28 Oktober 2009

Kanyaah Kolot

Ku EEP HIDAYAT

Wilujeng !

Da ari Abah mah, pun bapa, tara seueur cumarios ka palaputrana teh. Estu duk cinungkul milari pakasaban kanggo ngahontal kawajiban salaku tetengger kulawarga. Papagah ka putra nu opatan teh tara ku lisan, tapi langsung ku prakna. Miwarang solat ku prakna nu teu kendat-kendat. Upami ningali polah palaputrana nu teu sapagodos jeung ajen kaagamaan, seseringna sok miwarang Emih, pun biang, sangkan ngadugikeun ka kuring sadulur-dulur. Kajeun nu rek dipapagahanana aya peyuneun, eh Emih heula.

“Bejakeun ka Si Asep, ulah sok ulin wae. Maenya balik sakola wayah kieu!” sauma. Harita kuring SMP keneh. Basa Abah nyarios ka Emih teh kuring ngabanding gedengeunana.

Kilang kitu, abah teh ageung pisan wibawana payuneun palaputrana mah. Eta we, mun aya diantara kuring sadudulur nyieun kasalahan, nu pangdipikasieun ku sarerea teh dibenduan ku Abah. Padahal sarerea ge can aya nu ngalaman diseuseukan ku Abah.

Inget we, hiji mangsa mah memeh asup sakola kuring ngojay bari huhujanan di balong tatangga. Balik teh bucis bari baju ledok ku letak. Abah ukur nyarios, “Ulah sok ngojay di balong bari huhujanan, bisi gering!” saurna. Na atuda nepi ka kiwari, geus laki rabi, berekah kuring mah teu bisa ngojay deui. Padahal harita ku Abah teu disentak teu sing. Kitu deui basa suku kuring potong lantaran ragrag tina tangkal kai, Abah teu seueur nyarios. Gura-giru nyandak kuring ka rumah sakit. Ngan sakitu-kituna.

Kacida lobana kalakuan kuring nu ngaripukeun ka Abah sareng ka Emih. Kapan kuring mah kungsi kajugak ku gagajahan nepi ka dioperasi leungeun katuhu ge kungsi potong dua kali, ku nalaktak-nalaktakna. Komo labuh tina motormah, geus teu kaitung. Basa kuring tikusruk tina motor, abah ukur nyarios kieu, “Matak ge ari tumpak motor sik ati-ati, ulah ngebut,” cenah. Peun weh.

Sainget kuring, abah teh tara neyesep. Tapi saur Emih mah, samemeh kuring lahir, nyesep teh ngadatu pisan. Ari rokona, nganggo pahpir Sok ngahaja ngagaleuh roko kretek, tara saeutik, sok sabos. Tuluy diudar digalokeun jeung bako, kakara dilinting make pahpir. Ka lanceuk-lanceuk sok ngomat-ngomatan ulah ngaroko. Komo ka kuringmah. Ngan teuing kumaha, dina perkara nu hiji ieu mah kuring teh estuning norek kacida, Ti SD keneh kuring mah geus nyerebung. Kungsi katohyan ku Abah sareng Emih. Ana pok teh, “leuh, bejakeun ka Si Asep, ulah sok ngaroko kituh.” Saurna ka Emih. Ka kuring mah teu ngareret-reret acan.

Ari Emih, bet sabalikna ti Abah. Cawehwer saban geureuh. Mun hudang kabeurangan teh, langsung ngagerewek, “Geura hudang! Solat kaituh! Hayang ka Naraka!” cenah.

Emih mah sasauran kitu teh jiga nu taya kabosen. Satutasna kuring laki-rabi ge, mun uningaeun teu solat, sok tuluy ngagebes.”Ari maneh Asep, ngedul pisan kana solat teh! Keur naon duk cinukul neangan duit maraban anak pamajikan tapi cul kana ibadah. Euwuh hartina!” cenah. Tara cukup ku sakitu, da sok tuluy ngagelendut mapagahan.

Basa putuna ti kuring lahir. Abah katarajang darah tinggi nu cenah nyaliara kana jajantung. Sabelas bulan diganggayong kasakit, antuk na Abah kasoran. Dipundut Ku Nu Kagungan basa nuju dirawat di rumah sakit. Harita kuring teu nungkulan. Aya amanatna nu didugikeun ku Emih. Saurna, kuring kudu jadi pagawe negri.

Cenah basa di rumah sakit teh ngan wungkul nyarioskeun kuring. Pangpangna mah kabedegongan kuring pedah aktip di partey pulitik anu teu sapagodos jeung pamarentahan Orde Baru. Harita kuring sababaraha kali dipanggil ku aparat. Estuning matak ngaruntagkeun manah Abah sareng Emih wungkul. Najan kitu, bubuhan ka putra meureun, dina pemilu nu pamungkas kanggo Abah, anjeunna teu wudu nyolok gambar partey kuring. Kitu deui emih. Malah emih mah make jeung sok ngiring ngilungan sagala rupa. Majar teh, Alhamdullilah Si Asep mah ti parteyna meunang gaji nu lumayan. Mun ngobrol jeung tatangga eta teh. Buruk-buruk papan jati, ka putra mah jigana teh teu weleh nyaah najan sakumaha basangkalna ge.

