28 Oktober 2009

Ciricit Beurit

Ku TONI LESMANA





Hareupeun saung. Durukan ngabebela. Bangun hayang ngaduruk peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip-lalancip angin, jerit jangkrik, genggerong bangkong. Hayang ngaduruk pucuk-pucuk kalapa, mega jeung bentang nu gumeleter. Hayang ngaduruk langit.

Sardiat teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Sora seuneu nu gangas, nu ngahakan kai garing. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cicika, sina rabeng luhureun kotakan demi kotakan. Sawahna. Sawah nu keur disawang. Dimpleng jeroning mongkleng. Mongkleng peuting. Mongkleng hate.

Isuk panen! Gerentesna ketir. Siki-siki pare racleng dina panonna marengan serebung silalatu. Sedeng dina dadana, rebuan beurit ngasrek ngagares jajantung.

Sardiat teu eureun ngalinting bako. Cumarita jeung haseup. Seuseup deui. Nyeuseup deui. Munggah kebek dadana. Bangun hayang muput nu motah dina rasa. Kalah batuk mani ngengkreng. Lung, dipiceun. Gap deui, ngalinting. Bari malaweung kabandang koreak gagak.

Peuting, peuting mimiti deui nihtir. Siga saratus peuting nu ngentep na lelembutan. Lelembutan Sardiat. Nihtir. Ricit ti saban madhab. Ti galengan ka galengan. Ricit patumpangtingdih dina saban kotakan. Siga peurih saratus peuting nu kaliwat. Saratus peuting saprak ngarambet mindo. Saratus peuting nu ditahan sajeroeun tulang iga. Kiwari usik. Rampak usik. Dina tulang. Dina daging. Dina getih. Usik-usikan. Tuluy ngamalir kana saban pori-pori kulitna. Ngamalir ka saampar hawa. Kana peuting nu nihtir. Kana angin nu ricit. Kana silalatu nu merul.

Kalangkang silih kalangkangan. Kumalangkang. Rumingkang. Ringkang-ringkang. Juringkang poe pakaleng-kaleng. Kakalayangan. Jangjang hariwang.

Sardiat hayang ngarambet poe neba di mana-mana.

Keur kitu, sorot batre ngaburinyay dibarengan sora suku. Ngagesruk di pipir saung. Gigireun balong. Gesruk. Burinyay. Gesruk. Burinyay. Aya nu ngurunyung diharudum sarung. Ngajanteng sakedapan. Surat-sorot kana kotakan. Dipapay imeut. Kucrak-kecrek. Sebrot deui. Meneran pisan pupuhunan anyar nancebkeun. Sarenghapan. Disorotkeun ka jauhna. Kana tungtung amparan kotakan. Rumahuh. Tuluy dipangpengkeun ka luhur. Ka langit. Kana bentang nu gumeleter. Lir ngintip riuk nu nyamuni satukangeun langit. Ngaharewos sosorangan. Antara ngadunga jeung nyupata. Teu pati jentre.

“Kade isuk jam genep, Sujang! Kitu, cek itungan Emang!” Sora beurat semu peura.

“Diutang-itung ge moal matak untung!” Sardiat nembal, les-lesan, sabot rut-ret kana sarat jangeun pupuhunan; kana buah kawung nu ruruntuyan, kana janur, kana duwegan, nu ngarantung na palang saung.

“Tong aral! Sarerea kapan. Mun kitu ancur sorangan!”

“Batur onaman usum kamari marucekil! Uing? Mindo dihanca si monyong! Usum kamari ngeclok ka Emang keur nyumponan nu boga sawah! Boa-boa mindo ngeclok oge!” Sardiat neuteup nu ngajanteng, ngaliwatan pucuk-pucuk seuneu. Teuteupna lir sapasang walungan es, tuluy leyur saluhureun durukan.

“Geus ti baheulana! Nu boga sawah lalolong hate! Kanyahona kintalan pare pareng panen! Teu paduli buruh macul, harga gemuk jeung bebengok hama! Tapi, takdir kudu ditarekahan, Jang!” Mang Mahdi malik. Ngagesruk ngadeukeutan nu ngabebela. Sarungna murag kana taktak. Lalaki kolot. Kumis baplang badis ruruntuk oah. Panonna seukeut. Nengetan polah Sardiat.

Sardiat anteng nurun-nurunkeun doran, nu ngagarantung na bilik saung. Doran pacul saopat-opat diturunkeun. Hiji hiji dibebeskeun kana seuneu.

“Nyaah, Sujang!”

“Diteundeun kalah matak heurin! Teu jadi duit!”

