14 Oktober 2009

Hayang Beunghar

Assalamu'alaikum wr. wb.

Aa gym, simkuring teh nonoman umur 18 taun. hoyong pisan janten jalmi beunghar: beunghar elmu, beunghar harta, beunghar hate, jeung beunghar amal hade. nya ngalangkungan kolom ieu sim kuring bade ngumaha ka aa gym kumaha tips praktis supados simkuring tiasa ngawujudkeun ieu kahoyong nu diimpi-impi. sateuacanna hatur nuhun kana waleranna, pamugi Alloh ngamulyakeun aa gym sakulawargi.
Waleran:
Wa'alaikumussalam wr. wb.

Aa nganuhunkeun pisan kana doana, mugya Alloh oge masihan ngagampilkeun sareng ngamampukeun ayi ngawujudkeun sadaya nu dicita-citakeun.

Konci jadi beunghar -- dina sagala hal -- nyaeta "GIGIH".

"G" : kahiji nyaeta gairah. saha wae nu hayang sukses, kudu boga gairah, sumanget, jeung motipasi luhur hayang maju. Euweuhna gairah jeung sumanget, naon wae nu ku urang dipiboga moal aya hartina.

"I" : kahiji nyaeta elmu. Urang hayang dunya kudu make elmu, hayang aherat kudu make elmu, hayang duanana oge kudu make elmu. Elmu ngarupakeun hal anu kudu. euweuhna elmu hirup euweuh hartina. Saran ti aa terus diajar. sesakeun (asalna: sisihkan) artos keur sakola, keurseus, meses buku, ngaluuhan seminar, jeung keur kagiatan sejenna. Oge lobaan ngumpul jeung jalma-jalma alim katut mulya ahlakna. Unggal poe kudu nambah poe jeung pangalaman anyar. Kudu jadi udagan hirup urang.

"G" : kadua nyaeta gagasan. urang kudu boga gagasan kreatip supaya sukses. Jadi, kudu mindeng berpikir*, merenung * jeung ngumpulkeun inpormasi saloba-lobana. Tuliskeun gagasan nu datang. Gagasan teh mahal. Ulah nepi ka kabur kitu wae. Nu teu eleh penting, prakna gagasan eta dipigawe (nu realistik tangtuna).

"I" : kadua ibadah. Kuatkeun kualitas ruhiyah ngaliwatan ibadah. Gawean ibadah-ibadah nu dipikarido ku Alloh. Salat dina waktuna jeung berjemaah, ngamulyakeun masjid, saum sunah, tahajjud, sedekah, maca kur'an, jeung sajabana. Ibadah teh nangtukeun kualitas urang sakaligus muka datangna pitulung Alloh.

"H" : nyaeta hate. Ihtiar jeung ibadah bakal ngurangan lamun hate masih kotor. Jadi, bersihkeun hate salawasna. Lempengkeun niat, jauhan panyakit hate jeung hias hate ku ahlak-ahlak nu alus.

Wallaahu a'lam.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...