28 Oktober 2009

Karma Rahwana Dasamuka

Cartibag Ki Jatnika



Bagian kahiji



PAGUNUNGAN manjang ngungun, sesa sedih nyaksian gugurna Aditya Kumbakarna. Jagat Pramudita milu kingkin, kaleungitan raksasa budi brahmana. Ombak, angin, panonpoe, bulan, reujeung bentang, piligenti nembongkeun rasa hormatna.

Matak ngangres ningal Gunawan Wibisana. Ti saprak dikantun raka kakasih, wengi arang-arang keresa kulam, siang ampir tara barangtuang. Damelna munajat ka Nu Kawasa, malar raga-sukma rakana manjing nirwana.

Sri Rama, Laksamana, Prabu Sugriwa, Kapijembawan, Anoman, Anggada, katut parasenapati utama liannya pon nya kitu. Sami raos kaicalan. Minangka tanda hormat ka nu ngantun, perang ngahaja dieureunkeun.

Dalah Rahwana, barang mireng Kumbakarna perlaya, langsung ngajehjer salila-lila. Atuh Indrajit kariripuhan, pak-pik-pek ngeprak ponggawa, ngurusanan nu teu eling.

Sabada pada nyeuceuhan, Dasamuka mulang kasadaranana. Edasna, ari eling, ai goak ceurik aluk-alukan. Dipeper, dibangbalerkeun, weleh teu repeh-repeh. Tungtungna diarantep, didago cageur sorangan.

“Cilaka aing cilaka, saha deui nu bisa diandelkeun. Beak… bangkar…,” ceuceuleuweungan bleg nu eusleum. Eureun ngacaprak, goak deui, disambung ngadingdiut, peresis budak dipaling cocooan.

Munasabah Rahwana bangun putus harepan. Pantes mun hatena ngawitan sur-ser. Jalan pipatieun ngalangkang. Nyao isuk, duka pageto, boa giliran manehna, sanasib jeung Kumbakarna.

Satadina manehna yakin, saha nu rek sanggup nandingan kagagahan adina. Dalah diajak ngarurug kadewatan, saeusi Jonggringsalaka serah bongkokan. Cacak teu gancang diasongan widadari, Kahyangan pasti geus jadi jajahan Alengka. Kari-kari ayeuna, ukur ngalawanan urang marcapada, kasoran kawon jajaten.

“Indrajit!” gorowokna, sabada seubeuh aluk-alukan.

Hemar-hemir Indrajit nyampeurkeun. Satengah dumaregdeg pok nyarita;

“Putra ngantos timbalan salira paduka.”

“Kumpulkeun deui sesa wadyabalad. Siapkeun kareta perang. Ulah kagok kapalang, urang gempur babarengan tentara Si Ramawijaya!”

“Maksadna, Rama Prabu bade ngiring majeng ka medan perang?”

“Enya!”

“Upami kitu, naon gunana Indrajit.”

“Aing embung nyaksian maneh milu jadi korban,” siga heueuh nyaah ka anak.

“Namung putra ageung kapanasaran. Sakali deui widian mingpin balatentara Alengka.”

Rahwana ngahuleng. Hatena sabil. Sanggeus uleng dipikiran, antukna teu burung nyaluyuan.

“Sakira maneh sanggup, bral didungakeun. Ngan masing inget, sesakeun Si Ramawijaya. Eta mah nu saurang, bagian Ama!”

Kaluar ti karaton, Indrajit langsung ngumpulkeun susa-sesa prajuritna. Diluluguan senapati Trisirah, Trinetra, Trikarya, Narantaka, Dewantaka, Gathorada, Maodara, Wilotaksa, Jajaksa, Akampa, Meta, jeung Mantaka; tujuh rebu limaratus urang tentara raksasa sayaga samakta pakarang.

Bendera perang ngelebet deui. Cahaya beurang moncorong. Bareng jeung meuweuhna sora kalantaka, medan pangperangan banajiran getih deui. Ukur dua-tilu panyeupahan, layon prajurit geus pirang-pirang.

