13 Oktober 2009

Hanjuang jeung Wates Rohang

Cutatan UA Sasmita


Hanjuang (Cordyline fruticosa, famili liliaceae) ngaran tutuwuhan di Tatar Sunda, dina basa Indonesia atawa basa Jawa disebut andong.

Jangkungna lamun dina tanah subur mah aya nu nepi ka dua atawa tilu meter, wangun daunna manjang kira-kira aya nu nepi ka 60 cm, rubakna kira-kira 10 cm. Tumuwuhna babari, melakna asal ditancebkeun, mun teu salah mah ngan ukur distek.

Hanjuang keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui, loba kapakena, conto anu pang gampangna nyaeta daun hanjuang sok dipake mungkus bacang (kadaharan tina beas atawa ketan dijieun meh sarua jeung leupeut ngan dijerona sok aya campuran daging sapi atawa daging hayam anu geus dibungbuan).

Aya hasil panalungtikan ngeunaan aktivitas biostatika dina daun hanjuang anu dipake keur mungkus kadaharan, panalungtikan dilakukeun ku Anis Yohana Chaerunisa saparakanca ti Jurusan Farmasi MIPA Unpad anu dimuat dina Jurnal Cermin Dunia Kedokteran No 130 taun 2001. Hasil panalungtikan nyebutkeun yen daun hanjuang alus pisan dipake mungkus kadaharan sabab ngahasilkeun anti bakteri nu mawa panyakit tipes (salmonella typhosa)

Hanjuang aya nu disebut hanjuang hejo jeung hanjuang beureum, disebut hanjuang hejo atawa beureum teh pedah eta kelir daunna semu beureum jeung aya daunna kelir hejo.

Kagunaan hanjuang sejena sok dipake wates tanah, dipelakna diunggal dijuru, antara tanah anu si A jeung anu si B. Duka kumaha tah sajarahna, naha wates tanah teh bet ku hanjuang, lain ku tangkal sejen, eta meureun hanjuang mah ngagedeanana teh kacida elatna, teu morontod tereh gede, tapi sok sanajan kitu bisa tahan dina kaayaan taneuh nu teu pati subur, tetep hirup, masing motetet oge.

Siga aya konvensi (aturan nu teu ditulis) diantara nu boga tanah, da lamun manggih hanjuang teh sok sapuk yen eta teh wates tanah, tara ieuh diganggu atawa dibabad.

Kaayeunakeun hanjuang sok dijadikeun pepelakan papaes buruan, malah aya nu ngokolakeun jadi pepelakan papaes anu disewakeun, dipelakna dina pot kembang. Baheula hanjuang sok dipelak di kuburan (astana), bareng jeung tangkal samoja jeung salasih. Ceuk anu surti mah kabeh ge eta teh ngandung siloka, hanjuang sok dipakaitkeun jeung kecap hanju atawa ngahanju. Ari hartina ngahanju teh geus deukeut kana nafas panungtungan atawa nu keur sakarat ahir. pangna dipelak di astana keur ngingetkeun anu harirup keneh sangkan eling hiji waktu ge bakal nepi kana ngahanju.

Ari tangkal samoja, wangun dahanna lempay panjang jeung kembangna bodas, daunna teu pati loba, eta teh siloka yen nu aya dikuburan teh ngan ukur tinggal tulang, euweuh hartina anu tadina kasep atawa geulis ge ari geus jadi tulang mah meh sarua kelirna bodas. Salasih nyaeta sangkan urang nu masih keneh papada hirup kudu silih asih, ulah pakia-kia dina ngambah kahirupan, kudu runtut raut saigel sapihanean (A.Prawirasuganda,Upacara Adat di Pasundan, 1964).

Carita sejen ngeunaan hanjuang ceuk anu sok resep kana hal-hal anu rada mistis, antara hanjuang hejo jeung hanjuang beureum aya bedana. Hanjuang hejo sifatna ngondang, ngondang kana kakuatan supranatural, sedengkeun hanjuang beureum sifatna nolak. Matakna lamun rek melak hanjuang di hareupeun imah keur papaes leuwih alus hanjuang beureum, supaya salian ti keur papaes sakalian keur tolak bala, panolak kana kakuatan supranatural nu teu hade, kitu ge ari percaya.

Kumaha ari hanjuang bodas, tah eta mah teu kapanggih dina bukuna referensi sejen, kapanggih teh dina buku carita pantun Bogor “Dadap Malang Sisi Ci Mandiri”(Penerbit Mangle 1964). Ceuk ieu carita pantun, hanjuang bodas gede tangkalna sagede indung suku, jangkungna ngan sajangkung lutung keur nangtung, daunna ngan hiji, kembangna ngan hiji, mun buahan tara leuwih ti dua. Matakna disebut hanjuang bodas, kusabab bodas akar, bodas tangkal, bodas daun, bodas pucuk, bodas kembang, bodas kabuah-buahna. Ayana pundah pindah teu tangtu dumukna. gunana mun akarna dipake balur, awak moal teurak ku pakarang, umur panjang ratusan taun. Mun tangkalna dipake iteuk moal aya jalan anu sasab, kabeh poek jadi caang, nu jarauh jadi deukeut.

Sigana ieu ge siloka sagemblengna, hartina hanjuang bodas nyaeta elmu atawa kalungguhan, dilarapkeunana teh kudu jujur, kudu bener, kudu amanah. Lamun bener ngajalankeunana tangtu hasilna ge bakal bener, bakal mangfaat keur balarea, moal aya korupsi moal aya kateujujuran. Elmu nu dipake kalawan bener bisa jadi tuduh jalan, jadi amal anu nganteng salilana.

Hanjuang geus mere pepeling dina wates rohang (Indonesia : batas ruang) antara hirup jeung pati, antara jujur jeung teu jujur. Hanjuang mere tangara aya wates rohang antara hak pribadi jeung hak batur, antara hak pribadi jeung hak publik, hanjuang mere tangara ulah pacorok ngalarapkeunana.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...