Tangtu wae kuring sedih, kabina-bina malah. Nepi ka ragrag cipanon. Bari ramisak teh hatemah tuluy ngocoblak nyarekan diri sorangan nu can bisa mulan gtarima ka Abah. Nyeri hate teh, nyeri pisan. Nepi ka asa nyanyautan.

Jasa-jasa Abah salila ngadengekeun kuring, ngadadak tingjungkiring dina kongkolak panon. Kuring ngarasa, sanajan sakabeh banda ditamplokeun atawa salaksa du’a dikirimkeun sangkan Abah kenging pangampura ti Nu Maha Kawasa, asana moal saimbang jeung jasa Abah.

Sadikantunkeunana ku Abah, Emih kaciri leungiteunana teh. Emih teh tangtos leugiteun ku batur pakumaha, lian ti leungiteun ku anu ngabayuan teh. Harita Emih tuluy dadangan, keur nalang-nalang waragad sapopoe. Kituna teh jigana lain pedah melang ku beuteung sorangan, tapi pangpangnamah ku kuring. Harita kuring can boga cabak nu matuh. Hirup can dumuk jeung aturan. Baju asal rap, buuk gondrong tara ngambeu sisir, mun geus kaluar ti imah tara inget kana balik.

Remen kuring manggihan Emih ngembeng cisoca. Komo mun ningali si cikal, anak kuring, anu keur meumeujeuhna samar kahayang heug tara kacumponan, cisoca Emih langsung murubut.

“Emih mah mun ningal budak maneh,… lah kahayangmah gede. Mun kaduga mah hayang bisa mere siga batur. Tapi da kumaha geunging Emih maneh mah teu bisa nanaon,” cenah. Soantenna dareuda.

Mun geus kitu teh biwir sok ngadadak ada dikonci. Teu bisa nyarita sanajan hate mah ngocoblak salaksa basa. Teu kuat nahan rasa. Biasana kuring sok tuluy lunya, ngabeberah rasa, nuturkeun indung suku ka mana leosna.

Ku pantengna du’a indung, kuring bisa mukakeun lawang kahirupan. Lalakon diri pinanggih jeung harepan indung. Tina aktivis partey nu teu puguh tuturkeuneun kulawarga, kuring pinanggih jeung kasab nu loyog jeung hate. Emih kacida gumbirana basa uningaeun putra bungsuna nu teu weleh jadi kembang kahariwang teh, pinareungan kekolomkeun ka golongan jalma jeneng. Kabingah Emih lain pedah ngahareupkeun pamulang tarima ti nu jadi anak, tapi gegedena mah pedah kuring geus bisa ngabayuan kulawarga tina ladang kesang sorangan.

Naha Emih nyuhunkeun sakecret dunya? Saperak ge henteu. Pokna ge, “Emih mah moal menta dunya barana ngan rek mihape nu sarupa, kade ulah poho kana temah wadi. Sing inget isuk jaganing geto maneh rek mulang ka kalanggengan. Nu poko, ulah poho kana ibadah. Taya hartina dudunya bari jeung teu dibarengan ku ibadah mah, moal barokah!” nyariosna angger.

Ceuk sareatmah Emih teh tos teu kedah tihothat milari pakasaban, kawantu kuring geus kasebut nyeunghap. Tapi da indung anu taya tungtung kahemanna, indung nu hamo laas kanyaahna, indung nu moal beakeun kanyaahna, indung nu lain ngan saukur mikiran kuring. Tapi oge lanceuk-lanceuk jeung alo kuring anu hirupna jauh keneh tina walagri mun disawang tina jihad ekonomi mah.
Indung… indung …nu ngandung

mirosea pinuh kaheman

bodas nyacas kanyaahna

indung…indung…nu wungkul ripuh

diriripuh anak sapanjang lalakon umur

nu ridho teu dihayap anak

nu angger heman najan ditambelarkeun

dina hate indung,

anak bagja pinuh kasuka, entong keur indung

anak gumbira pinuh kabagja, entong keur indung.



“Mani anteng kitu euy, keur naon?” Nano batur sakantor kuring ngagebah lamunan. Bari cungar-cengir teh heug ngalego kana catetan hareupeun kuring. “Anjir… nulis puisi. Puisi cinta nya?” cenah ngagonjak.

“Puisi cinta… piraku puisi cinta aya kecap indungan?” cekeng teh bari ngajembrengkeun keretas meunang nulisan tea hereupeun irungna. Nano kalah ngabarakatak.