Sakali ieu mah tentara Alengka perangna siga niat bibilasan. Teu malire jumlah musuh, ngangseg nyedek lir kapal meulah sagara. Sakur nu ngahalangan dicacar-bolang. Dikepruk malik ngamuk. Wani ngajak ijen, gada atawa candrasa bagianana.

Matak gila nyaksian pangawasa Trisirah, Trinetra, jeung Trikarya. Kadia maung bayangan, nyepak, najong, neunggeul, ngegel, sarta naon nu deukeut dipake pakarang. Manggih gunungan batu, laju didungkar. Tuluy dibalangkeun ka tengah-tengah tentara wanara. Ratusan tentara monyet bangkar.

Aya tangkal kai dijejek. Tuluy dibalangkeun kana gundukan prajurit rewanda. Puluh-puluh prajurit ketek ngababatang. Dahanna dipake pedang. Teu saeutik. Balatentara Maliawan ngemasing pati.

Nyaksian rea tentara pejah, gara-gara diamuk tilu senapati Alengka, Wibisana enggal nepangan Sri Rama. Taya deui pitandingeunana, iwal Anggada, carekna.

Harita keneh Sri Rama lajeng nyauran Anggada.

Anggada, anaking, geura tulungan wadyabalad tentara Maliawan. Ulah nungguan jumlah korban beuki loba!”

Bingah liwat saking Putra Resi Subali suwargi ngadangu parendah Sri Rama. Kareungeu nyebat anaking komo. Bagja tinemanan, aing diaku anak ku Sri Rama. Teu ngengkekeun deui, cedok nyembah, sakalian mundut pidu’a, malar aya dina kaunggulan.

Matak deungdeuleueun nyaksian Anggada perang. Teu kungsi sabaraha lila, sajumlahing tentara Alengka tinggal raga. Ngan barang adu harepan jeung Trisirah, Tritentara, jeung Trikarya, katembong siga deuk kalah wowotan. Lain dumeh tarung dihurup ku tiluan, tapi lawanna badis boga nyawa rangkepan.

Jebrod… gulitik… malah sidik ngajoprak teu walakaya. Naha atuh teu mangkuk sarenghap napas, jlug-jleg harudang deui. Sebrut narajang deui babarengan. Beunang deui, ngabebengkang deui, sakarat tuluy paragat. Ajaib deui bae. Ukur ditinggalkeun ngalieuk sakeudeung, borengkal harirup deui.

“Cilaka! Kaya kieu mah aing bisa beak tanaga!” Anggada rada hariwang.

Kahariwang Anggada katangkep ku Wibisana. Putra Resi Subali digupay. Lajeng diharewosan. “Kasakten Trisirah aya dina sirahna. Teukteuk beuheungna tilu kali, kakara enya-enya paeh. Kakuatan Trinetra aya dina matana. Cokel, tuluy alungkeun ka nu jauh. Sedeng wewesen Trikarya aya dina pundukna. Semplakkeun sing nepi ka misah tina awakna!”

Anggada tandang deui. Sakumaha pidawuh Wibisana, Trisirah ditewek beuheungna. Nyambung deui, kerewek deui, katilu-kalina kakara pejah. Trinetra dicokel panonna. Enya bae henteu bisa hudang deui. Tinggal Trikarya. Rada ragot heula. Tapi, lila-lila mah teu burung ngagulitik. Awakna kutung lebak taktakna. Geus paraeh nu tiluan mah, sesana tinggal nyocolan.

Giliran Indrajit sasayagaan maju. Hanjakal beulah kulon tembong layung. Panonpoe sakeudueng deui nyingkur tukangeun tonggong gunung. Sora tarompet ngear kadenge ka mana mendi, tanda dua pihakanana wajib mundur. Isukan, bareng jeung medalna sangsurya kakara dituluykeun deui.

Tentara Maliawan marulang ka pakemahan. Sajajalan ngageder surak eyah-eyahan. Sarerea gede hate, perang moal lila deui rengse. Sesa Senapati Alengka beuki ngipisan. Ceuk taksiran, paling-paling tinggal lilikuran. Pon kitu deui jumlah prajuritna, dibandingkeun jeung prajurit Guha Kiskenda, tinggal satai kukuna.