“Montong ngarasula!! Anggur mikir pikahareupeun! Cikan ngasaan bakona! Euleuh, jadi inget ka Bapa ilaing, Si Jenat. Bako Pasigaran, lin?” Diuk dina tangkal gedang nu ngajepat. Maut bako jeung pahpirna. Ari panon tuluy manco nuturkeun laku Sardiat nu laju ngasur-ngasur doran.

“Baheula. Dewek teu beda jeung silaing!”Mang Mahdi ngalungkeun suluh urut nyeungeut lintingan. “Na dikirana Jang Haji teu kejem kitu? Kejem! Kejem kacida! Teu beda ti Kuwu kiwari. Ngan dewek teu paya dikakaya! Tiap panen tekor, teu sirikna lir anjing manggih bagong! Dewek teu paya. Memeh digebrag. Ngagebrag tiheula. Hiji waktu, dewek ngamuk di imahna. Teu sangka, borangan! Berekah, bageur nepika ayeuna!” Ditungtungan nyerengeh, reueus kana katineung nu dipurak. Sardiat seuri leutik. Seuri nu nyiriwik kana ati.

“Pare urut kamari moal waka kagantian, Mang?”

“Keun! Nu puguh silaing kudu boga ketak! Ulah sabar teuing siga bapa ilaing! Montong daek diidek wae! Da lain taneuh!”

Sardiat Jempe. Mang Mahdi teu eureun manjangkeun kalimah. Marengan letah durukan nu beuki rongkah. Tuluy manjang unggah ti kotakan ka kotakan. Kekecapan ngeteyep dina tumpukan sora-sora peuting. Ngaduruk waktu.

Anjing babaung ti jauhna. Ti luhur pasir.

Sardiat mulang ka imah. Dina korsi. Kasampak Cicih, pamajikanana. Mapatahan nulis ka Dewi, budakna nu karak kelas dua SD. Luhureun meja. Aya sangu goreng setengah piring, coet jeung gelas taya eusian. Aya baskom hejo ditutup kaen bodas. Bari kerung, ramo Sardiat mukakeun tutupna.

“Beres geuning?”

“Ti Mang Mahdi. Magrib ka dieuna.” Tembal Cicih. Pek ngusap sirah Dewi. Cengkat. Koloyong ka dapur. Teu lila kapireng sora cai nyurulung. Ngarongheap geus mawa gelas cikopi. Sok hareupeun nu mencrong keneh eusi baskom. Kana sarat Pupuhunan. Kupat. Bubur bodas, bubur beureum. Opak. Wajit. Puncak manik. Beas samangkok jeung duit kencring. Kekembangan. Menyan. Surutu. Eunteung. Jeung etem.

“Naon hartina sugah-suguh? “ Sardiat ngicip-ngicip kopi.

“Ari taeun teh! Manjangkeun lalampahan karuhun. Emut kasauran Bapa kapungkur, ulah hilap kana akar!”

“Ongkoh bade nanggap jentreng? Resep Dewi mah, kapungkur oge nuju aya aki. Nu ngibingna, Pa! Geuning Nini Ima mani siga nu ngapung. Siga heulang nuju muir di langit!” Dewi luncat tina korsi. Nyeta-nyeta nu nu ngibing jentreng. Gancang dihuit ku ku Cicih.

“Dewi kamari pan ngagambaran oray-orayan. Nya? Enjing urang apungkeun di sawah. Ngajak A Medi, we! Ayeuna enggal bobo! Tos wengi! Tuh, aya anjing babaung!” Sardiat ngupahan nu nagih janji.

“Alah Uhun! Asik! Warna-warni di langit! Sing luhur diapungkeunana. A Medi tea jagoan!” Dewi lunggak-linggeuk. Cumentil. Meresan buku. Tuluy ngagusur Cicih asup ka kamar. Ngolo hayang dipangdongengkeun. Sardiat nuturkeun ku teuteup.

“Kade reksak! Buku eta warisan ti Uyut. Nuju Nini saageung Dewi. Kedah apik. Kamari dugi kamana?” Nu guntreng di jero kamar. Teu lila, bet kapireng sora Cicih ngahariringkeun lalakon Dewi Rengganis. Sorana tembus ka saban rohang. Rohang tengah nu heureut. Sardiat guligah sorangan. Kurulang-kuriling. Noong nu ngadongeng. Lalajo antayan sireum dina tembok. Ngintip eusi baskom. Nenjo cakcak nu nguliwed satukangeun kalender gambar amparan sawah nu parena meujeuhna alaeun. Lir amparan emas handapeun langit bungur. Asa aya nu ngarabut jajantungna. Mangsa sapasang beurit. Sapasang beurit luncat kana meja, tingarajleng kana ubin. Tingciricit muru dapur. Nyeblak. Asa dibalangkeun ka jurang. Bari taya pamuntangan.

