ngagoak bari nutupan beungeutna. Solontod sukuna ngait kana aakaran. Gancang dipapag ruruhit tumbak. Beuteung Swiwi parat katiir pakarang.

Raksasa Maodara niat mayar pati. Dihuru napsu hayang geura-geura maehan lawanna, ngarabut tatangkalan, nugaran batu, terus dibalang-balangkeun ka lebah Anggada. Teu cukup ku sakitu, pedang, gobang, tumbak, kangkang, gada, jeung naon nu ku hanteu, haliber tina leungeunna. Cacak lain Anggada, boa geus ngajehjer, tuluy sakarat dicabut nyawa.

Ngarasa jengkel, Anggada nekad ngadatangan musuhna. Leungeunna pakupis nakisan batu, tangkal kai, katut pakarang lawan. Sawareh ngahaja ditewak, tuluy dipulangkeun deui ka nu bogana. Geus deukeut barabat mapat Aji Bayubraja. Awak Anggada ngalayang, jedak sukuna nyayang lebah careham Senapati Maodara. Tacan ajeg kuda-kudana, giliran dadana dipindo teunggeulan nu leuwih tarik. Hek! Napas Maodara pegat.

Loba teuing ngaluarkeun tanaga, renghap-ranjug ambekan Senapati Mahajarsa. Anala gancang luncat kana pupundakan lawanna. Mahajarsa elat malik, beuheungna kaburu pageuh dicekek. Beuki lila beuki tarik. Sora tulang potong kadenge tingdorokdok. Aditya Mahajarsa pejah!

Tinggal Anoman jeungGAthodara. Duanana ragot silih tumplekkeun wewesen. Perangna di dua alam. Sakapeung di awang-awang, kalan-kalan galungan luhureun jagat. Belecet deui ka luhur, sirorot pindah ka handap. Kitu terus, teu daek aya nu eleh.

“Narantaka!” ceuk Anoman, kapaksa ngetrukkeun elmu simpenan. Awak Gathodara ngajaul muter disapu tanaga gaib. Buru-buru ditewak tuluy dipanggul. Aji Narantaka, ulah waka jelema, manggul gunung sarua hampangna jeung buntelan kapas.

Dilalajoan Dasamuka, Gathodara ditotogkeun kana batu cadas. Sirahna ajur, awakna remuk, tulangna barubuk, daging campur getih mancawura ka mana-mana. Sora surak munggal kaindit. Paraprajurit wanara bungah nempo jagona unggul. Tingcerewet, tingsaruit, ngarigel engklak-engklakan.

“Kunyuk bangkawarah!” panon Rahwana ngaburileng. Tina sungutna bijil seuneu. Beungeut beureum semu hibar. Kop kana gagaman. Belesat… belesat… panah merul badis hujan, nujul wadyabalad rewanda. Sakedet medan laga pinuh ku babatang.

Nampo pangawasa rajana, sesa prajurit Alengka asa kahatean deui. Teu nungguan diparentah, breg maju babarengan. Teu kungsi lila Hyang Yamadipati, dewa purah nyabut umur, pak-pik-pek ngundeuran nyawa.

Lantaran jumlahna teu sabaraha, laun-laun balatentara raksasa malundur. Komo sabada senapati Kredana, Sempati, Winata, diaping Anggada, Kapijembawan, Anila, jeung Anala, ngacak-ngacak kakuatan lawan.

“Keuyeup apu! Hayam lisung! Naha siah kalah kalabur!” Rahwana cocorowokan. “Hayoh maju deui! Saha nu mundur, ku aing dipaehan!” ngancam.

Taya piliheun. Maju gigis, mundur sieun, antukna pabaliut teu puguh. Dasar raja bengis, nenjo kalakuan prajuritna, Rahwana ngagebah kudana. Kareta perang nyuruwuk. Kalayan taya ras-rasan, tentara raksasa dibabad gobang rajana.

“Rasakeun siah!” Raja Alengka malikkeun kareta kudana. Tuluy ditegarkeun deui. Angin gede tinggarulung, dibarung kilat jeung tatit. Tatangkalan rarungkad, batu alancur, tentara Maliawan gemprah.