Sajaba ti eta, sabada Trisirah, Trinetra, jeung Trikaya gugur, saha deui senapati andala pihak Alengka. Numutkeun Wibisana, hiji-hijina harepan Rahwana tinggal anakna, Indrajit alias Ki Megananda.

“Urang kedah langkung-langkung waspada, sabab baris nyanghareupan musuh tanggoh, nya eta Indrajit,” saurna ka Anoman.

Ras Anoman inget waktu jadi duta ka Alengka. Kasauran Wibisana teu lepat. Kasakten jeung wewesan Indrajit teu bisa dianggap enteng. Gagahna, saktina, ampir papak jeung bapana. Katambah-katambah ngagem pakarang lungsuran dewa. Cacak Anoman ipis pangarti, kurang loba pangabisa, teuing baris kumaha nasibna. Sigana kana beunang dicangkalak, tulur direcah nepi ka pasiksak raga.

“Kumaha onam bapana, Indrajit ahli licik, tukang culika, tandasa kabina-bina.” Sakali deui Wibisana meupeujeuhan satria wanara.

Saregep pisan Anoman ngabandungan kasauran Wibisana. Nepi ka pakemahan, sajumlahing prajurit wanara pak-pik-pek nyanghareupan datangna peuting. Obor mimiti diseungeutan. Sakuriling pangreureuhan rentul cahaya beureum. Luhureun pasanggrahan utama, caang makbrak kasinaran damar sewu. Sato peuting raeng ngabageakeun nu tos unggul perang. Emut kana wawadi Guanwan Wibisana, Anoman marentah sakumna tentara, malah ningkatkeun kawaspadaan. Anggada, Anila, Anala, Kapijembawan, katut senapati lianna bagilir mariksa kaamanan. Siga nu terus rasa, sarerea pada caricing pageuh kanccing.

***

CATURKEUN di karaton Alengka, Dasamuka beuki poekeun akal. Balukarna saperti biasa, eusi karaton jadi korban. Korsi gading karajaan, tempat manehna mingpin senawaka ruksak teu mangrupa. Leungeun-leungeunna saremplak, sesa ditajong dibuntang-banting. Buludruna saroek. Pangdiukanana pejet. Hiasanana awur-awuran, bacacaran ka mana-mana.

“Indrajit!” gorowokna. “Saha deui nu bisa diandelkeun?”

“Teu kedah hariwang, aya keneh tuang putra.”

“Ah… bisa naon maneh?” Rahwana bangun kurang percaya.

“Widian putra salira, Simegananda mintonkeun wewesenna. Kamari mah nembe jangji. Wengi ieu Sri Rama sabalad-balad baris tinemu ajal-patina.”

“Peuting ieu?”

“Leres. Margi teu aya deui carana, iwal dibongohan sareng dilicikan.” Ngaluarkeun panah Wimanasara.

“Naha atuh ari maneh, lain ti samemehn.”

“Aya waktosna, aya wancina, Wimanasara nembe dikaluarkeun, dimana enya-enya kapaksa, cenah ngagul-ngagul pakarang pamunah.”

Ngadenge anakna nyabit-nyabit pakarang lungsuran dewa, Rahwana bungah pohara. Indrajit dirangkul, ditangkeup, dipangku, bari diganlentoran.

“Aeh, heueuh, Ama karek inget, maneh boga pakarang sakti lungsuran dewa. Geura jig maneh indit, tumpur-ludeskeun wadyabalad rewanda. Ngan sakali deui peupeujeuh, sesakeun saurang, Sri Ramawijaya.”

“Dawuh dalem,” Indrajit gancang amitan.

Mekel panah Wimanasara, Indrajit rerencepan ngadeukeutan pakemahan musuh. Lakuna siga karaman. Nyulumun susulumputan. Nya leumpang ngayangkang luhureun tanah. beuki deukeut beuki ati-ati.

Nepi ka sisi pakemahan eureun heula sakedapan. Panonna ngulinceng, nyidik-nyidik kaayaan sakuriling. Kasinaran cahaya obor, rekep-kekepna pangjagaan sakuriling-bungking pagsanggrahan atra tur tetela.