Poe isuk, kuma isuk! Cek Sardiat bari ngoloyong ka kamarna. Kekedengan. Bari tagiwur. Katingtrimkeun ku sora Cicih nu lir hiliwir malati pareng bulan samagaha. Sakedapan nyieuhkeun ricit. Ngalenyap sakedapan. Di nagri impian Sardiat nenjo rebuan beurit ngahanca pupuhunan, ngahanca sanggar jeung eusina. Merul satangtung tangkal-tangkal kalapa. Ngagares lembur. Ngagares nagara. Ngagares mangsa.

Lilir sakedapan. Hawar-hawar wawacan Rengganis bet kapireng jadi nu ngaji. Walungan ayat suci nembres ngamalir jeung ingseuk. Ret. Dina ubin. Saluhureun sajadah kucel. Cicih geus dimukena nyanghareupan kitab.

Isuk-isuk. Panonpoe geus moncorong. Sardiat ngalengkah bangun teu napak. Langlayangan oorayan gupay-gapuy dina tonggong Dewi. Hareupeunana. Srog ka sawah. Nu dibuat aranteng. Ngarit pare diunggal sisi. Ipis naker. Tengahna hejo cawerang. Taya alaeun.

“Ari ilaing siga lain turunan tukang tani! Langlayeuseun siga langlayangan kapakan.” Mang Mahdi nyenghor.

Sardiat ancrub ka sawah. Laju milu ngalaan pare. Guntreng jeung arit. Saarit-aritna.

Hawa panen ngungun. Tarungkul jeung arit sewang-sewang. Nu rengse, maju ngagebot. Ukur Dewi nu jigrah noongan puncak manik. Oray-orayan ngibing saluhureun pucuk kalapa rawing.

Meh sarerea ngeureuyeuh ngagebot. Sada motor digaur-gaur deukeut saung. Kuwu melak cangkeng bari ngulincer balong. Sardiat kaleked nyampeurkeun nu bolotot ngome huis.

“Dewek hayang nempo lauk, euy! Cing, pangbedahkeun! Ngeunah sigana mais lele! Baradag temen!!!” pokna mapag nu moyongkod.

Nu dititah tiban mangga. Gebrus ka balong. Ngabedolkeun liang pamiceunan. Cai ngagewor ka kotakan landeuh. Kuwu jalang-jeleng. Jamotrot nenjo antayan tangkal kalapa lebah wates jeung sawah sejen. Kerung. Gogodeg.

“Teu sangka!! Lain ukur beja! Bener-bener!!!Silaing sok ngajualan kalapa ka saha?” Kuwu ujug-ujug nyeuneu.

“Teu pisan-pisan! Tara kumawantun!” Sardiat karek hanjat.

“Buktina! Tina ngaratus, ayeuna sia ngan lilikuran ngirim ka dewek. Duwegan dibajongkeun?”

“Apan tuang putra, nu bungsu, anu sering ngala duwegan mah.!” Sardiat ngarenghap jero. Neureuy nu ngabagegel. Kitu buktina, kalapa mun loba diala duweganana, tangtu sok nyeot ngagorengan.

“Wani sia nyalahkeun anak dewek!!!Teu gableg cedo! Na sia poho?!! Nyatu ti tanah aing!! Gogobrog di lahan aing!!! Padu nuduh we, siah!!!” Kuwu tutunjuk bari tipopolotot. Bangun rek sahabek-habekkeun.

Sardiat ngeluk di sisi balong. Tipepereket nahan nu ngagedur jeroeun dada. Kuwu ngawur-ngawur supata. Sagala disabit. Jalang-jeleng. Jamotrot. Sesa durukan disepak. Mang Mahdi ngaragap arit.

Balong orot. Kari samumuncangan. Ngan aheng. Taya nu motah. Ukur hiji dua tingkocepat. Ukur impun jeung buruy minuhan unggal juru.

Sardiat sepa. Kuwu euceuy saga. Ngagejlig muru jalan.

“Sia ditungguan ku aing engke peuting!!!” Clak kana motor pulas beureum bandera. Nyelah sababaraha kali. Teu hirup.”Teu sangka aing ngukut rinyuh!!!”

“Laukna, Pa Kuwu! Pameng tos dibedahkeun!!” Sardiat muru nu pundung.