“Aya naon yeuh, mani barungah kitu?” Si Diuh ngelol tina panto, tuluy nyampeurkeun.

“Ieu, nu keur diajar jadi panyajak. Mani huleng-jentul ti isuk, kakara meunang dua rengkol,” Nano nu nembalan teh.

“Teuing ku Naon ti kamari ngan inget wae ka Emih. Ka Abah deuih ketah. Padahal Abah mah tos lami ngantunkeunana…” cekeng teh ngabela diri, pedah Si Diuh melongna jiga nu nempo mahluk aneh.

“Teu damang Emihna?” Nano jiga nu ngadak-ngadak milu prihatin.

“Henteu. Mun teu damang mah aya nu ngabejaan atuh,” kuring gideug.

“Perbawa tos lebaran meureun. Biasa sok rus-ras kana dosa,” Bah Idrus nu kakra datang tuluy ngengklokan bae.

“Enya jigana Bah. Biasa sentimentil anak nu geus ditinggalkeun ku kolotna. Untung we kolot kuring mah lengkep keneh,” Si Diuh diuk bari edeg. Geus kitu tuman-na.

“Ari eta kaset naon, Bah?” cengkeh teh bari ngareret kana keupeulan Bah Idrus.

“ Ah, kaset Cianjuran. Moal resep Pa Asep mah…”

“Saur saha? Resep abdige. Komo jaman aya Abah mah, sok nyetel Cianjuran bae di imah teh ..” tembal teh rikat.

“Sugan teh kana Iwan Fals wungkul. Sok atuh urang setel ari resep mah. Kabeneran aya lagu kanyaah kolot. Ngenaheun geura,” Bah idrus muru tip na luhur bupet di juru. Teu lila rohangan nu kaitung lega teh geus pinuh ku sora tembang Cianjuran.



Pek tamplokeun kanyaah ka indung bapa

Meungpeung masih keneh jisimna juntrung

Mun indung geus ditulis di padung

Mun bapa geus taya raga badagna

Kaduhung teu manggih tungtung

Cimata teubis mayar tunggara

Kanyaah ka indung ulah ditunda engke

Mulang kaasih ka bapa entong talangke

Taya nu weruh iraha indung dipundut

Moal aya beja iraha bapa rek mulang

Regepkeun sing pageuh hate

Larapkeun sing hade-hade

…………



Sora telepon ngadenger gigireun, megatkeun kanimatan ngaleyepan eusining tembang. Nano rikat ngangkat telepon, sedeng Si Abah geuwat ngarongkong kana tip.

“Ulah dipareuman, alitan we,” kuring geuwat ngahuit.

“Kanggo Bapa Asep, telepon ti bumi…

“Nano ngasongkeun telepon bari popoyongkodan. Ocon.

Bari hoream ge teu burung ditampanan.

“Aya naon?” cekeng teh ka pamajikan ti tungtung ditu.

Sora nu ngingsreuk, ditungtung ku sora nu pegat-pegat.

Sajongjonan kuring ukur bisa ngahuleng. Gagang telepon nu nepel kana ceuli, karasa tiis cambewek. Tapi sora nu ngamalir ti jerona, lir gumuruhna caah dengdeng nu ngaruntagkeun angen-angen. Tetenjoan asa nadadak ranyay. Karasa aya nu ngadudut jajantung, geus kitu jeroeun dada simpe. Simpe anu parat kana hate. Hawar-hawar jentreng kacapi nyaliara saurat-urat… kanyaah ka indung ulah ditunda engke, mulang kaasih ka bapa entong talangke…

Ras kana pesenan Emih nu can kacumponan. Memeh lebaran pokna mah. Palay sarung nu jiga nu dipake ku tatangga. Sarung Jawa. Ku kuring teu dibaekeun. Geuwat pesen ka Si Emas, babaturan kantor, nu harita rek mulang ka Jawa. Teu kagok, pesen teh tujuh sakalian.

“Pa, aya naon Pa?” karasa Si Diuh ngageubig-geubig awak.

“Ku naon Euy?” sora Nano siga nu hariwangeun pisan. Sora tembang Cianjuran geus leungit sapisan.

Kuring neuteup nu tiluan. Maranehna keur marelong mani anteb siga nu nungguan engabna biwir kuring.

“Ari Si Emas geus datang?” pok teh.

Nano kaciri anu ngarenghap.

“Sugan teh aya naon. Encan, cenah mah rek minggu hareup,” tambalna.

Awak karasa beuki lungse. Aya nu merebey maseuhan pipi. Biwir ngagarencem lalaunan, “innalillahi wainna ilahi rojiun…”

“Saha? Si Emas?” Nano molohok.

“Emih …”

Nu tiluan ngadadak jadi arca. Ngajengjen teu ngiceup-ngiceup.***

Ditunjal tina http://www.bupatieephidayat.com

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...