“Kurang ajar!” jero hatena ngutruk. Niat ngadeukeutan kemah Sri Rama teu kebat komo barang nempo senapati Maliawan piligenti mariksa kaamanan. “Tapi, rasakeun siah!” cenah ngaluarkeun Wimanasara.

Sidakep-sinuku tunggal mapatkeun mantra saktina. Teu kungsi lila, bareng jeung melesatna panah Wimanasara, haseup muleuk nutupan Suwelegiri. Minuhan angganawiati. Ti dinya tuluy nyebar gancang pisan. Nyulusup nyela-nyela rurungkunan, tatangkalan, jeung dangdaunan. Sawareh arasup ka jero kemah kaseuseup ku pangeusina.

Para rewanda gemprah katibanan pangawasa Megananda. Anoman, Anila, Anggada, Anala, Kapijembawan katut Prabu Sugria dakdumadak ngarasa tunduh pohara. Panonna teu bisa dipaksa dibeunta-beunta, awakna leuleus taya daya-daya, antukna tinggoleprak sare tibra kalepasan.

Pon kitu deui jero kemah utama. Ngawitan Laksamana ngerelek heuay, komo memeh nyuuh payuneun rakana. Teu kantos lami giliran Sri Rama kulem. Tinggal Wibisana ngajentul nyalira. Panasaran ningali kajantenan aneh, buru-buru kaluar ti kemah. Breh…. tentara wanara garemprah. Teras dipapay ka unggal madhab, sami talibra. Kalebet para senopati utama; Anoman, Anila, Anggada, Anala, Kapijembawan, katut Prabu Sugriwa.

Mulih deui ka pakemahan utama teu pindo damel, laksamana sareng Sri Rama wungkul katingal renghap napasna. Anehna, ongkoh kulem, namung socana angger muka.

Ngagem Aji Dipa, bungsu putra Begawan Wisrawa, henteu teurak ku pangaruh panah Wimanasara nanging, kedah kumaha nulungan wadyabalad rewanda, anjeunna banget bingung sakalangkung. Mangkaning pangaruh haseup racun, mingkin lami katingal mingkin pikahariwageun. Renghap napas nu sarare sari-sari bareurat peresis jelema maju sakarat awal.

“Moal salah ieu teh pasti pagawean Si Indrajit deui bae,” gerentes Wibisana.

“Sabab ngan manehna nu boga kasakten saperti kieu.”

Nempo musuh-musuhna kawisaya wimanasara, Indrajit buru-buru laporan ka bapana. Karaton Alengka munggah inggeung, dipake ajrag-ajragan Rahwana. Kenteng-kentengna loba nu punglak, kaoyag-oyag lini dadakan.

“Naha lain langsung dipodaran!” cenah.

“Raos moal kabadanan, margi jumlahna ngalaksa.”

“Jadi kumaha karep ayeuna?”

“Bade ngeprak paraditya sona neukteukan beuheung balad Sri Rama.”

“Gancang bisi kaburu harudang manten.”

“Wengi masih keneh panjang. Sareng teu kedah hariwang, margi haseup nu ka luar tina panah Wimanasara ngandung racun.”

“Megananda anak aing!” Dasamuka tambah jigrah.

Indrajit ngumpulkeun para raksasa. Dasar buta sikepna singsarwa lengle, teu bisa diajak rusuh. Digugubrag, disepak, jeung ditajongan, kalah tingkuliat bari tinggerencem ngalindur.

Sarebu urang teu kurang, siap samakta pakarang. Parentah Indrajit:

“Meungpeung keur sarare tibra, nyawa tentara wanara kirimkeun ka naraka! Ulah salah heulakeun Anggada, Anila, jeung Kapijembawan. Demi Anoman katut Sugriwa, eta mah bagian kula. Sesana, Sri Rama reujeung Laksmana, hancengan Kangjeng Rama Prabu Rahwana!”

“Kumaha ari Gunawan Wibisana?” ceuk salahsaurang aditia.

“Perkara paman Wibisana, urusan Rama Prabu Rahwana.”

Wanci manjing tengah peuting. Pakemahan Suwelagri sepi jempling. Rada gugup, Gunawan Wibisana ngaguyah-guyah Prabu Sugriwa. Hamo, teu rengrot-rengrot. Panonna bae molotot. Anggada, Anila, Anala jeung Kapijembawan, sarua tibra ngagaleubra.