“Lebok ku bebengok sia!! Aing melak lauk ngarebu!!”Motor teu daek hirup. Guprak, digubragkeun. Sardiat colohok mata simeuteun. Kuwu malik. Amarah nyongkab tina matana. Pedengkreng deui wae. Sarerea cengkat tina ngagebot. Sardiat nyered lengkah ngajauhan sawah. Ngajauhan nu bangun rek mindo ngabeledug. Nyampoyong sapanjang ringkel galengan. Cicih curinghak.

Balong taya nu malire.

“Rek kamana, siah? Nyingkahan aing!!! Nyanghareup ka dieu, koplok!!! Bapa sia teu goblog-goblog teuing!! Na ari sia teu ngaragap tangtungan pisan!! Ngabangsat teu kapalang!! Haat ku aing ditulungan kalah curaling!!” Kuwu bebeledagan. Siga gelap jeroeun hujan silantang. Meupeus keuyang.

Sardiat ngarandeg. Leungeunna muntang kana tihang pupuhunan. Nu ngagarebot mimiti ngabaredega. Mang Mahdi meuntasan kotakan.

“Sia, Mahdi!!! Paingan!! Ngariung jeung baragajul!!! Garong malulu!!! Saengko sia jeung Si Diat!!! Pantesan pakaya aing tara kahakan!! Moal salah!! Ku aing dilaporkeun, siah!! Ngaranjah we pagawean teh!! Dasar jalma salangsara!!!” Kuwu awong-awongan lebah galengan.

“Kuwu!” Mang Mahdi nyorowok ngamangkeun arit.

“Rek naon, sia? Aing nyaho sia ukur tarik gorowok!!! Rek ngabela alo!!! Alus, deuleu!!! Garong ngabela garong!!! Deuleu alo sia euweuh kabelul! Pare kalah diparabkeun ka beurit!!! Usum ayeuna dewek menta lima kintal!!! Teu hayang kurang sasieur!!! Dikirana mayar pajeg murah!!!” Kuwu ngacungkeun peureup mapag Mang Mahdi nu ngarengkog di tengah kotakan. Aritna masih keneh ngacung saluhureun siah. Sardiat tipepereket nyekel tihang pupuhunan, urat-urat leungeunna ranteng. Cicih kapiuhan di juru kotakan landeuh. Nu ngabaredega cul geboteun. Mimiti ngalalengkah. Jeung aritna sewang-sewang. Muru kotakan tengah. Handapeun pisan panonpoe.

“Naha cicing Mahdi?!!! Aing teu tarima pakaya aing dirampog!!! Coba-coba kaniaya ka aing!!! Sia rek ngalawan?!! Sia ukur gede haok! Leutik burih! Diaaaat!!! Mana tanggung jawab silaing?!! Rek digantian ku naon lauk aing?!! Kalapa aing?!!” Kuwu moncorong ka Mang Mahdi nu bangun kasima. Siga arca. Siga bebegig ngacungkeun arit. Satengahing pare hejo tapak beurit.

Sardiat kekerot. Dua leungeunna adu regeng. Pupuhunan karabut. Eusina racleng. Sardiat ngabelesat sapanjang galengan. Pupuhunan meulah angin. Ngahiuk. Ngahanca. Meneran pisan sirah Kuwu.

Mang Mahdi katut nu ngalalengkah. Pirang-pirang arit. Tinggarajleng ngaboro nu ngajurahroh kana kotakan.

Harita, pirang-pirang beurit tingciricit. Rewuan. Kaluar tina saban liang. Tina saban kotakan. Mijah. Tuluy ngabring. Lir aleutan mega mendung. Muru gumplukan sawah blah peuntas.

Pananpoe katutupan mega. Oray-orayan nyangsang lebah pucuk tangkal kalapa.

Rangsak.





2005


Wios lah cutetan batur ge. da kalilaan mun nyutat nyalira mah. punten ah kanu gaduhna!


Toni Lesmana, lahir di Sumedang 25 November 1976, nulis carpon sarta nyajak tisaprak gumulung jeung para aktivis seni Keluarga Galuh Budaya (KGB), Komunitas kembang saga di Tatar Galuh. Kungsi karyana pirajeuneun dimuat dina Galura, Mangle, Cupu Manik sarta Pikiran Rakyat. Oge dina antologi carpon mini Ti Pulpen Nepika Pajaratan.

E-mail : lesmana0072000@yahoo.com

Matuh di Jln Raya Ciherang RT01/03 Desa Ciherang Kecamatan Sumedang Selatan- Sumedang.



Dimuat di Majalah Cupumanik, taun 2006

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...