Wibisana enggal nyaketan Sri Rama. Ti dinya misaur: “Rupina Kakang Rahwana siap tarung tutumpuran.”

Sri Rama imut. Rek ka raina, maksadna mundut kamandang. Abong sami satria waskita, nu direret surti, gasik unggeuk tanda ngajurung nu seja tandang.

“Wartosan Anoman. Wadyabalad tentara Maliawan piwarang mundur. Nya kitu deui sadaya senapati,” sanggem Ramawijaya.

Beungeut langit semu bareubeu. Saliwat siga deuk hujan. Hyang Surya ngahaja ngantunkeun pancenna, seja nepangan Ingkang Rama Pramesti Guru Jaganata. Maksadna bade tumaros, naha Sri Rama kira-kira bakal sanggup ngungkulan Raja Alengka.

Leres Sri Rama teh kaancikan Dewa Wisnu. Malih diasih sareng diaping Batara Agung. Ning, emut kana kajantenan sakitu mangsa ka tukang, waktos Kahyangan diawut-awut Rahwana. Kasaksen, kaalaman, kumaha gagahna Raja Alengka. Anjeunna nyalira meh-mehan katitiwasan, teu kiat nadah kasakten putu Resi Sumali, putra Bagawan Wisrawa.

Dugi ka Jonggringsalaka, karajaan paradewa, Hyang Pramesti Jagatnata kasondong nuju diriung-riung putra-putra sanesna. Calikna dina tahta wujud sato sapi, jenengan Lembu Andini. Kiwa-tengah diapit Kabayan Dewa Panji Narada, kalih girang serat Kahyangan Batara Panyarikan.

Batara Guru ngahaja ngangkir para dewa, maksad masihan uninga kaayaan di marcapada. Anu mawi barang ningal Hyang Surya, Dewa Chandra, Bajra, sareng Batara bayu sumping, langsung dipiwarang lenggah, ngariung sareng saderek-saderekna.

“Tawakup anu kasuhun, putra opatan sumping damping tan karana diangkir, dongkap datang torojogan,” Dewa Surya ngawakilan rai-raina.

“Hih… puguh sukur, bisa sakalian ngariung. Hanas Ama henteu ngondang,s atadina inggis ngaganggu pancen maraneh,” waler Raja Triloka.

Rengse silihlubarkeun kasono, opatanana ngiring hempak merbayaksa, nganti ingkang rama dadawuh.

“Mangga Adi Guru, geura ngawitan. Aya naon ieu teh saleresna, pangna Akang kedah ngempelkeun paraputra salira!” saur Batara Narada.

“Leres, asa rareuwas teuing, diangkir dadak-dadakan,” Dewa Panyarikan ngagoongan.

Galantang Hyang Guru sumabda, ngadadarkeun kajantenan di marcapada tea. Sanggemna:

“Sakeudueng deui dulur hidep, Wisnu, baris naker jajaten ngalawan Raja Alengka Prabu Rahwana. Ama ngahaja ngumpulkeun hidep, maksud deuk meupeujeuhan. Bisi pangawasa Wisnu teu mahi, bantuan ku sarerea.”

“Upami angger teu mampuh?” saur Batara Indra.

“Kumaha mun dunya ancur?” Hyang Narada reuwas, margi kaemut sabatae temen bakal ruksakna jagat pramudita, upama gunung, angin, jeung sagara, babarengan ngamuk.

“Ti batan dunya dikawasa angkara murka!” Batara Guru ngawaler tandes.

“Kitu onaman,” Batara Narada ngagerendeng.

“Ayeuna mah lalajoan bae heula,” Jagatnata miwarang paraputra mungkur.

Kairing Panji Narada, sadayana pamit seja nongton tarung campuh, antara Sri Rama reujeung Rahwana. Tan katingal soca manusa biasa, luhureun langit katujuh, paradewa jeung barata ngarempel.

Nyambung keneh kanu tilu !

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...