Lahlahan ngagugahkeun Laksmana. Sami teu kecet-kecet. Puguh deui pararewanda, sararena badis bangke. Kantun Sri Rama. Manah Wibisana sabil. Naha moal kasiku wantun ngaganggu Sri Wisnu kulem? Nanging, da sidik sanes kulem-kulem teuing. Kumaha onam nu sanes, ngageugeubra teh gara-gara wewesen Si Megananda.

Anjeunna yakin, moal lila deui Indrajit baris datang mawa balatentara raksasa. Malah bisa jadi diluluguan langsung ku Rahwana. Wibisana terang inya, kana kalakuan saderekna. Najan nurutkeun aturan teu meunang nyerang musuh keur sare, iraha teuing urang Alengka daek ngaganggu aturan.

Lalaunan Wibisana nyaketan Ramawijaya. Gek calik gedengeun mastakana. Lebeting ati lajeng sasauran, “Salira teh apan Wisnu, sageuy bade ngantep paraprajurit anu sakitu satiana, janten wadal kasarakahan Dasamuka.”

Ajaib. Soca nu tadina molotot, dak-dumadak gular-giler. Lambeyna oyag siga nu deuk sasauran. Wibisana bingah. Angkeuhanana, pati-pati Sri Rama tetep kulem, sugan maparin bongbolongan. Kedah kumaha carana nyalametkeun wadyabalad rewanda sakumna.

“Hudangkeun Anoman sina miang ka Maliawan. Ngala daun Latamosandi sing loba!”

“Anu mawi Anoman oge sami, kawiyasa nyeuseup haseup racun.”

“Sambat rama nu ngayugana, Hyang Batara Syiwa. Gegel tungtung buntutna. Pasti sadar!”

Gura-giru Wibisana milari deui Anoman. Barang cunduk, lajeng ngemat Hyang Batara Syiwa. Anoman langsung ngagorejag, sabada digegel tungtung buntut.

“Huah…!” cenah, luak-lieuk, neangan nu boga dosa. Prok patepung tingal jeung Wibisana.

Wibisana gasik misaur. “Tong waka rea tatanya. Buru-buru indit ka Maliawan. Ngala daun Latamosandi saloba-loba. Gancang bawa ka dieu!”

Geus jadi kabiasaan Anoman, harita diparentah, harita ngalaksanakeun. Nyaksian balatentara jeung dulur-dulurna galemprah harianeun. Sakilat melesat ngantunkeun Suwelagiri. Dibantuan tanaga Bayu, teu mangkuk sapanyeupahan cunduk ka nu dituju.

Dasar Anoman, sagala rupa teh sok diarah gampangna. Pamikirna, upama dipetikan heula daunna, biheung iraha eunggeusna. Mangkaning kudu saloba-lobana. Diradut jeung tangkalna keneh-keneh pigaweeun. Antukna ngan regeyeng bae dibawa reujeung pasir-pasirna.

Wibisana rikat metik sababaraha lambar. Clom dianclomkeun kana cai. Ti dinya lajeng dikepretkeun kana raray Sri Rama sareng Laksmana. Diturutan ku Anoman, ngepret-ngepretkeun cai ka Anggada, Kapijembawan, katut para senapati lianna. Paraprajurit Maliawan tingkuniang saladar deui. Bareng jeung kongkorongok hayam munggaran, pangaruh haseup racun Wimanasar ilang.

“Kurang ajar Si Indrajit!” seuneu amarah Sugriwa ngagedur. Sabada mundut widi ka Sri Rama, laju balatentarana dikeprak. Teu nungguan heula beurang, harita keneh nagri Alengka niat sakalian dicaremkeun.

Indrajit katut para aditya kaget. Majar tentara musuh kawisaya panah sakti Wimanasara, buktina kalah miheulaan ngambreg. Turug-turug datangna siga katarumpangan setan. Sagala rupa dilabrak, diruksak, jeung disasaak. Batu sagede-gede peureup kolot haliber, sawareh ragrag ninggang hateup karaton. Teu kurang-kurang nu eunteup dina sirah pararaksasa.

Semu lulungu Rahmana kaluar ti karaton. “Indrajit! Naha jadi kieu kajadianana?” Ijigimbrang teu puguh cabak.

“Moal lepat gara-gara paman Wibisana,” kakara inget, yen Wibisana ngagem Aji Dipa. Panyinglar racun Wimanasara.

“Bangsat! Setan! Jurig! Iblis! Teu kapalang kurang ajar Si Gunawan Wibisana!” dada Rahwana enya-enya ngagolak. “Sia anu pangheulana kudu dipodaran ku aing!” singkil niat maju.

Indrajit rikat megatan. “Teu acan waktosna Kangjeng Rama majeng. Raraosan putra teu acan kapetolan wewesen.”

Rahwana nurut. Mekel beungeut ceudeum, balik deui ka jero karaton.

Kalangkung beurang nembongan deui ti beulah wetan. Tentara Maliawan lalaunan mundur ti lelewek karaton. Gelar perang rongkah sakeudeung deui baris lumangsung. Bisa jadi perang maju panungtungan. Lantaran jumlah tentara Alengka beuki ngipisan.

“Urang kedah langkung iatna. Leres jumlah senapati Alengka kantun puluh-puluh urang. Sesa tentarana wates rerebuan. Nanging, sakali ieu mah, moal lepat, bakal dipingpin langsung ku pun anak, Indrajit. Margi taya deui senapati andelan Rahwana,” ceuk Wibisana ka Laksmana, payuneun Sri Rama sareng parasenapati agung.

“Kinten-kintenna saha nu kedah majeng ti urang?” waler Laksmana.

“Widian kaula maju. Panasaran nepi ka mana digjayana Si Indrajit,” Prabu Sugriwa nyelengkeung.

“Naha kedah kasepuhan?” Anoman nembrong.

“Leres, naha kedah kasepuhan?” Anggada pipilueun nyarita. “Etang-etang nguji diri, saena mah pasrahkeun ka putra dalem.”

“His, ari nanaon teh. Memeh anak kolot heula,” Anila teu eleh geleng.

Wibisana, Laksmana, malih Sri Rama, katingal mesem. Putusan ahir, dumasar timbangan Wibisana, Raden Laksmana nyalira nu kedah tandang.

Tumpak kareta kencana urut ngajorag Kahyangan, Indrajit mapag yudha seja bebela ka bapana. Dibarengan dua raksasa kembar, pangasuhna ti lelembut, Jajaksa jeung Akampa. Wewesen jeung kasaktenna, ampir mapakan dunungan.

Tukangeunana ngabring barisan gajah, kuda, banteng, jeung maung. Indrajit ngetrukkeun sesa kakuatanana. Ka sato-sato dikeprak. Nepi ka medan perang, Jajaksa jeung Akampa maju ti heula. Tumpak gajah papasangan, mangratus-ratus tentara rewanda ngampar kari banusan. Nyaksian pirang-pirang prajuritna jadi korban, Anoman ngajak Anggada maju babarengan. Hiji sewang buta kembar diaduan.

Seot Anoman mumbul ka luhur. Memeh nyirorot ka handap, ngahaja ngarobah awakna jadi wanara raksasa. Sukuna nincak taktak Jajaksa. Leungeunna pageuh ngaranggeum sirah musuhna. Koceak sora nu paragat nyawa. Tanah eundeur katinggang mayit aditya Jajaksa. Getih beureum mancawura tina dapuran sirahna.

Asa kacontoan ku lanceuk, rigidig Anggada manggul batu sagede nanahaon mah. Habek ditinggangkeun kana embun-embunan buta Akampa. Getih campur uteuk bayatak maseuhan jagat.

Inrajit napsu kagila-gila. Ngalugas pedang jeung gobang, sakur nu ngahalangan dibabad. Sarebu prajurit tentara monyet bangkar. Sirahna sarumpung disabetan pakarang karamat. Sumanget tentara Alengka ngagedur deui. Beuki rea bae para prajurit wanara nu jadi korban. Komo sabada Indrajit ngaluarkeun panah Jwalita. Medan laga jadi sagara seuneu. Batu, tanah, katut tatangkalan, robah wujud jadi ruhak. Tan wilangan tentara Maliawan paeh gareheng.

Wibisana enggal ngiceupan Laksmana. Nu dikiceupan langsung ngartos. Mentang jamparing Barunastra, hujan badag nutupan awang-awang pangperangan. Seuneu nu tadina nguntab-nguntab, saharita pareum. Gantina banjir rongkah ngalabrak tentara Alengka.

Buru-buru Indrajit ngaluarkeun deui pakarang andelan. Wujudna tumbak cagak. Tina unggal seuseukeutna bujil angin taliwawang. Banjir rongkah ilang teu sakara-kara. Sarua gagahna, sarua saktina, tarung tutunggalan antara dua satria pilihan, antukna kapapanjangan.

Panonpoe beuki ngulon, saha nu eleh nu meunang, tacan puguh gambaranana. Tapi, lila-lila Indrajit beakeun pakarang. Hatena mimiti seber. Rek kabur, kabur ka mana, jaba wirang temen aya satria mundur ti pangperangan. Ngaku taluk harianeun, ngaruksak komara getih Alengka.

“He… Indrajit! Megananda! Dasawadanasura! Rahwanaputra! Cunduk kana waktuna, datang kana mangsana,” saur Laksmana, masang jamparing Endrasara kana gondewa.

Panah melesat luhureun jagat. Indrajit luncat tina luhur kareta. Angkeuhanana deuk neangan panyumputan. Orokaya Endrasara lain pakarang samanea. Ngarti, iceus, sarta lir ngabogaan mata. Indrajit terus diudag-udag. Dihin pinasti kersa Hyang Widi, gurat kodrat seseratan Hyang Mahakawasa.

Megananda, anak kadeudeuh Raja Alengka, ahirna palastra katibanan panah Endrasara. Sirahna ngagulitik misah tina raga. Sesa senapatina niat bebela. Tapi, naon hartina. Pon kitu deui kulawargana. Anak-pamajikanana. Karo-karo sosoroh kojor.

Guyur-ibur beja Indrajit perlaya, gancang pisan nyebarna. Sakeudeung geus nepi ka puseur nagara. Ti dinya nyebar deui ka mana-mendi. Rerencepan loba rayat Alengka hajat dadak-dadakan. Ayeuna anakna, isuk-pageto giliran bapana. Muga-muga. Urang sarerea beuki yakin, musuh nu ngajorag nagarana, bakal jadi pamuka lawang katentreman nagri Alengka.

Warta Megananda perlaya dugi ka lebet kaputren Argasoka. Mimitina tingkecewis, inggis kabitur usung-esang Dasamuka. Lila-lila teu burung hung-heng. Utamana sabada yakin kasatiaan para ponggawa rajana mimiti luntur. Teu saeutik prajurit Alengka kabur ninggalkeun karaton. Lantaran ngarasa tambuh perang ngalawanan wadyabalad Sri Rama.

“Naha Babu Sinta henteu katingal gumbira?” ceuk Trijata kaget.

“Apan nu maotna nembe tuang raka, Raden Megananda. Sedengkeun uwa hidep, Prabu Rahwana, masih keneh jagjag-belejag,” walerna.

Trijata ngahuleng. Kasauran Dewi Sinta henteu lepat. Taya hartina prasatria Alengka eleh perang, salila uwana masih keneh aya dikieuna. Mangkaning kasaktenna lain bantrak-bantrakkeun. Tacan karuhan wadyabalad Sri Rama mampuh ngungkulan kagagahanana. Sabab sajaba ti ngagem Aji Pancasocana, boga pakarang pamunah; Kunta.

Jurig sakti, setan digjaya, dalah dewa kantos serah bongkokan. Ramana Wibisana, sering dodongeng matih-saktina panah Kunta. Sakalina dipentangkeun, tara mulang tanpa korban. Lantaran boga rasa aing taya nu ngungkulan, hirupna mangprung sakarep insun.

Saperti biasa duanana lajeng ngadu’a, sangkan Sri Rama sabalad-balad tansah aya dina kaunggulan.

***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...